You are on page 1of 6

SAWATARA MASALAH JEUNG SOLUSI DINA NULIS ARTIKEL

Aji Subagja, Alfardh Fiqhi, Amimah Zata Ismah, Annisa Salsabila, Arrofiah Ristiani,
Bagas Fajriawan, Chatur Prasetyo Aji, Cinta Faoziah Amin, Fiqry Mochammad Fadillah,
Gunara Fahrizal, Hasna Fauziah, Hazna Putri, Ilyasa Ahmad Maskawaih, Muhammad
Danil Rizaldi, Rendy Tresna Kusmana, Salma Ayuningsih, Sifa Faridatul Sholihah, Tintin
Mulyani, Tuti Ramdiani, Wafiq Nuraini Cumana, Yoga Indra Juniara
Departemen Pendidikan Bahasa Sunda, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra,
Universitas Pendidikan Indonesia
aji.subagja012@upi.edu

Bubuka
Basa miboga opat kaparigelan dasar nu salah sahijina nyaéta kaparigelan nulis. Kagiatan
nulis mangrupa hiji kagiatan nu kudu na dibudayakeun dina kahirupan masarakat, minangka
salah sahiji upaya pikeun mekarkeun jeung ngaémbarkeun idé jeung gagasan dina raraga
ngaronjatkeun kualitas bangsa jeung nagara. Sababaraha pamadegan ngébréhkeun yén
kacerdasan salah sahiji bangsa bisa disawang dina jumlah karya tulis nu wedal tiap taunna. Tapi,
jumlah karya tulis nu wedal di Indonesia téh jumlahna masih kénéh dihandap rata-rata lamun
dibandingkeun jeung nagara-nagara tatangga nu séjén.
Lingkungan akademis minangka bagian tina masarakat, kuduna mangrupa wewengkon nu
paling loba ngalahirkeun karya tulis, salah sahijina artikel. Artikel éta téh dipiharep bisa méré
mangpaat jeung kontribusi nu gede pikeun masarakat sabab bisa jadi sumber pamekaran élmu
pangaweruh di sagala widang. Artikel ogé bisa méré mangpaat langsung pikeun panulisna henteu
waé dina jihat finansial tapi leuwih ka ngasah kacerdasan mikir jeung nambahan wawasan élmu
pangaweruh panulis, sabab artikel téh eusina ngeunaan informasi, ide kréatif, jeung élmu
pangaweruh anyar pikeun masarakat.

Dina hal ieu, mahasiswa minangka bagian tina lingkungan akademis téh dipiharep pikeun
ngalakukeun kagiatan nulis sacara rutin. Tapi, dina kanyataana mah kagiatan nulis di Indonesia
téh can bisa ngabudaya. Hal ieu bisa disawang tina kagiatan mahasiswa nu leuwih resep nyarita
tibatan nulis. Salian ti éta ogé aya sababaraha faktor nu mangaruhan kagiatan nulis, diantarana
kurangna antusias mahasiswa dina miluan lomba nu aya hubunganana jeung nulis, kurangna
jumlah karya tulis, kurangna ngamangpaatkeun pabukon, mahasiswa leuwih resep diskusi jeung

1
orasi, jeung tulisan mahasiswa dirasa kurang produktif sarta ngan saukur tempelan tiori nu
kadang teu luyu jeung topik nu dibahas.

Ku kituna, aya na sababaraha pasualan nu disanghareupan ku mahasiswa téh teu meakeun


panasaran upamana karya tulis nu dihasilkeun mahasiswa di Indonesia jauh leuwih saeutik
tibatan mahasiswa nagara-nagara séjén. Ku sabab kitu, pikeun néang solusi dina salah sahiji
pasualan téh kudu leuwih tiheula mikanyaho jeung ngarti kana akar pasualanana nu keur di
sanghareupan.

Dumasar kana kasang tukang jeung rumusan masalah diluhur, panulis bakal ngabahas
pasualan nu baris dipedar dina tulisan ieu nyaéta naon waé masalah dina nulis artikel sarta solusi
pikeun nungkulan sawatara masalah dina nulis artikel.

Métodologi Panalungtikan

Métodologi panalungtikan mangrupa prosés ilmiah atawa cara meunangkeun data anu
bakal dipaké pikeun tujuan panalungtikan. Métodologi ogé mangrupa analisis tioritis pikeun hiji
metode. Metodologi Panalungtikan ogé mangrupa panalungtikan anu sistematis pikeun
nambahan sababaraha pangaweruh, éta ogé mangrupa usaha anu sistematis sarta teratur pikeun
nalungtik masalah-masalah anu ngabutuhkeun jawaban.

Pikeun ngahontal tujuan dina ieu panalungtikan, panyusun nangtukeun métode sarta
sasaran panalungtikan dina ieu kagiatan. Panyusun ngagunakeun métode déskriptif pikeun
meunangkeun jawaban tina pamadegan atawa pérsépsi tina hiji jalma nu éta pamadegana kudu
dinyatakeun kalawan kualitatif (Sulistyo, 2010 kc.110) nu dilakukeun kucara ngumpulkeun,
klasifikasi, jeung nganalisis atawa ngolah data sarta nyieun kasimpulan ngeunaan hiji hal
(Margareta,S 2013). Sumber data tina ieu panalungtikan nyaéta Mahasiswa Departemen
Pendidikan Bahasa Sunda entragan 2020.

Téhnik pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik ulikan pustaka
jeung kuisionér. Téhnik ulikan pustaka nyaéta data anu dikumpulkeun tina sumber tinulis jiga
koran, majalah, atawa buku (Sudaryat, 2014 kc. 57) . Kuisionér nyaéta téhnik pikeun
ngumpulkeun data ku cara méré patalékan tinulis ka réspondén sangkan dijawab (Sugiyono,
2013 kc. 199). Daftar patalékan anu disajikeun ku panalungtik bentukna ésai sangkan

2
narasumber bisa nulis pamadegan kalawan bébas sarta luyu jeung fakta ngeunaan masalah dina
nulis artikel.

Hasil Pedaran
Masalah dina Nulis Artikel
Tina hasil panalungtikan, aya sababaraha hiji mahasiswa anu ngébréhkeun masalahna
dina ngahasilkeun hiji artikel. Masalah-masalahna nyaéta:
a. Horéam
Salah sahiji masalah nu sering pisan dialaman ku mahasiswa dina nulis artikel nyaéta
horéam pikeun nulisna. Hal éta kagambar dina salah sahiji jawaban nu dieusian dina angket,
nyaéta:
“Numutkeun sim kuring mah faktor nu ngaganggu teh dina diri sorangan nyaeta faktor
horéam.” (BF-1C)

Numutkeun salah sahiji réspondén, rasa horéam pikeun nulis téh kusabab kurangna ide
sarta gagasan nu rék manéhna pedar dina artikel. Kurangna ide téh disebabkeun mahasiswa
kurang maca, boh kurang maca sumber atawa maca référénsi anu saluyu jeung artikel nu rék
ditulis.

“Rasa horéam, biasana ku sabab bingung rek ngabahas naon waé dinu eta artikel téh” (DR-
1C)

b. Kurang Paham dina Sistematika Panulisan Artikel

Masalah anu séjénna nyaéta kurang pahamna mahasiswa dina sistematika nulis artikel.
Éta bisa katingali tina jawaban-jawaban réspondén dina angket, salah sahijina nyaéta:

“Kuring kurang paham kana materi anu bakal di tuliskeun, oge kurang paham kana
bagbagan artikel. Komo mun artikel ilmiah mah” (RM, 1C)

“Bingung, kumaha cara ngadamel artikel anu sesuai sareng struktur, kusabab abdi teu
ngagaduhan materi pikeun ngadamel anu sae kumaha” (LS-1B)

c. Hese dina Ngamekarkeun Gagasan

3
Masalah anu séjénna nyaéta mahasiswa hésé dina ngamekarkeun ide atawa gagasan
anu dipiboga. Loba jalma anu bisa meunangkeun gagasan anu hadé, ngan can bisa
ngamekarkeun éta gagasan sangkan bisa ditulis dina artikel. Aya sababaraha hiji jawaban
réspondén anu patalina jeung éta masalah, nyaéta contona:

“Nalika mekarkeun gagasan aya mangsana sok mandeg. Baluweng naon deui nu kudu
dituliskeun” (RIF 1C)

d. Kurang Percaya Diri

Sifat jeung karakter unggal mahasiswa pastina béda-béda, ngan umumna mahasiswa
miboga rasa hariwang atawa kasieun mun manéhna salah. Antukna maranéhna ngarasa kurang
percaya diri pikeun ngalakonan hiji hal. Aya sababaraha hiji jawaban réspondén anu patalina
jeung masalah ieu, nyaéta contona:

“Kirang na percaya diri dina nulis, bisi aya kalepatan sareng referensi anu kirang lengkep
anu jadi masalah simkuring” (RTK-1C)

e. Nangtukeun Kecap anu Merenah

Kurangna minat maca Mahasiswa ogé ngabalukarkeun kurang legana ogé pangaweruh
kosa kecapna, nu antukna dina nulis artikel maranéhna baluweng pikeun nangtukeun kosa
kecap anu merenah dina nulis artikel. Éta kagambar tina jawaban réspondén, nyaéta:

“Sesah milarian kecap anu merenah tur cocok kanggo dinu artikelna, kusabab kanggo
simkuring mah nulis artikel ilmiah téh nembéan kaalaman janten teu acan aya pangalaman
dina nulis artikel ilmiah, kukituna kadang sok bingung kénéh kedah kumaha strukturna,
tulisanna oge” (IA-1B)

Solusi pikeun Nungkulan Masalah Nulis Artikel


Aya sababaraha hiji solusi pikeun mahasiswa nungkulan masalah-masalah dina nulis
artikel, nyaéta:

a. Motivasi pikeun Diri Pribadi

Mun hiji jalma boga kahayang pikeun ngalakonan hiji hal, mangka sagala masalah bisa
ditungkulan kalawan gampang. Dina kanyataana, jalma anu miboga motivasi anu luhur bakal

4
leuwih sumanget pikeun ngalakonan hiji hal sarta moal kahalangan ku rasa horéamna
( Rahmiati, 2014) . Kitu ogé dina nulis artikel, urang kudu ngamotivasi diri pribadi sangkan
sumanget dina nulis artikel, tong éléh ku hoream.

b. Remenkeun Maca

Solusi pikeun nungkulan masalah hésé meunangkeun ide, hese ngalarapkeun kosa
kecap anu merenah, jeung sajabana nyaéta remenkeun maca. Conto anu umumna mah maca
référénsi anu saluyu jeung artikel anu rék ditulis. Bisa ogé ngamangfaatkeun média sosial
pikeun nambahan pangaweruh urang dina kosa kecap jeung sajabana.

c. Tatanya ka anu Bisa

Solusi anu séjénna nyaéta lobakeun tatanya ka anu ngarti, boh ngarti kana sistematika
nulis artikel atawa anu ngarti cara ngalarapkeun kosa kecap anu luyu sarta merenah dina
artikel. Intina “tong bodo katotoloyo, tapi kudu bodo aléwoh”. Éta solusi ogé kabukti ku
sababaraha hiji réspondén anu ngajawab patalékan dina angket, nyaéta:

“Sanajan sesah, kuring tuluy milarian sumber sangkan tiasa ngarengsekeun ieu artikel, kitu
oge seueur tataros ka rerencangan anu leuwih tiasa tibatan kuring” (SS-1B)

Daftar Pustaka
Basuki, Sulistyo. 2010. Metode Penelitian. Jakarta: Penaku
Margareta, Shinta. 2013. Hubungan Pelaksanaan Sistem Kearsipan dengan Efektivitas
Pengambilan Keputusan Pimpinan: Study deskriptif analisis kuantitatif di Sub Bagian
Kepegawaian dan Umum Lingkungan Kantor Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat. Skripsi. Universitas Pendidikan Indonesia.

Rahmiati. 2014. Analisis Kendala Internal Mahasiswa dalam Menulis Karya Ilmiah Volume 3
(254-268). Makassar: Aldaulah

Sugiyono. 2013. Metodelogi Penelitian Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: ALFABETA

Sudaryat, Yayat. 2014. Elmuning Basa. Bandung: JPBD

5
Rahmiati. (2014). Problematika Mahasiswa dalam Menulis Karya Ilmiah; Jurnal Al Hikmah
Vol. XV Nomor 1. [Forum online]. Diakses tina https://docplayer.info/350301-Problematika-
mahasiswa-dalam-menulis-karya-ilmiah-rahmiati.html

You might also like