Kelas : xi mipa1 Kaca 57 1. Tukang Kembang karya Gagah Nugraha Aulia 2. Nu leungiteun ku Si Aki teh nyaeta Inggit. Pangna leungiteun kulantaran Inggit pang dipikanyaahna geus dianggap incu sorangan 3. Nu dimaksud Si Aki dina carpon teh nyaeta tukang kembang langganan Bu Gumbira jeung Inggit. Urang Panjalu ngaran aslina Abdul Manap 4. Inggit teh sarimbag sareng salah saurang incu ti putra Si Aki pangageungna 5. Jumlah kulawarga Pa Gumbira 5 urang. Ari Inggit teh anak kadua 6. Tokoh dina carpon “Tukang Kembang” nyaeta: a. Inggit b. Pa Gumbira (bapana Inggit) c. Bu Gumbira (ibuna Inggit) d. Ikbal (adina Inggit) e. Jatnika (lanceukna Inggit) f. Abdul Manap (Si Aki tukang kembang) 7. Nu ngusulkeun ngalongok Si Aki kalemburna teh nyaeta Ikbal. Sakantenan amengan ka Situ Panjalu 8. Henteu tulus ngalongokna, kulantaran Si Aki na kaburu datang ka rompok pa Gumbira 9. Si Aki henteu datang datang teh kulantaran nembe ka luar ti rumah sakit. Mobil nu liren di payuneun bumi Pa Gumbira teh mobil putra cikalna Pa Abdul Manap 10. Si Aki jeung Inggit bungah pisan kulantaran geus sababaraha bulan teu patepung sono pisan nepi ka waktos katimu deui Aki jeung Inggit silih rangkul duanana Kaca 59 1.Carpon atawa carita pondok nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Karya sastra dina wangun prosa teh aya dua rupa nyaeta nu disebut prosa buhun jeung prosa modern. Carpon teh kaasupna kana prosa modern. Conto prosa modern lianna, salian ti carpon, nyaeta novel. Sedengkeun conto prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Carpon disebut carita pondok teh kusabab eusi caritana kaasup pondok, nyaeta bisa dibaca ku ngan sakali baca. Panjangna carita carpon biasana ngan lima nepi ka sapuluh kaca majalah. Beda jeung panjang carita nu aya dina novel nyaeta bisa nepi ka sabuku. Palaku nu aya dina hiji carpon biasana ngan dua atawa tilu urang urang.
2.Ciri-ciri utama bedana carpon jeung dongeng nyaeta dongeng biasana mangrupakeun carita khayal sedengkeun carpon biasana mangrupakeun carita hayal atawa nyata. Carpon mangrupakeun bentuk prosa anyar, dongeng mangrupakeun bentuk prosa heubeul. Sedengkeun bedana carpon jeung dongeng sacara lengkap nyaeta : - Dongeng biasana ngabogaan eusi nu mangrupa carita khayal, sedengkeun carpon eusina bisa mangrupa carita khayal atawa oge carita nyata. - Dongeng kaasup carita prosa heubeul, dongeng biasana anu nulisna anonim, eusina biasana nyaritakeun kabaikan nu ngalawan kajahatan, jeung sifatna statis. Sedengkeun carpon kaasup carita prosa anyar, carpon biasana anu nulisna jelas, temana biasana leuwih bebas, ngabogaan sifat anu dinamis. - Saluyu jeung ciri-ciri lianna nu aya dina prosa heubeul, carita dongeng biasana mangrupa istana sentris, ngabogaan sifat-sifat nu aya dina karajaan, fantastis, sarta dipangaruhan ku sastra Hindu jeung sastra Arab. Carpon oge saluyu jeung ciri-ciri lianna nu aya dina prosa anyar, carita dina carpon biasana mangrupa rakyat sentris, bahanna mawa tina kahirupan nu aya di rakyat sakitar, realistis, sarta dipangaruhan ku sastra barat. - Carita khayal dina dongeng oge biasana sok leuwih loba bohongna, saperti aya sato nu bisa ngomong, sedeungkeun carita dina carpon lewuih logis sarta realistis ti batan carita nu dongeng. - Biasana palaku dina dongeng bisa naon wae, saperti umpamana bisa jelema, barang, tutuwuhan atawa oge sato, sedengkeun palaku nu aya dina carpon biasana ngan jelema wungkul.
3.bedana carita pondok atawa carpon jeung novel nyaeta : - Panjang carpon biasana ngan saukur lima nepi ka sapuluh kaca majalah, sedengkeun panjangna novel mah bisa mangrupa hiji buku. - Palaku nu aya dina carpon biasana ngan dua atawa tilu urang, malahan aya oge anu ngan saurang, sedengkeun palaku anu aya dina novel mah biasana leuwih loba ti batan palaku nu aya dina carpon. - Anu dicaritakeun dina carpon mah biasana ngan saukur ngeunaan hiji pasualan, sedengkeun anu dicaritakeun dina novel biasana ngeunaan sababaraha pasualan.
4.Anu jadi ukuran pondok dina carita carpon atawa carita pondok nyaeta relatif umpama dibandingkeun jeung carita lianna anu leuwih panjang, nyaeta saperti carita anu aya dina novel. Sabab umpama dibandingkeun jeung fiksimini mah, carpon leuwih panjang caritana ti batan carita anu aya dina fiksimini. Carita anu aya dina carpon biasana pondok, nyaeta ngan saukur lima nepi ka sapuluh kaca majalah. Salian ti eta, palaku anu aya dina carpon mah biasana ngan saukur dua atawa tilu urang, malahan mah aya oge carita anu aya dina carpon anu palakuna ngan saurang. Anu dicaritakeun dina carpon oge biasana ngan saukur ngeunaan hiji pasualan.
5.rekaan teh nyaeta hal anu dijieun ku jelema atawa lain aya dina kaayaan nu sabenerna
6.Carpon aya di sastra Sunda nyaeta mimiti taun 1929 dina majalah Priangan. Asupna carpon kana sastra Sunda teh lancar, henteu siga dina sajak nyaeta aya anu pro jeung kontra. Waktu sajak asup kana sastra Sunda aya nu kontra nyaeta nu nyebutkeun yen sajak teh henteu saluyu jeung puisi nu aya dina sastra Sunda. Tapi, akhirna sajak bisa katarima jeung bisa tumuwuh mekar dina sastra Sunda Pembahasan Carpon bisa asup kana sastra Sunda sacara lancar sabab wangun carpon anu mangrupa prosa anu henteu pati loba aturan saperti dina puisi. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa modern jeung prosa buhun. Carpon kaasup kana prosa modern. Conto prosa modern lianna nyaeta novel. Sedengkeun nu kaasup kana prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang.
7.- R.A.F (Rahmatullah Ading Affandi): cerita biasa, dongeng entengti pesantren - Rusman sutiasumarga: papacangan - ayatrohaedi: Hujan munggaran - caraka: neangan - tini kartini: jurig nyikarshi
8.Carpon atawa carita pondok, nyaeta karya sastra anu ditulis dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta carpon jeung novel. Geus jadi ciri anu dipikawanoh yen karya sastra anu aya dina prosa modern sumebarna liwat carita anu ditulis saperti dina buku atawa majalah jeung koran, kitu oge carpon anu mangrupakeun karya sastra wangun prosa modern. Sedengkeun dongeng anu manrupakeun karya sastra wangun prosa buhun, sumebarna sacara lisan.