Professional Documents
Culture Documents
R. Cynara Tugas Sunda
R. Cynara Tugas Sunda
PANCEN 1
Pék terangkeun deui sacara ringkas sasaruaan jeung bédana carita pantun jeung pantun
sastra Indonesia dina tabel dihandap!
PANCEN 2
1. Naon anu disebut carita pantun téh?
Jawab: Carita pantun atawa lalakon pantun nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun ku
juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku
kacapi sarta biasana dihaleuangkeun.
2. Terangkeun masing tétéla, naon anu dimaksud:
a. Rajah
Jawab: rajah téh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa
bagian penting dina pantun. Rajah mangrupa salasahiji ciri utama anu ngabédakeun
carita pantun jeung seni (sastra) séjénna.
b. Narasi carita pantun
Jawab: narasi atawa nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun
hiji kajadian kana kajadian saterusna. Béda jeung rajah katut kajadian déskripsi
(papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger
baé dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun baé ogé.
c. Deskripsi carita pantun
Jawab: déskripsi nyaéta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina
hiji kajadian, Bagian déskripsi sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak
sok disebut ogé papantunan.
d. Dialog carita pantun
Jawab: dialog atawa paguneman nyaéta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha
umumna dina karya sastra lianna, dialog téh di antarana pikeun ngagambarkeun watek
atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.
3. Cing terangkeun, kumaha umumna jalan caritana carita pantun téh!
Jawab: Ari pola jalan carita pantun umumna teh kieu : Satria ngalalana, upamana bae
lantaran neangan putri piprameswarieun. Sapanjang ngalalana, loba kajadian anu
karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna satria pajajaran teh unggul perangna,
tuluy ngadahup ka putri, sarta ngadeg raja.
4. Naon anu dimaksud:
a. Galur simpay
Jawab: Dina galur simpay, palaku utama téh ahirna bisa mulang deui ka nagara asalna
sanggeus ngalalana meunang rupa-rupa dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul.
Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay téh henteu réa. galur simpay téh, umurna
leuwih kahot batan anu galur leunjeuran. Contona: pantun Ciung Wanara, Lutung Kasarung,
jeung Mundinglaya di Kusumah.
b. Galur leunjeuran
Jawab: Galur leunjeuran nyaéta galur carita nu ngaleunjeur, lempeng. Kapanggihna tina
niténan ruruntuyan kajadian dina unggal épisodeuna. Dina pungkasan caritana, anu
ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngéléhkeun
sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patalukan nu pangahirna.