You are on page 1of 1

AGUL

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

    Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiya’i walmursalin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma
ba’du.

    Ibu bapa guru anu ku sim kuring dipihormat, sareng rerencangan sadaya anu ku simkuring
dipikacinta. Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareung syukur ka Allah SWT kulantaran
ni’mat sareng hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempetan ieu.

     Teu hilap, sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka junjungan urang sadaya,
Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku
umatna dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal ‘alamin.

    Dina kesempatan ieu simkuring bade ngadugikeun Biantara ngenaan "AGUL".
Sikep agul mangrupikeun sikep anu hina pisan. Cegah sikep agul sabab Allah henteu resep ka jalma
anu agul. Kukituna urang sadaya kedah ngajauhan sikep agul

Tingkah polah manusa teu leupas dina jiwa katut ragana. Jiwa pakaitna jeung moral, polah
napelna dina rigigna lengkah atawa gerakna panca indra nu aya dina awak.Hirup kumbuh
babarengan saling sariksa, sangkan aya tina kabagjaan hirup tur hurip tina kahirupan, sabilulungan
jeung sasama.

Agul ku payung butut, netelakeun ieu urang teu batur, asa pang pinterna asa urang pang hadena
ujub takabur anu bakal goreng balukarna, di singkahan ku batur salembur.

Mung sakitu ti sim kuring,urang cekapkeun biantarana. Haturnuhun kasadaya hadirin anu atos
nyempetkeun waktosna kanggo ngaregepkeun biantara ti abdi. Hapunteun bilih aya kalepatan tina
cariosan abdi,neda dihapunteun.

You might also like