You are on page 1of 2

Wawacan Purnama Alam

Pupuh Asmaranda

Dangding Sunda sakajudi, titisan ti pupuhunan, beubeunangan soson-soson, kekel


kana tatarosan, ti bangsa nu budiman, prabujangga juru lagu, nu paham kadongkarian.

Ari ieu nu digurit, lampah ménak jaman kuna, masih kaom buhun kénéh, wantu alam
kadéwaan, sumembah ka sangiang, munjungna ka sang rumuhun, nyambat ka para
batara.

Beunang nungtik ti leuleutik, nyutat nyatet ti bubudak, tataros ti kolot kahot, juru
dongéng alam kuna, ayeuna ditukilna, disusurup kana lagu, ditulad dijieun babad.

Manawi baé ngajadi, ku sadaya dimaranah, didamel conto lalakon, kana geusan
kamulusan, jalan kasalametan, satungtung nyandangan hirup, rumingkang di
pawenangan.

Di dieu babad teu sepi, anu murka anu satia, kabéh watekna katangén, sarta leuwih-
leuwih nista, ngeunahna tugenahna, ganjaran nu mulus laku, naraka ku lampah murka.

Wiwitan anu digurit, aya sahiji nagara, gedé sarta leuwih ramé, ngaran nagara
Riskomar, dina jaman harita, kamashur ku tina unggul, ti saban nagara lian.

Kereta sartana mukti, henteu aya kakurangan, sumembor ka nagri séjén, tina
kamulyaanana, sagala hahasilan, samalah enggeus kasebut, huluwotan dayeuh lian.

Ari anu jadi narpati, ratu di nagri Riskomar, Sri Maha Déwa Pramayon, kongas adil
palamarta, pinter sugih tur gagah, loba ratu anu taluk, jadi bawah paréntahna.

Kagungan putra sahiji, Sang Ratu ti praméswari, pameget kalangkung kasép, dina
jaman harita mah, kongas ka sabuana, kakasihna nu kamashur, Pangéran Purnama
Alam.
Istu kasép katambah lantip, netepan kasatriaan, taya bubudéning goréng, wantu bener
kusumahna, nyekel karaspatian, lungguh pancuh wuwuh ampuh, nyegah sakur lampah
salah.

Ngan aya ku saperkawis, pasangaran salirana, nu narik kana cocogéh, lantaran leuwih
kasépna, loba nu kaédanan, asal kapincut kairut, istri-istri sadayana.

Najan nu boga salaki, ngadadak ménta ditalak, hayang ka Pangéran Anom, tapi
arambon sorangan, taya du dilawanan, kantun ngaberung napsu, murudul abrul-
abrulan.

Tatapi Sang Putra tigin, henteu bingbang teu kagémbang, ku istri anu tarémbong, nutup
anjeun di kaputran, lenggah di pagulingan, buku anu digugulung, nalék sakur kitab-
kitab.

Sabab anu dipigalih, gampang lampah kalacuran, hésé mun ngalap pangartos,
bagbagan kasasmitaan, margi langkung kekelna, nyurupkeun ka jero kalbu,
nyangsangkeun kana pangrasa.

You might also like