You are on page 1of 1

Nama : Anisya Mutiara Oktavia

Kelas : XII Ips 2

Artikel

kabudayaan Tatar pasundan

Budaya atawa kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya eta buddhayah, nu mangrupakeun wangun
jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi oge akal
manusa. Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kecap Latin “Colere’, nya eta
ngolah atawa ngerjakeun. Bisa dihartikeun oge salaku ngolah tanah atawa tatanen. Kecap culture oge
bisa dihartikeun salaku “kultur” dina basa Indonesia.

Kabudayaan didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun
pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi landasan dina
tingkah-lakuna.

Ku kituna kabudayaan mangrupakeun sarangkaian aturan-aturan, pituduh-pituduh, rencana-rencana,


jeung strategi-strategi nu ngawengku sarangkaian model-model kognitif nu dipiboga ku manusa, jeung
digunakeun sacara selektif Dina nyanghareupan lingkunganna sakumaha kawujudna dina tingkah-laku
jeung tindakan-tindakanna.

Kabudayaan bisa didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu
digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi
pituduh pikeun tingkah lakuna.

Hiji kabudayaan mangrupakeun kabogaan babarengan anggota dina masarakat atawa golongan sosial,
nu sumebarna ka anggota-anggotanna jeung pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun ngaliwatan
proses belajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ka ucap boh henteu (ka
asup oge sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).

Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua
jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung proses diajar nu beda jeung lantaran
lingkungan-lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.

Sedengkeun Sunda nya eta istilah pikeun identitas hiji seke seler nu nyicingan utamana bagian kulon
pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian
kulon Jawa Tengah), nyaeta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut
kabudayaanana.

You might also like