You are on page 1of 25

Analisis Sunda Novel "Manehna" Karya Syarif

Amin
 
Judul : Manehna
Pangarang : Syarif Amin
Unsur Instrinsik
Tema : Duriat anu teu bisa ngahiji
Latar :
1.    Waktos : Harita
2.    Tempat : Dina jero guha, Dina kareta api, di imah lanceuk, di kamar,
di lawang pakarangan, di karang panineungan.
3.    Suasana : Sedih, waas
Galur : maju-mundur (campuran).
Palaku/ Watek Palaku :
1.    Kuring : Bageur, teu pegat rasa duriat ka manehna (satia).
2.    Manenha : Bageur, satia, taat ka nu jadi kolot.
3.    Kolot Manehna : Hayang anakna baringah ku kahayang kolotna,
teu paduli ka anak na dek kumaha ge da teu nurut ka kolot.
4.    Lanceuk manehna : Bageur, sakahayang sorangan teu nurutkeun kolot.
5.    Salaki lanceuk ma : Bageur
nehna
Paseur Sewangan : Kahiji
Amanat : Kudu taat kanu jadi kolot, lain ku cara barontak ka kolot lamun
hayang ngalakukeun nu dipikahayang, bisa ridho ngalepaskeun nu dipiacinta mun lain jodona.
Ringkesan Carita :
Novel ieu nyaritakeun hiji jajaka nyaeta “kuring” jeung hiji wanoja nyaeta “manehna” nu
ngabogaan rasa anu sarua badagna. Tapi “manehna” teu wasa nuturkeun pangjurung kalbuna
lantaran katalian ku kolotna, akhirna kapaksa papisah jeung jajaka anu di pikacintana nyaeta
“kuring”. Dina kareta tungtung papanggihna yen “manehna” rek balik heula ka kolotna, da
kolotna boga kamelang bisi kawas lanceukna ngajodo jeung nu teu sapuk jeung kahayang
kolotna. “manehna” nyarita yen engke oge papanggih deui. Saatos kitu lila pisan “kuring” jeung
“manehna” teu papanggih. Terus “kuring” ngemut ka waktu papanggih jeung “manehna” jaman
hirup babarengan jeung “manehna”. Dina hiji mangsa “manehna” mere surat ngaliwatan Mang
Wira, yen “manehna” aya di imah “lanceukna”, kusabab “manehna” nyarita kakolotna rek di
ubar terus ka imah lanceukna padahal bari papanggih jeung “kuring”. Tidinya bisa papanggih
deui. Dua poe papanggih teu nyarita panjang-lebar, poe nu katiluna “manehna” teu datang kana
tempat pangjanjian. Dina kareta peuting mapagkeun, isukna bral mulang, terus mere surat nu
eusina medarkeun rasa “manehna”. Saatos kitu palaku “Kuring” ngajugjug ka tempat dimana
wae pernah paduduaan jeung nginget-nginget dina mangsa lawas waktu paduduaan. Sagala na
ge teu aya nu robah, jukut kitu keneh, tangkal eta keneh, cukang jeung susukan gawir jeung
gelewer eta eta keneh, ngan nu robah nyaeta “manehna” teu aya didinya. “Kuring” ngarasa aya
nu leungit sidik si mojang geus aya nu ngiwat.
Resensi Novel Basa Sunda Nu Ngageugeuh Legok Kiara

Resensi Novel Nu Ngageugeuh Legok Kiara


1. Identitas Novel

Judul buku : Nu Ngageugeuh Legok Kiara


Pangarang : Dadan Sutisna
Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
Taun terbit : 2001
Kandel buku : 51 kaca
Harga Buku : Rp 13.500

2. Sinopsis

Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun, nu disebutna Legok Kiara.
Réa dongéngna yen nu lewat ka dinya Legok Kiara téh cenah mah balikna sok terus gering Tapi
si Emod jeung Si Sadun panasaran hayang ngabuktikeun mitos yen mun ngadeukeutan legok
Kiara teh anjeuna bakal gering.

Sabab ceunah di legok Kiara teh aya tangkal kai nu hirupna geus ratusan taun. Barudak teh jadi
inget ka legok Kiara gara-gara maranehana meunang pancen ti sakola titah melak tangkal kai di
deukeut sakola meh sakola jadi leuwih iuh jeung alus sarta jang ngajaga alam, sabab zaman
ayeuna alam teh geus beuki ruksak gara-gara ku ulah manusa.

Ceuk Bapana Si Emod, di Legok Kiara teh loba jurig jeung dedemit, tempatna sanget jeung
geueuman. Da puguh aya tangkal Kiara anu jangkungna kabina-bina. Areuyna ngagangseur kana
taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing kana eta beja teh. Manehna angger panasaran. Malah
hayang ngabuktikeun naha enya di dinya teh aya jurigan.

Hiji waktu, Mang Apin anu sok babantu di sawah bapana ngabejaan yen manehna rek ngabasmi
beurit nu aya di kebon bapana. Sawah bapana Si Emod teh aya di deuket legok Kiara. Tangtu
wae Si Emod teu nyia-nyiakeun eta kasempetan. Manehna tuluy menta ka bapana sangkan bisa
ngilu ngabantuan jeung Mang Apin. Sanggeus di ijinan manehna tuluy ngajak Si Sadun meh
manehna bisa ngabuktikeun yen mitos nu aya teh teu bener.

Pas poe Minggu, manehna indit ka legok Kiara, di dinya si Emod jeung Si Sadun ngahuleng
ningali tangkal Kiara nu jangkung tur gede kabina-bina. Tapi maranehna tuluy balik da rada
sieun oge cicing di dinya lila-lila mah. Di legok Kiara maranehna manggih ucing, tuluy ku Si
Emod dibawa balik ka imahna. Eta ucing dingaranan Si Buris.

Si Emod deukeut pisan ka Si Buris, nepi ka sare ge dibaturan ku Si Buris. Tapi sanggeus kolotna
nyaho yen Si Buris teh dibawa ti legok Kiara, Si Emod di titah miceun Si Buris. Tapi si Emod
teu bisa, manehna tetep miara si Buris di imahna.

Panon poe keur meujeuhna moreret. Desa Si Emod jeung Si Sadung mani paceklik. Tutuwuhan
hareupeun mah Emod loba nu kalempohan. Jujukutan nepi ka pirang kahalodoan. Emod inget
kana carita guruna yen keur halodo mah kudu melak tutuwuhan. Upama hareupeun imahna
pinuh ku tatangkalan meureun moal panas-panas amat ayeuna teh.
Unggal tengah poe Si Buris sok ngereles, teuing kamana ulinna. Hiji mangsa poe Minggu
kusabab panasaran, manehna nuturkeun si Buris. Si Buris tonggoy leumpang mapay pasawahan
nu garing kahalodoan. Ngalengkah siga nu lungse, kawasna mah awahing panas. Beuki jauh
Emod nuturkeun Si Buris, tungtungna mah anjog ka Legok Kiara. Si Buris tuluy kukurusukan ka
nu bala.

Ditempo teh tangkal di dinya mani harejo, apan mun tangkal hayang alus teh kudu aya cai. Pas
Si Buris kaluar, sirah Si Buris kulimis siga tos di teuleumkeun kana cai. Emod ngahuleng
sajongjonan. Naha bet aya cai di dinya. Barang disidik-sidik ku Emod, cai anu barijil tina taneuh
teh siga kasedot deui ka jero.

Kawasna mah aya deui liangna. Emod jadi inget carita guruna yen tangkal kai nu gede gunana
keur nahan erosi jeung neundeun cai. Geus apal di dinya aya cai, Emod gura-giru balik tuluy
ngabejaan Pa Kuwu. Isukna urang lembur ngabring ka Legok Kiara.

Urang lembur teu percaya keneh yen di dinya teh loba cai. Ayeuna mah urang lembur teu aya nu
sieun deui ka Legok Kiara, malah urang lembur loba nu datang ka dinya jang mawa cai. Tina
carita eta urang apal yen mitos teh teu salamana bener.

Kaleuwihan Buku:

Novel ieu teh sae pisan kanggo dibaca ku kabeh kalangan hususna barudak sabab ieu teh novel
barudak nu ngabogaan amanat nu loba tur sae pisan, novel ieu nyaritakeun kahirupan urang
sapopoe.

Bahasa:
Sanajan basa nu digunakeun basa loma, tapi basana tetep sopan, teu kasar teuing. Basa nu dipake
bisa nepikeun maksud ti pangarang ka nu maca novel ieu.

Amanat:

Ngingetkeun urang yen alam teh penting pisan jang kahirupan urang, jadi urang teh ulah
ngaruksak alam. Urang oge ulah pasea jeung babaturan kusabab masalah nu leutik, urang kudu
silih ngarti.
Contoh Resensi Novel Si Lamsijan Kaedanan

1. Identitas Novel

Judul : Si Lamsijan Ka edanan


Pangarang : Ki Umbara
Penerbit : Kiblat Buku Utama
Taun Terbit : 2003
Jumlah Kaca : 66 Kaca

2. Sinopsis

Carita novel Si Lamsijan Kaedanan ieu teh disaruakeun jeung si kabayan dina dongeng-dogeng
urang sunda, atawa jeung si cepot nu aya dina wayang golek. Si Lamsijan manehna asa
pangpiterna tapi bodo katotoloyoh. Hiji waktu manehna hayang kawin ka budak anu ngaranna Si
Amoy, tapi ema na teu satuju.

Tapi Si Lamsijan terus ngomong ka indungna piraku ema teu genah bogah minantu geulis, teras
engke mah mun uing galongging panas tiris ogo deui hayang dikerok ku ema, apanan engke mah
bakalan boga si Amoy kuring teh ema. Lamsijan hayang ngabenangkeun Si Amoy make menta
asihan ka dukun sagala, tapi eta asihan teh benangna lain ka Si Amoy kalahkah ka Si cepleu.

Ku sabab dukun gagal, Si Lamsijan ngumbara ka mama yai, kiai anu daekeun nulungan, Si
Lamsijan manehna lain ku lantaran bogoh ku kageulisan si Amoy hungkul tapi hayang Si Amoy
teh asup muslimah. Tapi Si Lamsijan kalah kawin ka Si Cepleu eta lantaran salah sasaran nu
sarua goreng patutna.Indungna Si amsijan hatena kabeuli lantaran Si Cepleu rajin mantuan gawe
sapopoe.

Saprak kawin jeung Si Cepleu ahirna Si Lamsijan jadi juragan peda di kampungna padahal
sarerea terangeun modalna ngan kongkorong emas genep gram ti Si Cepleu. Terus manehna
papendak jeung “Babah Tan A Sien” nu jadi bapana neng Amoy, da bapana Neng Amoy boga
hutang budi ka Si Lamsijan lantaran geus nulungan neng Amoy dina pangancam para pamuda,
tapi neng amoy dibawa ku Si Opsir (walanda) anu geus mere imah jeung modal ka bapana Neng
Amoy.

Kaleuwihan Novel:
Kaunggulan dina novel ieu caritana alus, gampang di pikaharti ku urang, bahasana teu pati hese
upami dina kaunggulan caritana mah nyaeta urang bisa nyaho kumaha kahirupan jaman baheula
nu beda jeung nyaman kiwari, teras niat alus Si Lamsijan anu ngabogaan niat hayang kawin ka
Si Neng Amoy.

Kakurangan Novel:
Dina carita novel ieu Si Lamsijan nu hayang ngamenangkeun Si Amoy teh kalah make
ngadukun sagala, padahal manehna kudu nyaho yen ngadukun dina agama islam mah apanan teu
meunang, eta saruwa wae jeung musyrik teu percayakanu agugan allah SWT.

Amanat:
Sagala niat kudu dilakukeun ku kalawan usaha nu hade tur bener, ulah make cara-cara anu licik
atawa anu teu bener nu bisa ngarugikeun ka urang jeung jeung ka batur.
Resensi Novel Sunda Si Kabayan Jadi Dukun

1. Identitas Novel

Judul : Si Kabayan Jadi Dukun


Pangarang : Moh. Ambri
Penerbit : Kiblat Buku Utama
Taun Terbit : 2009
Jumlah Kaca : 71 kaca
Harga : Rp. 15.000

Sinopsis:

Kabayan téh hirupna ripuh, puguh da jelema kedul manehna mah. Manéhna ngandelkeun késang
pamajikanna keur hirup sapopoé, mun keur daék kakarak manéhna leos ka leuweung ngala
suluh. Hiji poé Kabayan jeung pamajikanna paséa gedé nepi ka tatanggana nyarahoeun,
Kabayan nampiling Saikem, nu jadi pamajikanna.

Hiji mangsa aya sémah nu néangan dukun di lembur si Kabayan, kabeneran sémah téh
nanyakeun ka Saikem ngeunaan dukun lepus. Saikem nu ngabogaan niat hayang males kanyeri
ka salaki pédah kungsi ditampiling, ngabéjakeun ka sémah yén Si Kabayan téh dukun nu sakti,
dicaritakeun ogé naon baé nu kungsi dipigawé ku si Kabayan keur ngayakinkeun.

Basa Kabayan rék balik, manéhna papanggih jeung dua urang anu nu nyebutkeun yén manéhna
téh Embah. Kabayan nu teu nyaho nanaon tungtunganana mah kapaksa daék ngilu jeung sémah
éta, da geus digebugan. Kabayan dipercaya bisa ngubaran Nyi Hasanah, anak sodagar, nu
katarajang panyawat pireu. Saenyana mah Nyi Hasanah téh teu gering nanaon, lantaran manéhna
teu resep bapana rék ngawinkeun manéhna ka Haji Latip da geus bogoh ka si Agus.

Sanggeus balik ti imah Nyi Hasanah, Agus nepungan si Kabayan, manéhna ménta tulung ka si
Kabayan sangkan manéhna bisa papanggih jeung Nyi Hasanah. Tungtungna mah Agus nyamar
jadi pangiring Embah dukun. Basa geus papanggih éta, Nyi Hasanah nu geus teu pireu deui
kabur jeung Agus.
Kabayan kanyahoan yén manéhna téh lain dukun beneran. Manéhna di penjara ku pulisi. Lain
sedih, Kabayan kakalah atoh hirup di bui da manéhna teu kudu ribed jeung lieur ngurusan
urusan di imahna.Tapi angger wé Kabayan bisa bébas, ku lantaran Agus ngajelaskeun perkara
nu saenyana.

Kaleuwihan Buku:
Jalan caritana runtuy, loba atikan nu bisa dicandak tina buku novel sunda ieu. Salian ti éta, buku
ieu ogé ngahibur ka nu macana, ku kalakuan para palaku dina carita ieu.

Kakurangan Buku:
Kurang rinci ngajelaskeun ngeunaan panokohan-nana, contona nu maca bisa ka kécohku saha nu
mana Nyi Hasanah téh. Basa nu dipaké ogé teu gampang dicerna ku nu murangkalih atawa anu
awam basa sunda.

Amanat:
Jadi jelema mah ulah kedul jeng bodo, kudu daek ikhtiar neangan usaha kadieu ka ditu, ulah
ngandelkeun jalma sejen.
Resensi Buku Sunda Carita Si Dirun

1. Identitas

Judul buku: Carita si dirun


Pangarang : Samsoedi
Penerbit: Kiblat
Harga : 18.000
Halaman : 68 kaca

Sinopsis:

Si dirun salah sahiji budak anu badeur kabalinger, manehna sok resep pisan ngabohongan kanu
jadi kolotna nepika duit bayarana oge di pake judi ku manehna. Saking bangorn,a si dirun
manehna beuki pisan gelut jeung babaturana, kalakuana teu bener jeung pagaweanana ngan di
carekan bae ku bapana.

Hiji mangsa si dirun ngarasa dosa jeung hanjakal kanu jadi kolot lantaran manehna sok
ngabohongan wae kanu jadi kolot, pas manehna kanyahoan judi ku kolotna sabab arloji anu
pamere bapana di jual jeung duitna di pake judi, tah ku bapana ka nyahoan yen si dirun beuki
judi, tidinya sidirun dicarekan bebeakan, terus manehna janji ka kolotna yen manehna moal
bangor bangor deui.

Ti harita si dirun jadi budak bageur tur soleh nu nurut ka kolot jeung jadi budak pinter. Hiji
mangsa si dirun indit arek ngala manuk ka sawah, bapana nitah ka si dirun ulah balik sore
teuing, da bmaneh mah sok kamalinaan. Enya wae si dirun mah ka malinaan geus wanci magrib
manehna can balik wae kaimah indungna neneangan, bapana neneangan.

Padahal sidirun teh pingsan lantaran ka tubruk ku munding di sawah. Sebat indungna neangan
indungna pohoeun yen manehna teh keur nyangu di hau, atuh ku sabab poho kitu imah si dirun
kadurukan indungna buru-buru lumpat kaimah lantaranhayang nyokot duit, lah tungtungna duit
teu kacokot indung sidirun maot.

Terus bapana datang ka imah, ari pas nepi imahna geus kaduruk, bapana sedih pisan nepika
kagegeringan ku eta kajadian nepika maotna eta bapa si dirun, karunya si dirun jadi yatim piatu.
Si dirun diurus ku ua-na, anu kasebut beunghar tapi medit pisan, sidirun teu disakolakeun tapi si
dirun malah di titah ngangon munding karunya pisan si dirun.

Terus-terus unggal poe manehna ngurus saban poe maneh na kasarean keur ngangon munding.
Ari pas hudang manehna rewaseun yen aya banjir gede pisan manehna indit neneangan munding
tapi da teu bisa cai na badag, manehna nobaan ngojay eh manehna malah langsung kabawa ku
eta cai, untungna aya gebog cau anu nyalametkeun sidirun nepika manehna nepi ka hiji laut
manehna katirisan kalaparan.

Nepi ka aya bapak dihun anu manggihan manehanana, manehna di bawa ka imahna di urus
nepika manehna diangkat jadi anak ku lantaran pak dihun teu boga anak, si dirun sukses jadi
nalayan nu sagala bisa.

Kaleuwihan Novel :
Novel ieu sae pisan kanggo bacaan urang sadaya, utamina kanggo murangkalih.

Amanat Dina Buku Novel:


Dina caritana novel ieu meni eces jentrena ngajelaskeun yen urang hirup kudu kumaha jeung
ngajarkeun ka urang sadaya ngarah jadi jalma anu bageur tur tara ngabohong. Ulah jadi jalma
anu bader kabalinger, jeung ulah ngabohongan ka kolot.
Resensi Novel Sunda Wastu Kancana

1. Identitas Novel

Judul Novel : Wastu Kancana


Pangarang : Yoseph Iskandar
Panerbit :Rahmat Cijulang
Citakan Pertama : 1989
Tebel Kaca : 145 kaca

Sinopsis Buku:

Dina eta buku dicarioskeun yen anu ngagentos samentara di Karajaan Sunda (Kawali) teh
Bunisora. Putra Raja Sunda aya jumeneng masih budak keneh. Janten kedah disiapkeun heula.
Bewara ngeunaan tiwas suci kulawargana di Majapait henteu dibejakeun sabab sieun langsung
henteu biasa nahan amarah.

Bunisora, pamanna Wastu Kancana, nyandak eta murangkalih keur diajar sagala rupa ka elmuan
di padepokan anu khusus keur ngagembleng pasukan husus karajaan balamati. Carana henteu
langsung, tapi diculik heula. Sabada diwarah, Wastu Kancana dibere nyaho perkawis anu
dirusiahkeun. Bunisora langsung anu masihan terang.

Saba’da dipeupeujeuh, Bunisora ngajak balik ka Kawali. Ngan Wastu Kancana embung balik.
Anjeuna kalah ngumbara milari elmu. Nya atuh henteu bias dicaram. Antugna diwidian teras
nyandak batur keueung: Rakean Hujung. Duana ngumbara dugi ka Pakuan. Mereskeun nau
baruntak ka nagara.

Teras ti dinya ngulampreng ka Lampung. Tepang sareng resi sareng diguguru. Di bagean ahir
buku dicaritakeun Wastu Kancana nyalametkeun padepokan resi ti serangan musuh gerot
guruna. Jeung niwaskeun gegedugna make pakarang anu dibere ku Bunisora.
Dina eta buku, dicaritakeun yen Wastu Kancana oge katarik manah ku putrid resi. Henteu aya
pedaran proses asmara, ngan hungkul tepung di walungan teras bae silih kenalan. Didinya duana
singket saling katarik manah keuna ku panah asmara. Basa rek mulang ti Lampung ti padepokan
resi, duana silih mere barang anu janten pangikat ati.

Kaleuwihan novel:
Gambaran kahirupan sosial sareng lingkungan baheula di karajaan Sunda mah karasa pisan

Kakurangan novel:
Potongan carita sareng alurna biasa wae, henteu aya anu istimewa dina eta buku. Biasana mun
novel osok kiat dina kalimah sareng alur sarta gambaran (konteks sosio kultural) jeung eusina
oge, kadang matak ngajenghok anu maca.
Asih Teu Mikawanoh Kasta"

Oka Hasan Bachtiar Tuesday, 2 February 2016 Bahasa Daerah

ASIH TEU MIKAWANOH KASTA

Judul : ASIH TEU MIKAWANOH KASTA


Pangarang : Sunandar
Kaca : 119 kaca
Penerbit : Girimukti Pusaka
Taun terbit : 2003
Tempat : Jakarta
Cetakan : cetakan ka 4

Eneng nyaéta saurang awéwé anu lahir ti kulawarga anu henteu sanggup. Saprak leutik,
manéhna geus ngarasakeun paitna kahirupan kalayan ngan mengenyam atikan nepi ka kelas 4
SD waé. Minangka anak pangkolotna, Eneng ngarasa ngabogaan tanggung jawab pikeun
mantuan kolotna membesarkan adik-adiknya anu berjumlah 3 jelema. Leuwih saprak bapana
maot alatan kacilakaan waktu manéhna berumur 11 warsih. Saprak leutik, Eneng geus
ngalakonan loba hal pikeun bisa meunangkeun duit sanajan henteu sabaraha. Tapi, ti duit anu
manéhna dapatkan kasebut bisa dipaké pikeun meuli béas sarta kaperluan hirup anu séjénna.
Indungna ogé henteu éléh ulet, naon waé dipigawé demi sesuap sangu. Ibu sok bangun isuk-isuk
- isuk-isuk saterusna nyieun gorengan sarta sangu uduk. Jam satengah 6 mimitian indit kuriling
kampung menjajakan dagangan. Anyar saterusna jam 10 isuk-isuk balik ka imah sarta mimitian
ngadatangan imah - imah anu ngagunakeun jasana pikeun kukumbah sarta menyetrika. Aya 4
imah anu ngamangpaatkeun jasa Ibu Eneng. Ucul Asar anyar Ibu Eneng balik ka imah.
Waktu Eneng umurna 18th, manéhna megatkeun pikeun indit ka Jakarta babarengan Dedeh.
Dedeh nyaéta réncang Eneng ulin saprak leutik anu geus leuwih tiheula digawé di Jakarta
minangka PRT. Kalayan mawa bekel saayana, Eneng ogé indit ka Jakarta dipirig ku segruk
ceurik ibu sarta adi - adina. Sesampainya di Jakarta, Eneng digawé

di imah Ibu Joyo. Ibu Joyo nyaéta saurang randa tanpa anak. Salaki bu Joyo maot alatan
serangan jantung 2 warsih anu tuluy. Alatan geus biasa hirup prihatin saprak leutik sarta getol
digawé, Eneng ogé dinyaah sarta diperlakukan ku bu Joyo kawas meujeuhnana anakna sorangan.
Komo Eneng diikutkan sawatara kursus mimitian ti masak, ngaput, nepi ka merias. Sanajan
henteu mengenyam atikan anu luhur, Eneng tergolong calakan ku kituna bisa kalayan gampang
nyerepan kabéh materi kursus.

Kahirupan Eneng ogé robah. Luhur bantuan modal ti bu Joyo, manéhna bisa muka catering, rias
pengantin sarta modiste. Duit anu dikirim ka kampung ogé beuki loba jumlahna ku kituna
kahirupan ibu sarta adi - adina di kampung jadi leuwih alus. Hiji poé, Eneng papanggih jeung
Ujang, saurang nu boga pausahaan konveksi anu hayang bermitra kalayan modeiste milik
Eneng. Pamustunganana benang - benang cintapun terjalin diantara maranéhanana. Bu Joyo
geus merestui hubungan maranéhanana. Dina waktu liburan ahir minggu, Eneng sarta Ujang
indit ka kampung Eneng. Diditu Eneng ngawanohkeun Ujang ka ibu sarta ogé adik-adiknya.
Waktu éta ogé Ujang melamar Eneng di hareupeun ibu Eneng. Henteu perlu nungguan lila, 6
bulan saterusna maranéhanana melangsungkan pernikahan kalayan dihadiran jelema - jelema
pangdeukeutna. Eneng memboyong ibu sarta adik-adiknya ka dayeuh pikeun cicing di imah
maranéhanana anu anyar sarta maranéhanana kabéh ogé hirup berbahagia.
NOVEL SUNDA (BARUANG KANU NGARORA)
Pangarang : D.K Ardiwinata
Panerbitna : Rahmat Cijulang
tema : Menghasut

Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka bengong, bet jadi geulis kabina-bina.
Bijil cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto mah can bisa ngomé
manéh . Ngomong dina jero atina, “Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan palay ka Nyi
Rapiah, da sakie geulisna.”
Cék Nyi Rapiah, “Calik Embi! Nyandak naon éta téh?”
Walon Nyi Dampi, “Rupi-rupi baé, Lis, aya sinjang, aya kekemben.”
“Cing ninggalan. Ieu bogoh samping kebat. Sabaraha pangaosna?”
“Eta mah teu kirang deui Rp.25, mésérna ogé Rp.22,5.”
“Beu naha mahal-mahal teuing? Teu kenging Rp.15.?
“Teu kenging, Lis, mésérna ogé tebih kénéh. Sareng ieu embi ngabantun lélépan lucu pisanm
pantes dianggo ku Elis. Geura anggo dina jariji.”
“Tuluy, ninggang kana réma anu sakitu manisna. Geura tingali éta berlianna mani enyut,
cahayana kuwung-kuwungan. Mirah delima anu di tengah sakitu lucuna, manis siga amis, kulit
konéng kasipuh ku watang emas, mani ngagempur.”
Cék Nyi Rapiah, “Edas, Embi mah ku tiasa mapantes téh. Sabaraha ieu téh pangaosna?”
“Ari pangaosna mah Rp.25, dan berlianna enya ogé lalembut, tapi aralus, teu aya nu paut; mirah
delimana oge bangsana saé.”
“Ah mahal teuing, Embi, teu gaduh artosna; ongkoh ari ali mah goréng-goréng ogé, geus gaduh.
Ngan éta baé samping, kuring meuli hiji, lamun dipaparinkeun Rp.20.”
Mangga baé Lis dimurahkeun, étang-étang ngahaturkeun sawaréh; ka nu sanés mah moal
dihaturkeun. Ari éta lélépan, upami palay mah mangga baé montong digaleuh.”
“Montong digaleuh kumaha? Méré?”
“Enya ngahaturanan.”
“Ah, Embi mah sok ngabobodo, kawas ka budak.”
“Ih, sanés kitu, ari sayaktosnamah mah Embi téh jaba rék dagang bari ngemban dawuhan Aom
Kusman ka Nyai, saurna palay wawuh. Upami Nyai keresa wawawuhan sareng anjeunna,
mangga éta lélépén ngahaturanan. Da saenyana mah éta téh kagunganana, lain dagangan.”
Nyi Rapiah sajongjonan mah ngahuleng baé, teu ngajawab. Geus kitu pok ngomong, “Saha
Embi ari Aom Usman téh?”.
“Ah Nyai mah mamamdaluan, piraku teu uninga, kapan putrana Juragan Demang.”
“His, Kuring mah daék lolong teu acan tepang. Ari jenenganana mah nya sok nguping baé.”
“Naha da itu mah uningaeun ka Nyai.”
“Pantes baé, da pameget mah sok anclongan.”
Ti dinya kusiwel Nyi Dampi nyokot potret Aom Usman tina pésak baju kutang; sor disodorkeun
ka Nyi Rapiah, bari luak liuk ka tukang, bisi aya nu ngawaskeun. Ku Nyi rapiah ditampanan bari
imut, tuluy diilikan didangdak déngdék. Ngomong jero atina “Emh, sok komo teuing buktina,
potretna sakieu kasepna, surup jadi putra menak. Nya ieu lalaki nu matak ngagegelokeun awewe
teh.”
Pikir Nyi Rapiah mimiti gedag rek kabengbat ku nu kasep
Ceuk Nyi Dampi, “Kumaha, Lis, cocog?”
Nyi Rapiah seuri bari nyodorkeun deui potret ka Nyi Dampi.
“Kumaha, Lis kinten-kintenna?”
“Emh, Embi lain bangbang lain pacing, lain campaka kuduna.”
Nyi Dampi seuri bari nungkupan sungut, sarta tuluy ngomong, “Wah, Elis, na kudu kumaha?
Rasa Embi mah geus aduna pisan, nu geulis ka nu kasep.”
“Ih lain ki kituna Embi, ngan kitu wae, Embi langkung uninga, kapan kuring rek lakian.
Pisakumahaeun temen sepuh-sepuh, lamun kuring aya lampah nu teu pantes. Bongan teu
tibareto, da ku abah oge moal burung dihaturkeun, lamun enyaan mah. Ngan eta ari menak ka
somah teh sok nyecepo, ngarurujit. Ayeunamah lajeungkeun bae, sugan jaga di aherat tepang
sukma padasukma. Ari ieu lelepan lain teu nuhun, ngan kuring risi bisi kauninga ku sepuh sae
haturkeun deui bae.
Sabot keur kitu jebul Nyi Haji Abdul Rauf, nyampeurkeun ka pangkeng. Nyi dampi pahibut
nyumputkeun potret, sieuneun kaperego ku Nyi Haji. Cek Nyi Haji, “Naon nu rek dibeuli teh,
Nyai?”
“Omong Nyi Dampi, “Ieu putra teh palay sinjang,pangaosna Rp.20.”
“Pek bae deui.”
Samping dicikot ku Nyi Rapiah, tuluy dibayar ka Nyi Haji, ingdungna Nyi Rapiah. Kontan.
Nyi Dampi amit, tuluy balik gura-gitu, lantaran atoh dumeh nampa ladang samping, batina gede.
Resensi Novel Sunda “Sasakala Situ Patengan”

1. Idéntetas Buku :

Judul : Sasakala Situ Patengan


Pangarang : Aan Merdeka Permana
Pamedal : Ujung Galuh Nyitak Ngawates
Citakan : 1, Bandung 2009
Kandel : 27 kaca

2. Ringkesan Isi Buku

Aya nu ngalandi Situ Paténggang, da meureun asa genah kitu kadéngéna. Padahal cenah
anu aslina mah katelahna “Paténgan”, tina asal kecap “patéang-téangan”. Tapi deuih aya kaol
séjén anu nyebutkeun yén kecap “patéénggang” ogé bisa jadi bener, sabab baheula dina abad 13,
nyaeta dina jaman Karajaan Sunda, iyeu situ téh katelahna Maha Ganggeng Panenggang, atawa
lamun di tarajamahkeun sajalantrahna mah hartina tempat anu nenggang tapi kaawaskeun atawa
kabireunggeuh ti ditu ti dieu. Panenggang oge harti “tapel-wates”, saba hartina dina jaman
Karajaan Sunda, ieu situ jadi tapel-wates antara Karajaan Sunda Kulon jeung Karajaan Sunda
Wétan.Situ Paténggang, mimiti dipaké tempat dumuk ti abad 7 kénéh, nyaéta sawaktu ieu talaga
kaéréh ka Karajaan Tarumanegara. Harita katelahna Talaga Catri Pamulang, hartina talaga anu
baranang ku béntang.Dina iyeu buku versi séjén ngeunaan sasakala Situ Paténggang, nya rék
nyaritakeun jaman abad 7 téa.Situ Paténggang dina jaman Belanda, geus biasa dipaké tempat
niisna para pangagung Belanda. Tuan Kontrak Entéh geus biasa ngaheunang-ngaheuning,
selang-selang dina kasibukan gawé.Kiwari Situ Paténggang beuki haneuteun dipaké objék
wisata anu loba didareugdegu timana-mendi. Saban poéperé jalma teu weléh ngadeugdeug. Keur
mah di sabudeureunana loba tempatpiknik.
Sajarah mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang sajarawan
daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas ngagarap fakta-fakta
sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang novel. Manéhna lewih bébas
nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina novel mungguranana ieu nyoba-nyoba
ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi di Bojongemas kana novelna ieu. Tokoh-tokoh
sajarah saperti Nyai Dewi Permata Sari anu ngokolakeun Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu
Ningrat Kancana di barengan ku Aki Réog Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng
Pangéran Barata Yudha anu ngakuna mah masih kénéh turunan salah sahiji karajaan
Tarumanegara.

Tina segi plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap kalawan
ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun tina gambaran kaayaan
sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu ragot pisan jeung teu pikaboseneun.
Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah
di ajak nyaksian langsung kana kajadian nu pernah lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé
méré pamahaman nu leuwih jeulas kana sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung
sasakala Bojongemas.

Sabagé novel sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya sunda
jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar kalawan hadé. Kurangna
ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih
beristana-sentris kusabab loba teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung Tarumanegara.
Lamun waé unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda jeung Tarumanegara kaungkab
sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju euyeub nu bakal nambah wawasan nu macana.

Leupas tina kakurangan-kakurangan nu disebutkeun di luhur, novelmunggaran Aan Merdeka


Permana ieu menang penghargaan. Masing kumaha ogé ieu novel ngungkab fakta sajarah anu
mungkin waé geus kapopohokeun. Kajadian nu di angkat dina iyeu novel bisa jadi ayana ngan
dina buku-buku pangajaran sajarah wungkul. Tapi ku ayana iyeu novel, éta kajadian jadi karasa
mangkukna kénéh tur miboga daya pamikat nu saéstuna dipikanineung ku sakumna orang
Sunda.
Resensi novel bahasa sunda, mapah perang barata

Jejer buku : Mapag Perang Barata


Panulis : Ahmad Bakri
Pamedal : PT. Kiblat Buku Utama
Tempat Medal Buku : Bandung
Citakan : Citakan ka-1, Syawal 1424 H./Desember 2003 / Citakan ka-2, Dzulqadah 1428
H./Nopember 2007 / Citakan ka-3, Dzulhijjah 1430 H./Desember 2009
Kandel Buku : 61 Halaman

Novel Mapag Perang Barata teh nyaritakeun tentang adegan antara Dorna jeung Prabu Drupada
atawa Dewi Kunti (anak ti Batara Surya, rakana Pandawa) nu estuning matak ngangres. Pandu
Dewanata, Raja Hastinapura teh pupus nuju sanom keneh, kusabab anjeunna lali ngalanggar
supata Bagawan Kindama. Para putrana teh teu acan aya nu kersa pikeun ngaganti Pandu
Dewanata jadi pupuhu nagara. Lamun parantos gede mah, tangtu ngaistrenan Drestarata jeung
sakalian Pandawa, putera Sang Pandu di angkat jadi Raja. Dina hiji dinten Dang Hyang Dorna,
Guru na Pandawa parantos namatkeun jadina santikaguru di Karaton Hastinapura. Para
asuhanana, Kurawa sareng Pandawa geus gede ayeuna mah. Sanajan geus katingali
kamajenganana, Sang guru teu acan sugema manahna. Teu aya kacape guru etaa ngasuh
murangkalih teh sangkan leres-leres jadi satria lahirna sareng batinna. Nya kitu deui Sakuni
sareng Gandari sarua teu acan sugema manahna. Sarua na teu aya kacape aranjeuna ngasuh Sang
Raja Drestarata, sangkan ulah kersa masihan nagara ka Pandawa, kumargi anjeunna ahliwaris
baratha nu pangsepuhna. Hastinapura kudu jadi milik Kurawa. Dina hiji dinten Dang Hyang
Dorna ngempelkeun para Kurawa jeung Pandawa. Sakumaha biasa nu jadi poko pimasalaheun
teu aya deui iwal ti peperangan. Sanes mung semet kagagahan sareng kasaktian ti salah saurang
eta, nanging tata yuda oge diutamakeun pisan. Kumargi Sang Yudistira teu gaduh musuh, sang
yudistira eta protes ka Dang Hyang Dorna. Dina hiji dinten Dorna mamatahan ka murid-
muridna ngeceng manuk Murid nu sejen nyaritakeun naon nu katenjo ku maranehna basa keur
ngeceng, salian ti hulu manuk anu kudu dipanah. Ngan Arjuna mah sejen deui tetenjoan teh.
Manehna ukur nenjo hulu manuk wungkul, heunteu nenjo deui nu lainna.

Kaleuwihan Novel Mapag Perang Barata :


Nyaritakeun Lalakon Mahabrata, jadi urang teh tos apal maksud ti carita eta.
Caritana saperti nyaritakeun nyatana kungsi kajadian ti urang
Kakurangan Novel Mapag Perang Barata :
Novel Mapag Perang Barata ieu make bahasa atawa kata-kata nu lolobana teu dipikaharti ku
urang atawa teu pantes di baca ku budak leutik
Carita ieu alus na teh dijadikeu partunjukan wayang, lain dijadi keun novel, ku sabab teu
ngarti.
Manfaat Novel Mapag Perang Barata :
Novel Mapag Perang Barata teh nyaritakeun Lalakon wayang, Kasenian sunda nu ku urang
kudu dipikanyaho, tarutama ku sakabeh urang sunda.
Ngandung Atikan moral nu kudu di petik ti ieu Novel.
NOVEL SUNDA (BARUANG KANU NGARORA)  

Pangarang       : D.K Ardiwinata 


Panerbitna       : Rahmat Cijulang
tema  : Menghasut

   Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka bengong, bet jadi geulis kabina-bina.
Bijil cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto mah can bisa ngomé
manéh . Ngomong dina jero atina, “Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan palay ka Nyi
Rapiah, da sakie geulisna.”
   Cék Nyi Rapiah, “Calik Embi! Nyandak naon éta téh?”
   Walon Nyi Dampi, “Rupi-rupi baé, Lis, aya sinjang, aya kekemben.”
“Cing ninggalan. Ieu bogoh samping kebat. Sabaraha pangaosna?”
“Eta mah teu kirang deui Rp.25, mésérna ogé Rp.22,5.”
“Beu naha mahal-mahal teuing? Teu kenging Rp.15.?
“Teu kenging, Lis, mésérna ogé tebih kénéh. Sareng ieu embi ngabantun lélépan lucu pisanm
pantes dianggo ku Elis. Geura anggo dina jariji.”
“Tuluy, ninggang kana réma anu sakitu manisna. Geura tingali éta berlianna mani enyut,
cahayana kuwung-kuwungan. Mirah delima anu di tengah sakitu lucuna, manis siga amis, kulit
konéng kasipuh ku watang emas, mani ngagempur.”
Cék Nyi Rapiah, “Edas, Embi mah ku tiasa mapantes téh. Sabaraha ieu téh pangaosna?”
“Ari pangaosna mah Rp.25, dan berlianna enya ogé lalembut, tapi aralus, teu aya nu paut; mirah
delimana oge bangsana saé.”
“Ah mahal teuing, Embi, teu gaduh artosna; ongkoh ari ali mah goréng-goréng ogé, geus gaduh.
Ngan éta baé samping, kuring meuli hiji, lamun dipaparinkeun Rp.20.”
Mangga baé Lis dimurahkeun, étang-étang ngahaturkeun sawaréh; ka nu sanés mah moal
dihaturkeun.  Ari éta lélépan, upami palay mah mangga baé montong digaleuh.”
“Montong digaleuh kumaha? Méré?”
“Enya ngahaturanan.”
“Ah, Embi mah sok ngabobodo, kawas ka budak.”
“Ih, sanés kitu, ari sayaktosnamah mah Embi téh jaba rék dagang bari ngemban dawuhan Aom
Kusman ka Nyai, saurna palay wawuh. Upami Nyai keresa wawawuhan sareng anjeunna,
mangga éta lélépén ngahaturanan. Da saenyana mah éta téh kagunganana, lain dagangan.”
Nyi Rapiah sajongjonan mah ngahuleng baé, teu ngajawab. Geus kitu pok ngomong, “Saha
Embi ari Aom Usman téh?”.
“Ah Nyai mah mamamdaluan, piraku teu uninga, kapan putrana Juragan Demang.”
“His, Kuring mah daék lolong teu acan tepang. Ari jenenganana mah nya sok nguping baé.”
“Naha da itu mah uningaeun ka Nyai.”
“Pantes baé, da pameget mah sok anclongan.”
Ti dinya kusiwel Nyi Dampi nyokot potret Aom Usman tina pésak baju kutang; sor disodorkeun
ka Nyi Rapiah, bari luak liuk ka tukang, bisi aya nu ngawaskeun. Ku Nyi rapiah ditampanan bari
imut, tuluy diilikan didangdak déngdék. Ngomong jero atina “Emh, sok komo teuing buktina,
potretna sakieu kasepna, surup jadi putra menak. Nya ieu lalaki nu matak ngagegelokeun awewe
teh.”
Pikir Nyi Rapiah mimiti gedag rek kabengbat ku nu kasep
Ceuk Nyi Dampi, “Kumaha, Lis, cocog?”
Nyi Rapiah seuri bari nyodorkeun deui potret ka Nyi Dampi.
“Kumaha, Lis kinten-kintenna?”
“Emh, Embi lain bangbang lain pacing, lain campaka kuduna.”
Nyi Dampi seuri bari nungkupan sungut, sarta tuluy ngomong, “Wah, Elis, na kudu kumaha?
Rasa Embi mah geus aduna pisan, nu geulis ka nu kasep.”
“Ih lain ki kituna Embi, ngan kitu wae, Embi langkung uninga, kapan kuring rek lakian.
Pisakumahaeun temen sepuh-sepuh, lamun kuring aya lampah nu teu pantes. Bongan teu
tibareto, da ku abah oge moal burung dihaturkeun, lamun enyaan mah. Ngan eta ari menak ka
somah teh sok nyecepo, ngarurujit. Ayeunamah  lajeungkeun bae, sugan jaga di aherat tepang
sukma padasukma. Ari ieu lelepan lain teu nuhun, ngan kuring risi bisi kauninga ku sepuh sae
haturkeun deui bae.
Sabot keur kitu jebul Nyi Haji Abdul Rauf, nyampeurkeun ka pangkeng. Nyi dampi pahibut
nyumputkeun potret, sieuneun kaperego ku Nyi Haji. Cek Nyi Haji, “Naon nu rek dibeuli teh,
Nyai?”
“Omong Nyi  Dampi, “Ieu putra teh palay sinjang,pangaosna Rp.20.”
“Pek bae deui.”
Samping dicikot ku Nyi Rapiah, tuluy dibayar ka Nyi Haji, ingdungna Nyi Rapiah. Kontan.
Nyi Dampi amit, tuluy balik gura-gitu, lantaran atoh dumeh nampa ladang samping, batina gede.
"Baruang Kanu Ngarora"/"Hasutan ke yang Muda"

Ketika Nyi Dampi melihat Nyi Rapiah datang ke bengong, Nyi Rapiah terlihat sangatlah cantik.
Keluar cahaya yang memancar. Ditambah lagi sudah lama tidak berjumpa. Dahulu belum bisa
merawat diri. Berbicara dalam hatinya “Pantas Aom Kusman seperti tergila-gila kepada Nyi
Rapiah, karena begitu cantiknya.”
Kata Nyi Rapian, “Duduk Bi! Bawa apa itu?
Jawab Nyi Dampi, “Rupa-rupa saja, Lis, ada kain ada juga kemben.” 
“Coba lihat. Ini suka kain kebat. Berapa harganya?” 
“Itu tidak bisa kurang Rp.25, belinya juga Rp.22,5.” 
“Kenapa mahal sekali? Tidak bisa Rp.15?” 
“Tidak bisa, Lis belinya saja masih jauh. Ini juga membawa cincin yang lucu, pantas dipakai
oleh Elis. Coba pakai di jari.” 
Lalu, dipakai oleh jari yang begitu manisnya. Coba lihat itu berliannya bersinar, cahayanya
berkilauan. Merah Delima yang ditengah sangatlah lucu, manis sekali, kuning dipoles oleh
watang emas, sangat berkilau. 
“Kata Nyi Rapiah, “Aduh, Embi bisa sekali memuji. Berapa ini harganya?” 
“Kalau harganya hanya Rp.25 dan berliannya juga kecil-kecil namun bagus, tidak ada yang
gagal, merah delima bangsanya juga.” 
“Ah terlalu mahal, Embi, tidak punya uangnya, dan juga kalau cincin, jelek-jelek juga sudah
punya. Namun itu saja kain, saya beli satu jika dikasih Rp.20.” 
“Silakan saja Lis dikasih murah, hitung-hitung memberi sebagian, ke yang lain tidak akan
dikasih. Jika itu cincin silakan saja jangan dibeli.” 
“Jangan dibeli bagaimana? Memberi?” 
“Iya silakan.” 
“Ah embi suka berbohong, seperti ke anak.” 
“Ih bukan begitu, sebenarnya Embi itu disamping mau dagang juga mengemban amanat dari
Aom Kusman kepada Nyai, katanya ingin berkenalan. Jika Nyai bersedia berkenalan dengan
beliau, silakan itu cincin diberikan. Karena sebenarnya itu adalah milik dari beliau, bukan
dagangan.” 
“Nyi rapiah seketika berfikit tidak menjawab. Setelah itu dia berkata “Siapa Embi Aom Kusman
tersebut? 
“Ah Nyai pura-pura, masa tidak tahu, anaknya Juragan Demang.” 
“His, saya benar-benar tidak tahu, bulum bertemu. Jikalau namanya suka mendengar.” 
“Kenapa, dia itu tahu kepada Nyai.” 
“Pantas saja, karena laki-laki suka bergaul.” 
Dari situ Nyi Dampi mengambil Potret Aom Kusman dari saku kutang, lalu diserahkan kepada
Nyi Rapiah, sambil larak-lirik ke belakang takut ada yang mengawasi. Oleh nyi Rapiah
diterima sambil tersenyum lalu dilihat dengan seksama. Berbicara dalam hatinya “Emh,apalagi
ini buktinya, potretnya begitu tampan, cocok jadi putra bangsawan. Ini lelaki yang bisa
membuat wanita tergila-gila. 
kata nyi dampi :" Bagaimana lis, cocok?" 
Nyi Rapiah tertawa sambil memberikan potret kepada Nyi Dampi.
“Bagaimana, Lis, kira-kiranya?” 
“Ih bukan begitu Embi, namun begitu saja, Embi lebih dahulu tahu, saya akan menikah.
Bagaimana teman,orang tua, jika saya melakukan perbuatan yang tidak pantas. Kenapa tidak
dari dahulu, oleh abah juga pasti akan diijinkan, jika memang benar. Namun itu kalau
bangsawan ke rakyat suka menganggap remeh. Sekarang teruskan saja, mungkin nanti nyari di
aherat bertemu sukma dengan sukma. Jika ini cincin bukan tidak terima kasih, namun saya risih
bisa diketahui oleh orangtua bagusnya berikan lagi saja. 
Ketika itu datanglah Nyi Haji Abdul Rauf, menghampiri ke Pangkeng. Nyi Dampi cepat-cepat
menyembunyikan potret, takut ketahuan oleh Nyi Haji. Kata Nyi Haji, “Apa yang akan dibeli itu
Nyai? 
Omong Nyi Dampi, “Ini anak ingin kain, harnyanya Rp.20.” 
“Silakan saja lagi” 
Kain diambil oleh Nyi Rapiah, lalu dibayar ke Nyi Haji, mamanya Nyi rapiah. Kontan. 
Nyi dampi pamit, lalu buru-buru, karena gembira karena menerima uang kain, labanya besar.

Sinopsis
Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina haji abdul raup meuni rame pisan,kulantaran
anakna nyaeta nyi rapiah rek di lamar ku ujang kusen. Teu lami nyi rapiah jeung ujang kusen
akhirna nikah. Kulantaran maranehna rek mandiri sareng teu ngarepotkeun kolotna,maranehna
pindah ka hiji desa nu jauh tina desa kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku
ceurik kulantaran nyi piah teh teu bisa jauh sareng kolotna,ema na nyi piah nyengceurikan nyi
piah supados nyeungcerikan anu maot. Akhirna nyi piah sareng ujang kusen nepi ka desa di
deket gunung nu jauh timana – mana. Nyi piah tinggal diditu teu pibeutaheun pisan,kulantaran
manehna teu biasa tinggal di tempat nu jauh timana – mana ditambahan diditu nyi piah jauh ti
kahidupan mewah nu biasana manehna jalankeun.

Tiba tiba dina hiji waktos nyi piah ngarasa tos teu betah pisan tinggal di imah eta,akhirna nyi
piah kabur sareng abdullah bade ka imah kolotna. Singket carita nyi piah sareng ujang kusen teh
papisah anu akhirna nyi piah nikah ka aom usman lalaki nu dipicinta nyi piah,tapi teu lila nyi
piah di candung ku aom usman,ceurik weh nyi piah kulantaran nyesel ninggalkeun ujang kusen
demi aom usman. Tapi nyi piah teu bisa naon naon kulantaran tos jadi takdirna manehna di
candung. Sami jeung nyi piah,ujang kusen ge jadi jalma nu teu bener senggeus papisah jeung nyi
piah,sok maen awewe jeung ngadu,akhirna kulantaran sikapna nu kos kitu ujang kusen di bui.
 
 Unsur Instrinsik Novel Baruang kanu ngarora
1.      Alur    
alur yang digunakan pengarang merupakan alur maju , karena bisa kita lihat dari runtutan cerita
yang disajikan dari setiap bab yang dikemas dalam buku ini.

2.      Tokoh
a.       Nyi Rupiah ( tokoh utama Wanita )
b.      Udjang Kusen (tokoh utama Pria )
c.       Aom Usman (Pemeran Sampingan )
d.      Nyi Dampi  (Pemeran Sampingan )
e.       Hadi Abdul Raup  (Pemeran Sampingan )
f.       Nyi Hadji  (Pemeran Sampingan )
g.       Abdullah  (Pemeran Sampingan )

3.      Setting
a.      Tempat
1.      Di sebuah daerah di Tasikmalaya (dilihat dari siratan cerita yang tersaji ) ,
2.      dirumah Hadji Abdul Rauf,
3.      di rumah Aom Usman
4.      Di rumah yang dimiliki Nyi Rapiah dan Udjang Kusen
5.      Di tempat pernikahan
6.      Dll
b.      Waktu
Setting waktu yang diceritakan dalam Novel Baruang Ka Nu Ngarora yakni semua unsur waktu
waktu yang ada , Pagi, Siang dan Malam.
 Gaya basa        : ngagunakeun bahasa sunda halus

4.      Penokohan
Tokoh Perwatakan dan tingkah laku

a Nyi Rapiah Baik ketika awalnya , namun ketika setelah


menikah dengan Udjang Kusen ia menghianati
nya, tidak konsisten.
b Udjang Kusen Awalnya penyabar , namun menjadi suami
pengkekang
c Aom Usman Orangnya Ambisius  terhadpa sesuatu yang
diinginkanya, tidak konsisten, plinplan sifat yang
dimilikinya
d Nyi Dampi Baik hati, selalu member yang terbaik kepada
orang lain

5.      Amanat
amanat yang terkadung dalam cerita novel Baruang Ka Nu Ngarora Yakni :
1.      Jangan pernah menghianati kepercayaan orang lain
2.      Manusia dituntut untuk bersabar
3.      Manusia tidak harus selalu memiliki apa yang diinginkan ketika keadaan tidak mengijinkan
4.      Salin percaya dan menghargai antara suami dan isteri
5.      Karma itu berlaku dalam setiap perjalanan hidup, Pepatah mengatakan Siapa yang menuai
maka dia harus bertanggung jawab

You might also like