You are on page 1of 5

AJÉN JEUNG MANGPAAT NULIS

Ai Sri Winarti, Alifia Syahrani, Fajar Garsela, Innasa Juliwandina, Isma Ahadiah,
Jalalludin Noer Muktie, Lia Susanti, M Halim A, M Miqdad Jihad, M Rafli Fauji,
Mulyadi Ariansyah, Nenden Aisyah, Renita Herdiani, Resti Nurhalidza, Risma
Munawar, Santi Sukmawati, Shabrina Salsabila, Sintia, Siti Sefira Restian Widhi, Vivi
Melinda, Wulan Purnamasari, Zulfahmi Romadona
Departemen Pendidikan Bahasa Sunda, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra,
Universitas Pendidikan Indonesia
mulyadiariansyah@upi.edu

BUBUKA
Dina kahirupan jaman kiwari anu modérn, jéntré pisan yén kaparigelan dina nulis téh
dibutuhkeun pisan. Moal kasebut kaleuleuwih nalika urang nyebutkeun yén kaparigelan nulis
mangrupa ciri jalma atawa bangsa anu boga pangajaran. Patalina jeung hal ieu, aya salah
sahiji jalma nu salaku panulis nyebutkeun yén “nulis dipaké, ngalaporkeun/méré nyaho,
jeung mangaruhan; maksud sarta tujuan kayaning kitu ngan saukur bisa dicumponan kalawan
hadé ku jalma-jalma anu bisa nyusun pamikiranna jeung nétélakeunna kalawan jéntré, jéntré
ieu dumasar kana pamikiran, organisasi, pamakéan kecap-kecap, jeung struktur
kalimah.”(Morsey, 1976. Kc.122).
Salian ti éta, nulis nyaéta nurunkeun atawa ngalukis lambang-lambang grafik anu
ngagambarkeun salah sahiji basa anu dipahaman ku salah sahiji jalma, tuluy jalma-jalma lian
bisa maca lambang-lambang grafik éta lamun paham kana basa jeung gambaran tina grafik
éta. Gambar atawa lukisan bisa ogé nepikeun ma’na - ma’na, tapi moal ngagambarkeun
kamanunggalan basa. Nulis mangrupa salah sahiji répréséntasi bagian tina kamanunggalan
éksprési basa. Hal ieu mangrupa bédana anu utama antara lukisan jeung tulisan, antara
ngalukis jeung nulis. Jalma nu ngalukis bisa ogé ngalukis kecap-kecap Cina, tapi moal bisa
disebut nulis lamun teu apal kumaha carana nulis basa Cina, nyaéta lamun henteu paham
kana basa Cina sarta kecap-kecapna. Ku kritéria anu kitu, bisa disebut yén copy paste kecap-
kecap atawa nyusun pamikiran salah sahiji naskah dina kecap-kecap anu tangtu keur dicetak,
lain nulis lamun jalma-jalma éta henteu paham kana basa éta sarta répréséntasina (Lado,
1979. Kc.143).
Ngeunaan tulisan anu hadé, Alton C. Moris saparakanca nétélakeun yén “tulisan anu
hadé mangrupa komunikasi pamikiran jeung rasa anu éféktif. Sakabéh komunikasi tinulis
nyaéta éféktif atawa kapaké, (1) lamun panulis apal naon anu kudu diomongkeun, nyaéta
lamun manéhna apal kalawan bener pokok omonganna, (2) lamun panulis apal kumaha
carana méré struktur kana pamadegan-pamadeganna, sarta (3) lamun panulis apal kumaha
carana ngaéksprésikeun dirina kalawan hadé, nyaéta mun boga kawasa kana gaya anu
saluyu.” (Morris [et al], 1964. Kc.706).

METODE
Luyu Jeung tujuan nu rék di hontal, metode nu digunakeun dina ieu panalungtikan téh
nyaéta Metode Déskriptif. Metode Déskriptif nyaéta kagiatan nu ngumpulkeun, ngolah,
nganalisis, Jeung nyadiakeun data nu dilakukeun sacara sistematis ogé obyéktif pikeun
ngarapihkeun pasualan atawa keur nguji hipotésis pikeun ngembangkeun prinsip-prinsip
umum (KBBI).
Tujuan diayakeuna ieu panalungktikan ngeunaan ajén-ajén jeung mangpaat nulis téh
pikeun meunangkeun informasi nu aya di lapangan. Tahap ieu dilakukan pikeun nyaho ajén
inajén dina nulis jeung mangpaat nulis. Hasilna bakal dijadikeun sumber data dina
panalungktikan anu obyékna tina média informasi online.

HASIL PEDARAN
A. Ajén-inajén dina Nulis
Kagiatan nulis jeung hasil anu diala tina kagiatan nulis téh sacara sadar atawa henteu ku
panulis miboga rupa-rupa ajén. Ajén-inajèn dina nulis bisa nyugemakeun sagala rupa
kabutuhan hiji jalma. Dumasar kana panitén umum tur digabungkeun jeung opini sajumlah
ahli dina widang nulis, contona opini The Liang Gie (1992), kagiatan nulis atawa nyusun
ngahasilkeun sahenteuna genep ajén. Genep ajén éta téh nyaéta Ajén Kacerdasan, Ajén
Atikan, Ajén Kajiwaan, Ajén Kamasarakatan, Ajèn Kauntungan, jeung Ajén Filsafat.
1. Ajén Kacerdasan
Ku remen nulis, sarta matalikeun ide-ide nu hiji jeung nu séjénna, ngararancang
uraian nu sistematis tur logis, sarta nimbang-nimbang kecap nu luyu, unggal jalma
pasti bisa ngajembaran daya pikirna, kamampuh imajinasina nepi ka tingkat
kecerdasanana.
2. Ajén Atikan
Panulis munggaran nu terus nulis anapon naskahna can hasil diterbitkeun atawa
tulisana geus sababaraha kali ditampik, hal éta téh bisa ngalatih dirina jadi panulis nu
sabar, daria tur soson-soson nepi ka pamustunganana mah bisa ngahontal cita-cita jadi
panulis nu hadé. Sabada jadi panulis nu hadé, éta jalma bakal terus ngahasilkeun
karya tulis, Hartina manéhna bisa ngajaga konsistensi mikir dina digawéna sarta boga
usaha sangkan terus maju. Éta kabéh téh mangrupa ajén atikan nu moal kaalaman di
sakola.
3. Ajén Kajiwaan
Karya panulis anu bisa dimuat dina hiji majalah nu kasohor atawa diterbitkeun
minangka buku ku hiji penerbit alus bisa ngalahirkeun kasugemaan batin, rasa
gumbira, nepi ka ngaronjatkeun kapercayaan diri nu nulisna. Hal éta téh bisa jadi
pangrojong ka panulis sangkan bisa terus ngalahirkeun karya-karya nu hadé.
4. Ajén Kamasarakatan
Panulis nu geus kasohor ku karya-karya tulisna, biasana sok meunangkeun pangajén ti
masarakat, paling henteu ngaran éta penulis téh kasohor salaku pamedal, pangusaha
toko buku jeung réa deui. Kadang, éta panulis gé meunang pangajén ti jalma-jalma nu
geus maca tulisanana.
5. Ajén Kauntungan
Tangtu waé usaha hiji panulis nu berhasil téh baris narima imbalan duit ti pihak nu
medalkeun karyana. Mingkin maju hiji nagara, mingkin cerah ogé kahirupan para
panulisna, ku sabab leuwih réa deui jalma nu hayang maca tur mampuh meuli éta
bacaan.
6. Ajén filsafat
Salah sahiji gagasan gedé nu dipikirkeun ku para ahli ti baheula nyaéta kaabadian.
Jasad jalma-jalma nu wijaksana teu pernah abadi, tapi ide atawa gagasan maranéhna
bisa abadi ku sabab diabadikeun ngaliwatan karangan atawa karya nu ditulis. Contona
nepi ka poé ieu, manusa modérn bisa mikanyaho kawijaksanaan Plato ngaliwatan
naskah pagunemanana, atawa urang mikanyahao ajaran Aristoteles ngaliwatan buku-
bukuna. Dunya Timur sadar kana éta ajén nepi ka aya paribasa anu uninga “sakabéh
nu aya di alam dunya bakal leungit iwal pernyataan tulis”.

B. Mangpaat Nulis
Widodo & Chasanah (1993) ngébréhkeun yén masalah anu rumit bisa dibéréskeun sacara
jelas jeung sistematis ngaliwatan tulisan. Tulisan ogé leuwih gampang digandakeun
ngaliwatan bantuan téhnologi produksi. Karya-karya tulis miboga daya bukti nu leuwih kuat.
Iwal ti éta, tulisan ogé miboga sipat permanén, sabab bisa disimpen jeung leuwih gampang
ditaliti, ku sabab bisa dititénan sacara lalaunan jeung bisa diulang-ulang.
Nulis ogé miboga ajén mangpaat, bisa sacara matéril bisa ogé sacara non matéril. Bisa
menangkeun kapuasan dina prosés nulis kréatif, ogé bisa dipikawanoh ku jalma réa jeung
menangkeun matéri anu kacida lobana ngaliwatan tulisan éta. Ieu mangrupa salah sahiji bukti
konkrét mangpaat nulis.

Mangpaat-mangpaat nulis loba diébréhkeun ku para ahli. Didieu aya sababaraha


mangpaat nulis numutkeun pamadegan para ahli, nyaéta:
1. Percy (dina Nuruddin, 2011:20—27) ngébréhkeun sababaraha mangpaat nulis, nyaéta
(a) sarana pikeun ngungkapkeun diri; (b) sarana pikeun méré pamahaman; (c) bisa
ngabantuan ngembangkeun kapuasan diri; (d) ningkatkeun kasadaran kana
lingkungan; (e) ngembangkeun hiji pamahaman ngeunaan hiji hal jeung kamampuh
makéna basa.
2. Komaidi (2011, 9—10) méré genep mangpaat nulis. Kagenep mangpaat éta téh,
nyaéta (1) nimbulkeun rasa mikawanoh jeung ngalatih kapekaan dina réalitas
kahirupan; (2) ngarojong pikeun néangan référénsi lian, misalna buku, majalah, koran,
jurnal, jsté; (3) ngalatih pikeun bisa nyusun hiji pamadegan sacara runtut, sistematis,
jeung logis; (4) bisa ngurangan tingkat stréss; (5) menangkeun kapuasan batin nu
leuwih lamun tulisana aya mangpaat pikeun jalma lian ngaliwatan média masa; jeung
(6) meunangkeun popularitas di kalangan publik atawa jalma réa.
3. Hernowo (2003:54) ngébréhkeun yén aya sababaraha mangpaat dina nulis, nyaéta
bisa ngabersihkeun pikiran, bisa ngaberéskeun trauma, bisa ngabantuan menangkeun
jeung inget kana hiji informasi anyar, bisa ngaberéskeun hiji pasualan atawa masalah,
jeung bisa dipaké pikeun munculkeun hiji pamikiran sacara sistematis jeung runtut
dina waktu nu sipatna urgénsi.
4. Nuruddin (2011, 27—33) ngébréhkeun yén aya tujuh ajén mangpaat (nu dianggap
salaku sinonim mangpaat) nu aya dina nulis, nyaéta: (1) ajén kacérdasan; (2) ajén
pangajaran; (3) ajén kajiwaan; (4) ajén kamasarakatan; (5) ajén ékonomi atawa
kadunyaan; (6) ajén kafilsafatan; jeung (7) ajén popularitas). Tuluy, Nuruddin
(2011:11) ogé ngébréhkeun yén nulis bisa ningkatkeun rasa hiji jalma jeung kasihatan
jadi leuwih hadé. Numutkeun pamadegan Dr. Pennebaker yén nulis anu aya pakaitna
antara pikiran jeung rasa nu jero, contona téh rasa trauma anu dialaman bisa
ngahasilkeun kaayaan haté nu leuwih hadé, pamikiran nu positif, jeung kasihatan anu
leuwih hadé ogé.

KACINDEKAN
Kaparigelan nulis mangrupa ciri jalma atawa bangsa anu boga pangajaran, sabab dina
tulisan tangtu bisa meunangkeun informasi atawa ma’na nu aya dina tulisan. Kiwari di jaman
modérn kaparigelan nulis bakal dibutuhkeun pisan sabab loba patalina jeung média digital
atawa média sosial. Ku kituna, urang salaku mahasiswa kudu miboga kahayang jeung usaha
sangkan daya pikir kréatif urang bisa nimbul kana hal nu méré kamaslahatan. Salah sahijina
ku cara nulis, sabab tina kagiatan nulis urang bakal meunangkeun rupa-rupa ajén jeung
mangpaatna nu bakal nyugemakeun sagala rupa kabutuhan boh sacara matéri atawa non
matéri.

DAFTAR PUSTAKA
Tarigan, Henry Guntur. (2018). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.
Bandung : Percetakan Angkasa.
Widyartono, D. (2012). Konsep Menulis. Malang: Prodi Diksasindo FIB UB
http://didin.lecture.ub.ac.id/tag/menulis
Gie, The Liang. (2002). Terampil Mengarang. Yogyakarta: Balai Pustaka

You might also like