You are on page 1of 6

BAB III

WAWANCARA

A. Medar Perkara Wawancara

Wawancara (basa Inggrisna interview) nya éta paguneman antara dua urang atawa
leuwih sarta lumangsung antara nu diwawancara (narasumber) jeung nu ngawawancara.
Tujuanana pikeun meunangkeun katerangan (informasi) tinu diwawancara. Dina widang
jurnalistiik wawancara jadi salahsahiji cara néangan informasi keur bahan warta.
Wawancara biasana dilakukeun ku wartawan, boh sorangan boh babarengan jeung
wartawan séjén ka jalma anu dianggap pantes jadi sumber warta ngeunaan hiji perkara
atawa hal. Biasana mah dumasar kana paménta atawa kahayang wartawan.
Béda jeung jumpa pérs atawa konférénsi pérs, biasana wawancara dilaksanakeun
dumasar kana kahayang narasumber.

Ditilik tina prak-prakanana, wawancara dibagi tilu golongan, nya éta:

1. Wawancara bébas
Dina wawancara bébas mah anu ngawawancara téh bisa bébas nanyakeun naon waé
ka nu diwawancara. Sanajan kitu, tetep baé kudu saluyu jeung tujuan wawancara katut
katerangan anu dipiharep ti nu diwawancara. Upama teu ati-ati, wawancara bisa ka
mana karep sarta méngpar tina tujuan awal ngawawancara.

2. Wawancara kauger
Dina wawancara kauger, anu ngawawancara téh geus dibahanan daptar pertanyaan
anu lengkep katut wincikan anu jéntré.

3. Wawancara bébas kauger


Dina wawancara bébas kauger mah anu ngawawancara téh ngombinasikeun
wawancara bébas jeung wawancara kauger. Anu ngawawancara geus mawa padoman
ngeunaan naon baé anu kudu ditanyakeun sacara gurat badagna, tapi dina prakna mah
dipasrahkeun ka nu ngawawancara, kaasup lebah heula pandeurina katut pertanyaan
lianna anu leuwih teleb. Anu penting mah henteu méngpar tina jejer jeung tujuan
wawancara.

1. Struktur Wawancara
Kagiatan wawancara téh umumna diwangun ku tilu bagian, nyaéta bubuka, eusi
jeung panutup. Éta babagian téh gunana pikeun ngawangun suasana wawancara anu
merenah boh pikeun nu ngawawancara boh narasumber nu diwawancara.
a. Bubuka
Bubuka dina wawancara téh gunana pikeun ngarahkeun naon-naon nu rék
didiskusikeun, sarta nu bakal dilakukeun dina wawancara. Bubuka perlu pikeun nyiptakeun
hubungan nu hadé antara nu ngawawancara jeung narasumberna. Upama hubungan geus
kawangun mah wawancara téh bakal bisa bébas, laluasa jeung teu rundag-randeg. Pikeun
nyiptakeun suasana kitu téh témbongkeun niat hadé sarta jelaskeun maksud jeung tujuan
wawancara.
b. Eusi
Bagian eusi téh poko tina wawancara. Dina tahap ieu nu ngawawancara jeung
narasumber silih pairan jeung méré tanggapan, nanya jeung ngajawab. Cindekna, duanana
keur aya dina inti kagiatan kalawan maksud jeung ugeran wawancara anu geus dijangjikeun
ti anggalna.

c. Panutup
Ieu tahap téh mangrupa kagiatan nyindekkeun jeung nutup wawancara. Dina panutup,
sanggeus wawancara cukup jeung geus dirékam atawa diringkes eusi poko-pokona, tuluy
diterangkeun éta hasil wawancara téh bakal dikumahakeun. Iwal ti éta, terangkeun ogé
kumaha lajuning laku anu dpiharep ti pihak narasumber anu diwawancara.

2. Tatakrama
Dina prosés ngawawancara téh basa anu dipaké ilaharna maké ragam basa lemes atawa
hormat. Maksudna pikeun ngajénan atawa ngahormat ka nu diwawancara. Kitu deui
pananyana, nya kudu ditepikeun maké basa hormat ogé.
Hasil henteu wawancara, gumantung kana sikep jeung paripolah anu ngawawancara. Ku
sikep anu hadé, wawancara bisa lumangsung akrab tur komunikatif. Wawancara anu
komunikatif tur hirup, ditangtukeun ogé ku jembarna pangaweruh kana jejer wawancara,
boh ti nu ngawawancara boh ti nu diwawancara.

Sikep-sikep anu kudu dipiboga ku nu ngawawancara, di antarana:

a. Nétral
Anu ngawawancara teu kudu ngoméntaran satuju atawa teu satuju kana informasi anu
ditepikeun ku nu diwawancara (réspondén, narasumber), sabab pancénna ogé
ngarékam sagala katerangan ti nu diwawancara, boh pikabungaheun boh henteu.

b. Ramah
Anu ngawawancara kudu bisa nyiptakeun suasana anu matak kataji anu rék atawa keur
diwawancara.

c. Adil
Anu ngawawancara kudu bisa adil ka sakabéh anu diwawancara, upamana anu
diwawancara leuwih ti saurang. Ulah pilih kasih. Kudu tetep ngajénan jeung sopan ka nu
diwawancara, rék kumaha baé ogé kaayaanana.

d. Nyingkahan karengkeng
Anu diwawancara kudu satékah polah nyingkahan suasana anu rengkeng, ulah nepikeun
anu diwawancara téh ngarasa didakwa atawa diuji. Anu ngawawancara kudu mampuh
ngawasa kaayaan jeung paguneman dina wawancara sangkan henteu mancawura ka
ditu k dieu.

B. Léngkah-léngkah Wawancara

Ngawawancara narasumber, réspondén (anu diwawancara) mikabutuh persiapan


sangkan hasilna nyugemakeun. Anu matak tahap persiapan atawa tatan-tatan kaasup kana
léngkah awal dina ngawawancara. Léngkah-léngkah ngawawancara salengkepna nya éta:
1. Tahap tatan-tatan
(1) Nangtukeun jejer atawa topik wawancara
Jejer anu dipilih téh hadéna mah anu:
- Aktual jeung faktual, masalahna henteu basi tur nyata,
- Aya mangpaat pikeun balaréa
- Jadi pangjurung laku pikeun ngalaksanakeun hal-hal anu hadé tur positif,
- Méré sumbangan pikiran
(2) Nangtukeun tujuan wawancara
Naon tujuanana wawancara téh? Upamana baé:
- Pikeun ngaguar kasenian jeung kabudayaan Sunda
- Ngungkabkeun pasualan di sabudeureun kasenian jeung kabudayaan Sunda di hiji
daérah
- Maluruh sikep nonoman Sunda kana seni-budayana
(3) Nangtukeun narasumber
Narasumber anu dipilih kudu luyu jeung jejer katut tujuan wawancara. Upamana jejer
wawancara patali jeung seni budaya Sunda di hiji wewemhkon, narasumberna:
- Pajabat pamaréntah di éta wewengkon atawa anu ngurus widang seni jeung budaya
Sunda.
- Budayawan Sunda
- Palaku seni budaya Sunda (seniman, pengamat seni Sunda, pingpinan kasenian
Sunda)
(4) Ngararancang pertanyaan
Pertanyaan anu rék diajukeun ka narasumber téh kudu dirarancang saméméhna,
dumasar kana katangtuan-katangtuan:
- Henteu nanyakeun hal-hal anu sipatna pribadi,
- Henteu ngagunakeun kalimah interogatif kawas anu ngadakwa atawa keur nguji,
- Teu nyigeung rarasaan, boh anu diwawancara boh nu lian,
- Dimimitian ku pertanyaan anu sipatna umum, ditéma ku pertanyaa anu leuwih rinci.
(5) Nyusun daptar pertanyaan
Saméméh ngawawancara kudu boga daptar pertanyaan anu rék ditepikeun ka nu
diwawancara. Padoman pikeun nyusun pertanyaan wawancara, diantarana :
- Pertanyaan disusun pikeun meunangkeun informasi anu lengkep, anu ngawengku
unsur 5W+1H (what=naon, why= naha/ku naon, who= saha, where= di mana, how=
kumaha)
- Pertanyaan henteu panjang teuing. Unggal pertanyaan ngan nanyakeun hiji
pasualan atawa hal
- Kalimah pertanyaanana jelas
- Eusi pertanyaan ogé tétéla (operasional)
(6) Pakakas ngawawancara
Hal-hal anu kudu disiapkeun téh nya éta pakakas ngawawancara saperti alat tulis jeung
pakakas ngarékam. Sanajan geus dirékam, alat tulis tetep dipikabutuh pangpangna mah
pikeun nyatetkeun ngaran, gelas, jabatan jeung angka-angka.
(7) Persiapan séjén
Persiapan séjénna anu teu éléh pentingna nya éta miboga pangaweruh awal ngeunaan
pasualan anu jadi jejer wawancara. Bisa macaan tina pabukon atawa sumber lianna.
Maksudna mah sangkan henteu ngatog teuing dina prakna
Wawacara, lain pikeun dibenturkeun jeung pamadegan atawa kamandang nu
diwawancara.
2. Tahap Prakna Wawancara
Sabada tatan-tatan, tahap saterusna anu kawilang penting nya éta prakna wawancara.
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun ku nu ngawawancara dina ieu tahap, di antarana:
(1) Datang tepat waktu, saluyu jeung nu geus dijangjikeun
(2) Ngagunakeun papakéan anu sopan tur rapih
(3) Ngawanohkeun diri ka narasumber
(4) Nepikeun pasualan anu rék ditanyakeun, nepikeun ka nu rék diwawancara téh paham
kana alesan anu matak dijadikeun narasumber.
(5) Wawancara dimimitian ku ngajukeun pertanyaan anu énténg, kitu ogé upama
narasumberna boga waktu anu laluasa, tapi upama waktuna samporét mah bisa
langsung (to the point) kana pertanyaan poko.
(6) Ngajukeun pertanyaan kalawan antaré, sopan, taya kesan ngadakwa atawa nguji, sarta
taya kesan mapatahan ka narasumber
(7) Regepkeun sing saregep jawaban ti narasumber, catetkeun anu sakirana perlu dicatet.
Taya salahna motong kalimah, upama narasumber méngpar tina jejer wawancara.
Tangtu wé kudu dilakukeun kalawan sopan, ulah nepikeun ka matak tugenah ka
narasumber.
(8) Ulah asa-asa ngajukeun pertanyaan anyar anu muncul dumasar kana katerangan
narasumber. Ari sababna, hal anu sarupa kitu téh remen kajadian dina wawancara.
(9) Saréngséna ngasongkeun sakabéh pertanyaan, tong poho méré kasempatan ka
narasumber pikeun nepikeun hal-hal anu van kaguar dina wawancara, upama baé
lantaran henteu kaasup anu ditanyakeun. Bisa jadi éta kateranga téh ngeuyeuban ka nu
geus aya, bisa jadi deuih mangrupa katerangan anyar anu kawilang penting.
(10)Réngsé wawancara, tong poho nganuhunkeun ka narasumber bari sakalian sasadu bisi
aya kasalahan dina salila lumangsung wawncara.

C. Nyusun Laporan Wawancara

Sanggeus hidep ngalaksanakeun wawancara, hasilna bisa dijieun laporan. Wangun


laporan wawancara téh bisa disusun dina wangun dialog (tanya-jawab) atawa wangun
narasi.

1. Wangun Dialog
Pikeun nulis laporan wawancara dina wangun dialog, hidep kari nuliskeun deui unggal
pananya jeung jawabanana kalawan lengkep. Upama hasil wawancara aya dina kotrétan,
hidep kudu nuliskeun deui dina kertas misah kalawan rapih. Upama wawancara dirékam,
kudu ditranskripsi atawa disalin dina wangun tinulis.

Conto laporan wawancara dina wangun dialog

BUBUKA Pandu : Assalamualaikum, Pa Amin. Kumaha damang?


Staf Pabukon : Waalaikum salam. Alhamdulilah, saé. Kumaha sawangsulna?
Pandu : Alhamdulillah. Pangésto, Pa. Hatur nuhun tos nyayogikeun
waktosna kanggo ieu wawancara
Muhun, sami-sami.
Staf Pabukon :
EUSI : Dupi Bapa di dieu tos sabaraha lami damel?
: Tos aya kana sabelas taunna damel di dieu téh. Ti ngawitan
ieu pabukon diadegkeun wé. Janten Bapa téh di dieu kalebet
anu pangsepuhna.
Pandu : Upami petugasna aya sabaraha urang? Saha waé?
Staf Pabukon : Anu sadidinten jaga mah aya tiluan. Iwal ti Bapa, aya Pa
Agung sareng Pa Roni. Aya ogé murid anu janten
pustakawan, mung teu unggal dinten jagi.
Pandu : Naon waé buku nu janten koléksina, Pa?
Staf Pabukon : Seueur pisan, ti ngawitan buku pangajaran, énsiklopédi,
kamus, koran, majalah, malih jurnal ogé aya. Kawilang
lengkep ari koléksina mah. Mung, nu utamina mah nya buku-
buku kanggo pangdeudeul unggal pangajaran.
Pandu : Saha waé nu tiasa maca sareng nambut bukuna?
Staf Pabukon : Upami maca mah tiasa saha waé ogé, asal dibacana di lebet
rohangan pabukon. Mung, nu tiasa nambut mah mung siswa
sareng sareng guru ieu sakola.
Pandu : Kumaha kaayaan koléksi bukuna, naha saraé kénéh?
Staf Pabukon :
Seuseueurna mah saraé, malihan teu sakedik buku nu énggal
ogé. Sanaos kitu aya deuih buku-buku citakan lami anu tos
rareksak. Pangpangna reksak ku margi mindeng ditambut.
Pandu : Naha aya tarékah kanggo miara koléksina supados teu énggal
reksak?
Staf Pabukon : Kantenan aya. Supados langkung kiat, jilid luar buku téh
sadayana ditambihan plastik husus. Lajeng upami aya
lambaran-lambaran eusi ogé jilid luar anu lésot atanapi soéh,
nya dieléman deui. Satiasa-tiasa diwangsulkeun deui kana
kaayaan sabiharina.
Pandu : Dupi ieu pabukon téh buka unggal dinten? Ti tabuh
sabaraha?
Staf Pabukon : Bukana dinten Senén, dugi ka Jumaah, ti tabuh dalapan dugi
ka tabuh dua siang. Mung kapegat ku istirahat ti tabuh
satengah dua belas dugi ka tabuh hiji siang.
Pandu : Seueur nu sumping?
Staf Pabukon :
Seueur. Biasana mah dina waktos istirahat. Aya nu sakadar
maca di rohangan, ogé aya anu narambut.
: Naon harepan Bapa ka payunna kanggo ieu pabukon?
Pandu
Staf Pabukon : Mugi-mugi kapayunna, boh murid boh para guru tiasa
langkung ngamangpaatkeun pabukon minangka salah sawios
sarana kanggo nambihan pangaweruh. Utamina mah
miharep supados urang langkung sumanget kana maca.
PANUTU Pandu : Hatur nuhun, Pa Amin. Rupina cekap baé ti sim kuring kanggo
P ieu wawancara téh. Mugi-mugi harepan bapa kanggo ieu
pabukon tiasa tinekanan.
Staf Pabukon :
Aamiin
Sim kuring ogé ka payunna tangtos badé teras dongkap ka
Pandu :
pabukon kanggo milari sumber-sumber nu kalintang legana.
Sakantenan ngaraketkeun silaturahmi sareng Bapa, ogé
sareng nu sanésna.
Muhun, baeu. Nuhun, saé pisan upami kitu mah. Ku bapa
Staf Pabukon tangtos dirojong. Bilih peryogi bantosan deui mah. Perkawis
buku atanapi pabukon, mangga sumping deui baé k dieu,
nya!
Tangtos, Pa! Hatur nuhun. Sim kuring badé permios wangsul
Pandu waé ayeuna.
Sumuhun, mangga
Staf Pabukon
Assalamualaikum
Pandu :
Staf Pabukon Waalaikum salam, wr.wb.
:
:

2. Wangun Narasi
Nuliskeun hasil wawancara dina kalimah wangun narasi téh maké téhnik carita atawa
kalimah pedaran. Carana nya éta ngarobah kalimah langsung jadi wangun teu langsung
bagian inti wawancara. Sakumna informasi anu ngawengku 5W+1H téh kudu kacumponan,
sangkan informasina lengkep. Di handap ieu conto wangun narasi anu dirobah tina wangun
dialog di luhur.

Conto wangun narasi


Pa Amin téh salah sahiji pagawé anu pangkolotna di Pabukon SMAN 1 Cilaku. Anjeunna
geus 11 taun mancén gawé, ti saprak ieu pabukon diadegkeun. Dina mancén gawé sapopoé,
Pa Amin dibarengan ku dua patugas séjénna, nya éta Pa Agung jeung Pa Roni. Iwal ti éta, aya
deuih murid anu kapapancénan jadi pustakawan.
Ieu pabukon mibanda koléksi nu kawilang lengkep, ti mimiti buku pangajaran,
énsiklopédi, kamus, koran, majalah, nepi ka jurnal ogé aya. Sanajan kitu, koléksi utamana
mah nya buku pangajaran pikeun pangdeudeul di sakola. Di dieu pabukon saha waé bisa
maca sakumaha koléksi nu aya. Tapi, nu bisa nginjeum mah ukur siswa jeung guru.
Koléksi buku nu aya di ieu pabukon réréana mah aralus kénéh. Tapi aya ogé koléksi
buku-buku heubeul anu geus ruksak. Ari alatanana iwal bukuna citakan heubeul, ogé ku
mindeng diinjeum,”Pangpangna buku nu reksak téh ku margi mindeng ditambut, “ceuk Pa
Amin. Ku kituna Pa Amin narékahan sangkan koléksi bukuna teu gampang ruksak. Ari Carana
nyaéta maké bungkus plastik husus, cenah gé “Supados langkung kiat, jilid luar buku téh
sadayana ditambihan plastik husus. Lajeng upami aya lambaran-lambaran eusi ogé jilid luar
anu lésot atanapu soéh, nya di eléman deui. Satiasa-tiasa diwangsulkeun deui kana kaayaan
sabiharina.”
Di ieu pabukon anu buka ti poé Senén nepi ka Jumaah téh kawilang réa nu ngajugjug.
Iwal ti dina waktu istirahat lolongkrang kagiatan pangajaran, dina waktu balik sakola ogé réa
nu ka pabukon. Ari jadwal bukana téh ti jam 08.00 nepi ka jam 14.00
Pa Amin boga harepan sangkan murid jeung guru bisa leuwih nggunakeun pabukon
pikeun saranana ngajembaran élmu, “Mugi-mugi kapayunna murid sareng guru tiasa
langkung ngamangpaatkeun pabukon minangka salah sawios sarana kanggo nambihan
pangaweruh. Utamina miharep supados urang langkung gaduh sumanget kana maca.” Kitu
pokna.

You might also like