You are on page 1of 6

BAB VII

SAJAK

A. Perkara Sajak
Sajak téh nya éta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu teu pati kauger ku patokan-
patokan. Nu matak sok disebut ogé sajak bébas / puisi bébas. Bébas tangtuna ogé relatif. Upama
dibandingkeun jeung guguritan mah sajak leuwih bébas, lantaran dina sajak euweuh aturan pupuh
( 1guru lagu, 2guru wilangan, 3guru gatra).
Upama dibandingkeun jeung sisindiran, sajak mah henteu kudu aya cangkang jeung eusi.
Upama dibandingkeun jeung mantra, sajak mah henteu kudu aya pilihan kecap anu ngandung
kakuatan gaib atawa diucapkeun pikeun tujuan husus anu patali jeung kapercayaan.
Sanajan disebut puisi bébas, sajak téh tetep mibanda aturan. Aturan dina sajak diantarana,
diksi (pilihan kecap), wirahma, jeung purwakanti. Kekecapan dina sajak mah meunang milihan,
lolobana kecap anu dipaké dina sajak téh ngandung harti injeuman (makna konotasi). Éta kecap teh
mangrupa perlambang (simbol) kana hiji hal atawa kajadian. Anu prah dipaké simbol dina sajak,
upamana waé kembang keur ngalambangkeun wanoja, bangbara keur ngalambangkeun lalaki, hujan
ngalambangkeun subur, meletékna srangéngé pikeun ngalambangkeun harepan.
Salian ti éta, pilihan kecap téh ngawangun wirahma (irama) sangkan geunah
dibacana/kadéngéna. Ari nu disebut purwakanti nya éta padeukeutna sora/sasaruaan sora anu aya
dina dua kecap atawa leuwih. Sora anu sarua téh bisa sapadalisan atawa antar padalisan. Purwakanti
ogé tujuanana sangkan sajak téh geunah dibacana.
Sajak téh mangrupa karya sasta sampeuran dina sajak mah, lain sampakan. Maksudna sajak
mah lain pituin karya sastra Sunda, tapi kapangaruhan ku sastra Indonesia. Asupna wangun sajak
kana sastra Sunda téh sabada merdéka. Sajak Sunda anu munggaran ditulis ku Kis WS dina taun
1946. Ti harita sajak kaasup kana salasahiji wangun sastra anu dipikaresep, tug nepi ka kiwari.
Dina kamekaranana, sajak téh bisa nyilihkeun guguritan. Kiwari sajak bisa disebut wangun
puisi anu pangpopulérna dina sastra Sunda. Sajak dimuat dina majalah, jeung surat kabar Sunda. Ti
dinya kakara dibukukeun.

B. Panyajak jeung Karya-karyana


(1) Rachmat M. Sas. Karana: Tepung di Bandung, Ombak Laut Kidul
(2) Etti RS: Jamparing, Gondéwa
(3) Godi Suwarna: Jagat Alit, Blues Kéré Lauk
(4) Yus Rusyana: Nu mahal Tibatan Inten
(5) Yoseph Iskandar: Tumbal
(6) Jrrd

C. Sawatara conto sajak


1
Sora vokal panungtung tiap padalisan (baris)
2
Jumlah engang (suku kata) tiap padalisan
3
Jumlah padalisan tiap pada (bait)
Sono Paeunteung Melang
Ku Rani Nuroniah
Karempan nelasan harepan
Genclang cipanon nu ngembeng
Poé nu didagoan
Salawasna disorang kamelang
Laju sadrah na sajadah
Taya deui nu kudu disambat
Iwal ti Allah azza wazalla

Aya Isin paeunteung-eunteung jeung reueus


Imutna ngageuing kareueut kahéman
Gelenyu imut kasono
Neuteup potrétna
Asa kapireng sorana hawar-hawar
Sakolébat nyumiratkeun cahya katingtrim

Haté ditalikung pirang-pirang rasa kangen


Ngagulung kasono kamelang
Puncakna rasa galihna asih
Nalika raga paanggang
Haté mah paanjang-anjang
Pangabutuh Pangabetah
Ku Rani Nuroniah
Lain ku betah
Tapi butuh
Lain teu boga
Tapi hayang deukeut
Jeung pangupa jiwa
nyiar kipayah jeung ibadah
lamun kuring miang
batur hirup sorangan
Balabuh Teu Daék Jengkar
Ku Rani Nuroniah
Solat berjamaah ogé dijaga
Komo kuring
Kasép soléh
Geus lain carita

Poé Wawales
Ku Rani Nuroniah
Nalika panon poé disinglidkeun
Béntang-béntang muguran
gunung-gunung pating beledug

sagara hanjat ka darat


roh-roh dipanggihkeun jeung raga badag

catetan-catetan amal dibuka


langit sirna
surga dideukeutkeun
seuneu naraka ngagedur keueung

rék ka saha muntang


nalika saban-saban roh nyaho lalampahan di dunya

nalika langit beujad


béntang-béntang marurag mayak
astana-astana dikakat

mangka saban-saban jiwa


bakal nyaho tuhu jeung talobéhna
rék ka mana miang
D. Nulis Sajak
Sanggeus niténan sajak sarta maca pedaranana, hidep tangtu meunang gambaran ngeunaan
sajak. Hidep ogé bisa ngébréhkeun sarupaning rarasaan, upamana baé kabungah, kasedih,
kasono, kacinta, kahariwang, kaketir jeung sajabana. Saméméh trét nulis sajak, aya sawatara hal
anu kudu dicangkem, diantarana:
1. Imaji
Imaji téh nya éta gambaran anu karasa, kadéngé, jeung katénjo (sanajan) bisa jadi ngan
ukur dina implengan) anu rék diébréhkeun dina sajak. Imaji mangrupa tatapakan enggoning
nulis sajak.

2. Simbol atawa perlambang


Simbol atawa perlambang téh patalina jeung pilihan kecap (diksi). Maksudna mah taya
lian ti nginjeum harti séjén tina hiji kecap, pikeun ngantebkeun maksud. Kecap-kecap anu
dipaké simbol atawa perlambang téh dipaké harti injeumanana, lain harti saujratna (lain
harti dénotasi).

3. Wirahma
Wirahma aya patalina ogé jeung pilihan kecap. Maksudna mah kumaha carana kecap-
kecap anu dipaké dina sajak téh ngeunah dibacana, ngeunah kadéngéna lamun diucapkeun.
Jadi henteu ngan saukur dicokot harti injeumanana.

4. Jejer
Jejer atawa téma téh mangrupa inti tina eusi sajak. Jejer téh rupa-rupa pisan, di antarana
baé jejer kapahlawanan, pati, silih asih, sosial, atikan jeung sajabana.

5. Suasana
Anu dimaksud suasana nya éta anu karasa sabada maca éta sajak. Suasana téh ulah
papalingpang jeung jejerna. Maenya sajak témana pati, suasana anu karasa hégar atawa
gumbira.

6. Gaya basa
Gaya basa dina sajak mah patali jeung basa anu digunakeun ku salasaurang panyajak,
anu dipangaruhan ku kasang tukang atikanana jeung lingkunganana. Upamana baé panyajak
anu hirup dibasisir kalér, tangtu basa anu digunakeunana moal sarua jeung panyajak anu
hirup di tutugan Gunung Burangrang.

E. Maca Sajak
Upama urang maca sajak di hareupeun balaréa, geus mangrupa pintonan, salian ti maham
kana eusi sajak, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun upama urang maca sajak dihareupeun
balaréa. Di antarana:
1. Lenyepan
Saméméh maca sajak, urang kudu bisa ngalenyepan heula kana eusi sajak, maksudna
kudu paham nyaritakeun naon éta sajak, kaasup maham jejerna jeung suasanana.

2. Vokal
Anu dimaksud vokal, patalina jeung sora. Sorana kudu béntés, tur “buleud”, dina harti
jelas kadéngéna bari henteu gogorowokan.

3. Nada jeung rasa


Anu dimaksud nada jeung rasa, patalina jeung sikep dina nepikeun éta sajak. Nahan
nadana sinis, nyungkun, tumamprak, mikamelang, jsb. Ari rasana naha pikabungaheun,
pikasediheun, pikakeuheuleun, jsb. Sikep urang dina maca sajak kudu luyu jeung nada katut
rasa anu dikandung dina éta sajak.
Nada jeung rasa anu aya dina sajak téh aya nu ngan hiji, aya ogé anu leuwih ti hiji. Dina
sajak ‘Sono Paeunteung Melang’, aya nada hariwang dina bagéan:

Karempan nelasan harepan


..............................................
.............................................
Salawasna disorang kamelang

Aya nada éra dibarung resep jeung nyaah

Aya isin paeunteung-eunteung jeung reueus


Imutna ngageuing kareueut kahéman

4. Wirahma
Anu dimaksud wirahma di dieu nya éta anca-gancangna dina maca sajak. Kaasup
randegan jeung lentong. Urang kudu apal randegan nu sakedapan jeung nu rada lila. Kitu
deui jeung lentong. Lentong kalimah wawaran béda jeung lentong kalimah pananya. Lentong
anu sedih moal sarua jeung lentong anu ngagedurkeun sumanget.

5. Éksprési
Anu dimaksud éksprési di dieu nya éta ébréhan jiwa anu di antarana baé katémbong
sacara fisik dina paroman (mimik) jeung pasang peta (géstur). Paroman dina maca sajak anu
pikasediheun, moal sarua jeung maca sajak anu hégar. Kitu deui jeung pasang petana.

Maca sajak téh kudu diluyukeun jeung eusi katut karakter sajakna, anu bakal ébréh
ngaliwatan vokal, nada jeung rasa, wirahma katut éksprési. Sanajan kitu, teu kudu
kaleuleuwihi. Upamana baé pédah karakter sajakna pikasediheun, teu kudu dibarung ku
ceurik balilihan bari rambay cimata. Kitu deui upama karakter sajakna ngahudang sumanget
teu kudu motah bari gogorowokan.

You might also like