You are on page 1of 1

Mangpaat Teknologi dina kahirupan

Ari Teknologi informasi dina mangsa kiwari teh geus jadi pangabutuh nu moal bisa
dipisahkeun dina kahirupan masarakat di kota atawa di desa. Lain ngan ukur jalma nu
boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak
sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan
jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.
Sumebarna teknologi bisa mawa pangaruh nu hade jeung bisa nimbulkeun pangaruh
nu goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun teknologina. Rupa-rupa tina
wujud hasil teknologi contona diantarana bae komputer, laptop, smartphone, jeung
sejenna, di lingkungan barudak sakola eta tilu ngaran teh geus teu aheng deui.
Lantaran eta barang geus jadi pangabutuh anu teu saeutik meakeun waktu jeung
waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudak sakola poho kana waktu nu utama
keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur
kaperluan diajar di sakolana.
Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang
upamana seug lamun dibandingkeun jeung kolot-kolotna. Tapi dumasar kana hal eta,
kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah
lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu salah ngalarapkeunanana.
Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut
baris nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe
tugas pikeun nu can ngabogaan komputer atawa leptop di imahna sorangan.
Teu saeutik balukar anu goreng ti informasi teknologi kiwari nu tumerapna ka rumaja,
geus loba kajadiana anu kaalaman ku rumaja alatan internet misalna bae jadi malesna
diajar, runtagna mah dijadikeun pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang
haram jeung lain sajabana.
Kahariwangan kolot kana alatan teknologi eta geus jadi alesan pikeun nalingakeun
budakna sangkan teu jadi korban pangaruh gorengna teknologi, tapi manfaatna
kawilang gede kacida pikeun kamajuan di sagala widang.
Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab
bisa ngarengsekeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmu komputer oge
kacida diperlukeunana pikeun ngungkulan jaman kiwari jeung ngjawab tangtangan
dina kahirupan.

You might also like