You are on page 1of 3

NASKAH SUNDA 6 URANG PIKASEURIEUN

ECEU-ECEU REMPONG 
KARYA:HSH 1

Di hiji kampong, aya tilu euceu-euceu anu kacida rempong namina nyaeta, Ceu Mamar, Ceu Siti jeung
Ceu Eni. Hiji mangsa, imahna Ceu Mamar teh kamalingan, tuluy waktu di warung Mang Rohman manehna
riweuh mere nyaho ka eceu-euceu nu lain.
Ceu Mamar         : “Hey.. eceu-eceu… geuwat…geuwat kadie   aya maling.. peuting di imah abdi aya
maling.”
(riweuh mere nyaho bari ngabenerkan tiung na..)
Ceu Siti                 : “Naon? Galing ? Buuk euceu galing lain?”
Ceu Mamar         : “Naha ai ceu siti,Maling ceu… maling…lain galing...!!”
Ceu Siti                : “Hah? Beling? Kade atuh bisi katincak”
(bari seuri)
Ceu Mamar         : “Ah… teuing ah... Kumaha anjeun!!!!!”
Mang Rohman    : “Aya naon? Dadanguan the aya ucing ? kunaon ucing na?? Katabrak lain?”
(Pipilueun Ceu Mamar jeung Ceu Siti)
Ceu Mamar         : “Euhhh…Ie deuih nu hiji….aya maling mang Rohman… lain ucing…”
Ceu Siti                : “Hah? Maling? Mana maling na,mana?”
Ceu Mamar         : “Alhamdulilah,Eucreug oge geningan”
Mang Rohman    : “ih… ai ceu mamar, ongkoh tadi teh aya ucing cenah,naha ayeuna beut kana
Paramek? Sugan ucing na rietnya?? (Bari ngahuleng)”
Ceu Mamar         : “Astagfirullahaladzim (nepak tarang) ah… kie pokonamah… dangukeun ka cepil,tadi
peuting  teh aya maling ka imah abdi…”
Ceu Siti                : “Wah… nu bener ceu Mamar??”
Ceu Mamar         : “Aslina ceu Siti”
(Sambari noelan cepil)
Mang Usman       : “Naon Eceu-eceu meni rariweuh kieu. Ngobrolkeun naon atuh…”(Nyamperkeun anu
keur ngawangkong di warung na mang rohman)
Ceu Mamar         : “kieu mang Usman, Peuting tadi aya maling ka imah abdi. Aneh na teh, lain  maling TV
jeung kulkas, manehna kalahkah maling barang-barang anu menang meuli di warung mang Rohman.”
Mang Usman       : “Wah nahanya?? Aneh maling the”
Ceu Siti                : “Heeh nya aneh… maling na belet sugan?”
Mang Rohman    : “Sugan eta maling hayang balanja kadieu,ngan teu bogaeun duit.”
Ceu Mamar         : “heeuh sugan maling na boke..”
(bari seri)
  Teu lila datang ceu Eni nyamperkeun bari ngabeunerkeun samping na
Ceu Eni                : “Ibu-ibu… euceu-euceu,, aya naon iyeu teh??    Menii,,   
 rariweh asa nateh..”
Mang Rohman    : “Aya maling ceu.. maling…”
Ceu Eni                : “Kela,kela,, dimana aya malingna, naon anu dipaok
na,iraha aya maling na,ka imah saha,jam sabaraha?....”
(nereleng)
Ceu Mamar         : “Ke heula atuuh ceu.. nanya na lalaunan… teu ka hartos..!”
Ceu Eni                : “Hehe..(nyengeh) kieu atuh… malingna ka imah saha?
Sok mangga jelaskeun sing jentre.”
Ceu Mamar         : “Pan kieu, poe ka mari abdi teh meser sandal ti warung mang Rohman, isuk na kari teh
langsung di pake ka pangaosan. Naha ari isuk tadi, di tinggali the geus euweuh deui coba. Pantesan, peuting tadi
the asal aya nu keketrok tak tek tok di hareup imah puguh ge di paok suganan.”
Ceu Siti                : “Ahh..kieu weh ayeuna mah.hayu urang laporkeun ka pak RT.”
Sadayana           : “Hayuu…!”
       Ceu Siti,Ceu Mamar,Ceu Eni tuluy indit ka imah pa RT. Geus di imah pa RT, maraneh na
ngalaporkeun kumaha caritana.
Pak RT                  : “Eleuh-eleuh…karunya teuing atuh.”
Ceu Siti                : “Bener pak RT… watir deh ahh!”
Ceu Mamar         : “Dih… Ceu Siti mah watir watir teuingngan… pak RT,pa RT… kumaha atuh nya
sangkan urang bisa newak eta maling.”
Pa RT                    : “Hmm…tah ayeuna mah urang teangan solusi na.”
Mang Usman       : “Naon? Tarasi? Tarasi mah ngeunah na ge di jieun sambel… sena lada wehh…
MANTEP!!!”
                             (bari kutap ketap)
Ceu Eni                : “Euhh… kumaha iyeu teh mang usman mah.. batur ngomong Solusi, jadi kana Tarasi..
Cape dech..!!!”
          Maranehna tuluy mikir neangan solusi. Teu kungsi lila..
Ceu Siti                 : “Aha..!!!” (bari ngacung)
Ceu Mamar         : “Naon-naon,, Kumaha???”            
Ceu Siti                 : “Ah teuing…”
Ceu Eni                 : “Euhh… sugan teh boga solusina..”
Pa RT                    : “Emm…(bulak-balik payuneun euceu rempong) kieu  we atuh, kumaha lamun urang
masang perangkap..”
Ceu Siti                          : “Maksad na??”
Pa RT                    : “Pan kieu, ke peuting, ceu Mamar nyiapkeun barang
anu alus. Tah, ke teh pan bakal datang si maling teh, urang tewak weh malingna babarengan.”
Ceu Eni                : “Tah… bener.. berarti, ke peuting, arurang kumpul di
imahna ceu Mamar.”
Ceu Siti                 : “Hayu lah, asal…. Ayakeun kueh we, susu dancow anu
rasa coklat  weh.. mantep..(kutap-ketap)”
Ceu Mamar         : “Hegaelah… siap ari kueh mah.. apanan Orang Kaya.. (nyengeh) tempo atuh orang
kaya mah kacamata na oge di luhur. Pan meh jiga bule anu di panta-I geningan.. hehehe”
Pa RT                    : “Eh, tapi.. punteun nya euceu-euceu.. abdi mah moal tiasa ngabantosan newak
malingna. Kumargi.. abdi bade aya rapat ti kantor desa. Tah, upami malingna tos beunang, candak bae langsung
kadieu”
Mang Usman jeung eceu eceu rempong    : “Siaaappp..!!!”
          Euceu-euceu rempong sareng mang usman teh tuluy baralik ka imah na sewang-sewangan. Ceu
Mamar oge buru-buru nyiapkeun barang jang mancing si maling tea.
          Wanci Peuting, Euceu-euceu rempong tos siap angkat ka imahna Ceu Mamar. Ti jam 8 peuting,
maranehna tos kumpul bari ngarumpi. Tos 4 jam maranehna nungguan Maling. Euceu-euceu rempong geus
baroseneun. Pangpangna mang usman anu pangpayuna nundutan mah.
Ceu Eni                : “Aduhh… hayang ka cai euy… ceu Siti, anter yu..
                             (bari tunduh keneh)”
Ceu Siti                          : “Euh.. iyeu nu nundutan, wayah kiwari hayang ka
cai. Hayu atuh geuwat..”
          Tuluy Ceu Eni jeung Ceu Siti indit ka pancuran anu aya di gigir imahna Ceu Mamar. Pas Di luar,
Ceu Siti ninggali aya jelema keur kakaratak di tukang imah na Ceu Mamar.
Ceu Siti                : “Boa-boa eta malingna..”(bari ngahuleng)
Ceu Siti                : “Ceu, Ceu.. tinggali, itu saha nya di tukang…”
                             (ngaharewos)
 Ceu Eni               : “Mana tukang ngagali?? Teu aya oge”
Ceu Siti                          : “Euh… lain tukang ngagali.. tinggali tuh aya JELEMA.
Hayu ah urang geroan Ceu Mamar jeung Mang Usman na.” (bari lumpat ka jero imah)
          Ceu Siti jeung ceu Eni heunteu jadi ka cai na. Maranehna tuluy ngagoroan ceu Mamar  lalaunan.
Ceu Siti                          : “Hey… Ceu, tuh aya jelema di tukang imah. Tinggali ‘                           buru..”
Ceu Mamar         : “Uwah… mana? Bateuing maling tea…”
Ceu Eni                : “Hayu atuh! Urang tewak, tapi lalaunan”
          Euceu-euceu rempong tuluy nyamperkeun jelema anu aya di tukang imah lalaunan. Ari pekteh
bener, jelema eta teh keur kurah-koreh jeung luak-lieuk neangan barang jang di paok.
Mang Rohman    : “Euh… mananya cakcak teh. Sugan we aya anu gede ti anu kamari. (bari luak-lieuk)
Tuh gening, cak-cak teh.. sugan we beunang.. panan jang si Jalu.. (ngalieuk kana deket anduk nu ngagantung) “
          Wanci si Maling rek mawa anduk nu ngagantung, Euceu-euceu riweuh datang tuluy newak maling
eta.
Ceu Mamar         : “Hayoh Maling.. rek mawa naon di dieu..”
                                
Mang Rohman    : “Euh.. heunteu.. da abdi mah keur neangan cakcak     
    tuh na para.”
Ceu Eni                : “Naha atuh… neangan cakcak wayah kiwari.. naha
    heunteu tatadi ba’da isa..”
Mang Rohman    : “Hehe.. (nyengeh) apaaaannaaann………”
Ceu Siti                 : “Ah… apanan-apanan teuingan…geuwat, urang
                                 bawa ka Pa RT..”
Mang Rohman    : “Eh… abdi mah lain maling euceu… abdi mah..”
Mang Usman       : “Tukang Puak-Paok..”
(motong omongan mang rohman)
          Euceu-euceu rempong tuluy mawa eta maling ka Imah na Pa RT.
Ceu Siti                : “Assalamu’alaikum… punten…”
Ceu Eni                 : “Assalamu’alaikum.. pa… pa RT.. iyeu malingna tos
                                  beunang paa..”
Pa RT                    : “Wa’alaikum Salam… euleuh… maling tea iyeu teh..
coba buka kuplukna.. saha eta maling teh coba…”
          Wanci kupluk na di buka, maling teh padahal mah Mang Rohman. Isukna Mang Rohman teh ditilik
jeung dibere sababaraha patanyaan, hasilna teu aya pisan bukti anu nunjukkeun yen mang Rohman teh anu
geus maok barang-barang na Ceu Mamar.
          Teu kahaja Ceu Siti ninggali sandal anu di pake ku mang usman.
Ceu Siti                          : “Siga sandal Ceu Mamar etateh nya” (bari ngahuleng)
“keheula-keheula… ari sandal itu teh siga
                                sendalna ceu Mamar nya…”
Mang usman       : “Ehh… lain euy.. iyeu mah pan meunang meuli ti Mang
                                  Rohman kamari”
Mang Rohman    : “Ah.. da Mang usman mah tara meuli.. sok tara jadi oge..”

Ceu Mamar          : “mana…”(bari ngalieuk kana sandal nu dipake mang usman)


Ceu mamar         :” ehh… heeuh nya asa sarua..”
Pa RT                    : “bener sarua? Nomerna sabaraha? Cirina aya   
                                  naonan?”
Ceu Mamar          : “nomer 8 ½. Dihandapna aya hurup M meunang
                                   nyirian ku peso.”
Ceu Eni                : “Mana coba buka mang usman..”
Mang Usman       : “Ihh… da lain iyeu mah nu abdi..”
Mang Rohman    : “Ah, alesan.. geuwat buka..”
          Tuluy sandal anu dipake mang usman  dibuka jeung di tinggali ku Ceu Mamar.
Ceu Mamar         : “ihh.. bener sarua, nomer 8 ½ dihandapna aya hurup
              M, tuh.. tinggali”  (bari ninggalikeun sandal na)
Ceu Eni                : “Euleuh-euleuh.. Teu nyangka mang usman teh kitu..”
Ceu Siti                : “Emh..emh.. emh.. meni jahat pisan didinya teh..!!”
Mang Usman       : “Atu daa… atuudaa” (bari a-a eu-eu)
Mang Rohman    : “tuh… nya abdi mah lain tukang maok… euhh.
    Gampang nuduh da eta teh..”
Ceu Mamar         : “Hehe (seri) hampura atuh mang.. da amang Rohman                       mah wajah jeung
kelakuanna mencurigakan… hehehe”
(nyengeh)
Pa RT                    : “Tah.. ayeunamah pan tos kabuktikeun yeun maling teh mang usman sanes Mang
Rohman. Ayeuna Euceu-euceu anu tadi salah nuduh sok mangga nyuhunkeun hampura ka mang rohman.
Ayeuna mang Usman bade diproses leuwih lanjut.”
Ceu Siti                : “nya sae upami kitu mah. Hatur nuhun Pa Rt..”
Pa RT                    : “Nya, sami-sami. Kasadayana, abdi tipayun nya.. “
(bari indit ka imah na tuluy nganterkeun mang usman ka Kantor Polisi)
Ceu Eni                :”Euh.. Mang Rohman, abdi nyuhunkeun dihapunteun
nya..”
Mang Rohman    : “Nya, tong sakali-kali deui nya…”
Ceu Siti                : “Heeuh Mang, abdi oge.. nyuhunkeun dihapunten… ngan tong di anggap heureuy we
nu tadi mah…” *ehhh…
Mang Rohman    : “Nya, sing sering deui we nya…” (bari seuri)
          Akhirna mah Ceu Mamar, Ceu Siti, Ceu Eni   sareng Mang Rohman silih hampura, tuluy balik ka
imah na sewang-sewangan.

--------TAMAT-------

You might also like