You are on page 1of 5

ASAS-ASAS NULIS

Anida Nur H, Annisha Muslim, Annisa Muti’ah Dz, Anissa Sadiyah, Aulia Husna Q,
Dea Amelia P, Dede Deni, Dede Farhan M, Dhafa Haikal, Dhea Norma W, Dina Nuraini,
Elsa Raysa A, Fajri Aliyansyah, Firmansyah M, Mona Triana, Mutia Awaliyah,
Neng Tanti, Nur Maulida, Paijul Rizik, Refina Insani F, Rheyna R, Ridwan Alamsyah

Departemen Pendidikan Bahasa Sunda, Fakultas Pendidikan Bahasa & Sastra,


Universitas Pendidikan Indonesia
refinainsanif@upi.edu

BUBUKA

Kaparigelan Nulis

Nulis mangrupa hiji prosés anu ngagunakeun lambang-lambang (huruf) dina kagiatan
nyusun, nyatet, jeung dina kagiatan komunikasi saarah antara nu nulis jeung nu maca dina
wangun tulisan (Kasupardi & Supriatna, 2010). Nulis mangrupa kagiatan anu miboga sababaraha
tujuan, diantarana nyaéta : kahiji, pikeun méré nyaho atawa méré informasi ka nu maca. Kadua,
pikeun mangaruhan ka nu maca. Katilu, pikeun ngayakinkeun nu maca kana hiji pamadegan.

Tilu tujuan di luhur tangtuna teu bisa kahontal kitu waé. Kudu aya tarékah anu
dilakukeun ku panulis nalika nyiptakeun hiji karya tulisan. Salah sahiji tarékah anu bisa
dilakukeun nyaéta tumut kana asas-asas nulis anu geus aya. Sacara téoritis, sakurang-kurangna
aya 6 asas nulis anu baris dipedar dina ieu artikel. Salian ti éta, dina ieu artikel ogé baris dipedar
asas-asas nulis numutkeun sababaraha narasumber anu parigel dina widang kapanulisan. Ayana
ieu artikel dipiharep bisa méré manfaat pikeun saha waé anu maca ngeunaan hakékat asas-asas
nulis.

MÉTODE

Métode anu digunakeun dina medarkeun ieu matéri dibagi jadi dua, nyaéta :

1. Sacara téoritis, métode anu digunakeun nyaéta métode kajian pustaka jeung métode
panalungtikan dumasar kana wéb atawa situs internet. Dua métode ieu dilakukeun pikeun
ngumpulkeun sakumna informasi anu bisa dijadikeun référénsi nalika medar matéri ngeunaan
asas-asas nulis, boh tina artikel, ebook, atawa jurnal dina forum online.
2. Sacara émpiris, métode jeung téknik anu digunakeun nyaéta wawancara. Wawancara
dilakukeun ka sababaraha narasumber anu parigel dina dunya kapanulisan. Métode ieu
dilakukeun pikeun meunangkeun babandingan antara asas nulis sacara téori jeung asas nulis
sacara langsung dina prak-prakanana.

HASIL PEDARAN

Wangenan Asas-asas Nulis

Sacara étimologi, asas nulis diwangun ku dua kecap nyaéta asas jeung nulis. Numutkeun
KBBI, asas miboga harti dasar. Bisa ogé dihartikeun salaku acuan atawa patokan nalika mikir
atawa méré pamadegan. Sedengkeun nulis miboga harti nepikeun informasi atawa pesen
ngaliwatan média tulis. Jadi bisa dicindekkeun yén asas nulis téh mangrupa aturan dasar anu
kudu dipaliré sarta kudu ditumutan ku nu nulis sangkan sakumna informasi, pesen, atawa
pamadegan bisa nepi ka nu maca kalayan bener.

Fungsi & Manfaat Ayana Asas Nulis

Asas bisa disebut ogé salaku aturan. Ilaharna, nalika jalma tumut kana aturan, balukarna
bakal kacipta hal-hal anu hadé tur merenah. Kitu ogé dina asas nulis. Nalika panulis tumut kana
asas nu aya, dipiharep éta panulis bisa nyiptakeun karya anu gampang kaharti, gampang dibaca,
sarta tangtuna bisa nyiptakeun karya anu nyugemakeun. Salian ti aturan, asas ogé mangrupa
prinsip anu kudu dicekel ku panulis sangkan teu babari kapangaruhan nalika nulis, sarta netep
panceg kana hiji tujuan. Naha tujuan nulis téh pikeun ngayakinkeun nu maca, méré nyaho, atawa
pikeun mangaruhan pamaca.

Eusi Asas-Asas Nulis

Aya sababaraha asas-asas nulis. Gie (dina Amassang, 2018) medarkeun yén asas nulis téh
aya tilu, diantarana nyaéta :

1. Kejelasan (clarity)

Kejelasan (clarity) dina basa Sunda mah katelahna jéntré. Jéntré mangrupa asas anu
utama dina kagiatan nulis. Ilaharna tulisan bisa disebut jéntré téh nalika éta tulisan babari dibaca,
babari disanggem ku pamaca sarta teu nimbulkeun salah tapsir (puguh gagasanana). Salian ti éta,
asas jéntré ogé bisa kacipta nalika nu nulis ngagunakeun kecap anu umum, kalimah anu konkrit
(henteu abstrak), sarta teu ngagunakeun basa asing (Widyaartono, 2012).

2. Keringkasan (consiseness)

Keringkasan (consiseness) dina basa Sunda disebutna ringkes. Ringkes lain hartina
pondok, tapi ringkes didieu miboga ma’na teu ngagunakeun kecap nu hartina sarua dina hiji
kalimah, teu malikan deui kecap nu geus ditulis, sarta teu kamalayon dina ngébréhkeun gagasan.
Asas ieu kudu dipaliré ku panulis sangkan teu ngahamburkeun waktu nu maca. Singgetna, hiji
tulisan bisa dianggap ringkes nalika bisa ngadadarkeun ide nu loba ku kalimah anu irit.

3. Ketepatan (correctness)

Tepat atawa merenah mangrupa asas nulis anu pamungkas numutkeun Gie. Asas ieu
penting dilakukeun ku panulis sangkan teu ngabalukarkeun nu maca jadi salah ngartikeun. Hiji
tulisan bisa disebut merenah nalika dina éta tulisan ngagunakeun tata basa, éjahan, jeung tanda
baca anu luyu jeung aturan anu aya. Dina basa Indonésia bisa tumut kana aturan anu aya dina
PUEBI, sedengkeun dina basa Sunda bisa tumut kana katangtuan palanggeran éjahan basa
Sunda.

Tilu asas di luhur mangrupa pamahing pikeun panulis. Salian ti tilu asas nu geus dipedar,
aya deui asas séjénna anu kawilang penting numutkeun Mujianto (dina Amassang, 2018)
diantarana nyaéta :

1. Kesatupaduan

Kesatupaduan miboga harti yén dina hiji karangan atawa tulisan kudu matok kana hiji
jejer, sarta dina unggal paragraf kudu matok kana hiji gagasan utama (puguh éntép seureuhna).
Hartina, dina tulisan sacara gembleng taya kalimah anu méngpar tina jejer anu keur dipedar.
Ayana asas ieu bisa nyieun pamaca jadi gampang dina meunangkeun ide atawa gagasan panulis.

2. Pertautan

Pertautan dina basa Sunda bisa disabit asas runtut-raut anu miboga harti antara kalimah
hiji jeung kalimah séjén aya patula-patalina, kitu ogé antara paragraf hiji jeung paragraf nu liana
kudu sistimatis. Nalika panulis ngalakukeun asas anu runtut-raut, tulisan anu dihasilkeun bakal
karasa ngaguluyur ti bubuka nepi ka panutup.

3. Penegasan (emphasis)

Asas penegasan miboga tujuan pikeun nandeskeun kesan atawa carita anu hadé dina diri
pamaca ku cara ngabédakeun salah sahiji kalimah atawa paragraf anu mangrupa inti atawa
amanat penting tina hiji tulisan, bisa ogé ku cara nyindekkeuun dina ahir tulisan.

Asas-Asas Nulis Dina Prak-prakana

Tina hasil wawancara anu dilakukeun ka opat narasumber ngeunaan 6 asas-asas nulis anu
geus dipedar di luhur, ka opat narasumber kurang leuwihna sapuk kana éta asas nulis.
Numutkeun Wida (19 taun) jeung Seina (18 taun), asas nulis téh kawilang penting pisan
dilakukeun ku nu nulis, utamana asas clarity (jéntré) sangkan tulisana babari dibaca jeung
disanggem ku pamaca. Salian ti éta, Wida ogé nétélakeun yén lamun dina nulis teu ngagunakeun
asas anu bener bakal ngabalukarkeun hiji tulisan jadi rancu (galurna teu jelas jeung informasi teu
bisa katepikeun kalayan merenah).

Salian ti 6 asas di luhur, dina prak-prakanana aya ogé asas nulis nu séjén anu
diébréhkeun ku Roif (19 taun) nyaéta asas évaluasi anu hartina nalika bérés nulis, panulis kudu
maca ulang tulisanana ti bubuka nepi ka panuutp. Tujuana pikeun ngajén sarta menerkeun éta
tulisan bohna aya kasalahan saperti ayana kalimah anu nyieun pamaca jadi baluweng (terjadinya
lubang plot/alur) atawa aya kalimah anu kurang merenah tur bisa ngabalukarkeun salah harti.
Ngajén tulisan ogé bisa dilakukeun ku cara ménta pamadegan, kritik, jeung saran ti jalma anu
leuwih parigel (Réfki, 2020). Aya ogé asas ATM (Amati, Tiru Modifikasi) numutkeun Seina (18
taun). Carana nyaéta ku ningali karya nu alus, tuluy turutan jeung ulah poho diropéa deui ku
gaya basa sorangan sangkan éta tulisan teu kaasup karya anu plagiarisme. Asas anu pamungkas
numutkeun Réfki (20 taun) nyaéta dina tulisan bisa ditambahan ku kutipan, boh kutipan tina
buku, lagu, atawa tina pangalaman pribadi, tujuanana sangkan éta tulisan teu monoton (nyieun
bosen nu maca).

KACINDEKAN
Tina sawatara matéri anu geus dipedar dina ieu artikel, bisa dicindekkeun yén asas nulis
téh mangrupa aturan, patokan, jeung prinsip anu penting pisan dilakukeun ku panulis sangkan
kaciptana karya nu hadé kualitasna. Dina prak-prakana, aya sababaraha panulis nu tumut kana 6
asas nulis nu aya, tapi ogé aya panulis anu miboga asas jeung aturan sorangan. Nalika hiji
panulis miboga aturan anu béda jeung panulis nu séjén tapi karya nu dihasilkeun masih bisa
disanggem ku pamaca, hal éta teu bisa disebut salaku hiji kasalahan/kahéngkéran, kusabab ieu
asas sifatna fléksibel gumantung kana kabiasaan panulis séwang-séwangan, sasaran tulisan, jeung
gumantung kana jenis tulisanana.

DAFTAR PUSTAKA

Kasupardi, E., & Supriatna. (2010). Pengembangan Keterampilan Menulis. Jakarta : PT. Multi
Kreasi Satu Delapan

Amassang, D. (2018). “Kemampuan Mengembangkan Gagasan dalam Karangan Eksposisi


Siswa Kelas X MIA 1 MAN 2 PALU.” Jurnal Bahasa dan Sastra. Vol.3 No.4, page 3-4

Widyartono, D., (2012, 1 Januari). “Asas Menulis dan Ciri Tulisan yang Baik.” (forum online).
Diaksé tina http://didin.lecture.ub.ac.id/keterampilan-menulis/asa-menulis-dan-ciri-
tulisan-yang-baik

You might also like