You are on page 1of 2

Hadirin sidang jumah rohimakumulloh.

sadaya puji kagungan Alloh, sholawat sareng salam mugia salamina tetep ka junjunan urang
sadayana nyatana Nabi Muhammad SAW.
Salaku khotib teu kendat-kendat ngawasiatan ka diri pribadi khususna, umumna ka sadayana, hayu
urang sami-sami tingkatkeun kataqwaan ka Alloh SWT.
Hadirin sidang jumah rohimakumulloh,
Naon ari taqwa? Jeung siga kumaha ari jalma taqwa? Taqwa nyaeta ngajalankeun parentah-
parentah Alloh jeung ngajauhan sagala larangan-Na. Aya lima karakter atawa gambaran sifat jalma
anu taqwa.

1. Resep Infaq
Parentah infaq dina waktu keur sagala aya boga tujuan ngaleungitkeun sikep sombong, sarakah,
jeung cinta harta anu berlebihan. Sedengkeun infaq di waktu keur susah boga tujuan ngawangun
kasadaran yen leungeun di luhur leuwih hade tibatan leungeun di handap.

“Sodakoh moal ngurangan kana harta ” (HR. Muslim)


Ulah nungguan beunghar karek sodakoh, sok geura sodakoh! insyaAlloh urang bakal dijadikeun
beunghar ku Alloh. Lain beunghar ku harta wae tapi bisa beunghar ku hate. Rosul SAW ngingetkeun
urang yen harta anu sabenerna nyaeta naon wae anu geus ku urang di infaq keun di jalan Alloh

2. Nahan Amarah
Tina sudut pandang islam, amarah mangrupakeun bencana anu ngaruksak akal, dina waktu hate
keur kaayaan lemah, mangka setan jeung pasukan nana nyieun serangan. Amarah sok ngajadikeun
jalma leungit akal sehatna, omongannana teu ka kontrol, keputusannana teu bijak jeung emosi na
teu ka kendalikeun. Secara medis, loba panyakit nu bakal muncul akibat tina amarah, ti mimiti darah
tinggi, kolesterol, jantung, jeung stroke. Urang moal bakal jadi jalma anu bagja atawa sukses lamun
urang teu bisa ngelehkeun emosi pribadi jeung egois anu kaleuwihan. Pikirkeun, hirup anjeun eta
milik anjeun.

3. Ngahampura Sasama
Hirup memang teu leupas tina kasalahan. Kadang urang nyieun kasalahan ka batur, nya kitu deui
sabalikna. Menta hampura biasana leuwih gampang tibatan ngahampura kasalahan anu dilakukeun
batur ka urang. Ngahampura moal nurunkeun harga diri hiji jalma, justru malah nambahan
kamulyaan, sakumaha pidawuh Rosul

” Alloh moal nambahan ka hiji jalma sifat hampura iwal ti bakal leuwih ngamulyakeun manehna “(HR.
Muslim)

4. Resep Nyieun Kahadean


Jalma ngahina urang tapi urang teu ambek, justru ngahampura jeung nyambungkeun silaturahmi.
Atawa aya jalma nu nganyenyeri urang justru ngahampura jeung nulungan di waktu manehna butuh.
dina nyieun kahadean, lain ngan saukur meunang pahala hungkul tapi meunang ampunan oge ti
Alloh. Alloh bakal ngabales kabehanana tanpa kecuali, sabab Alloh ningali kana tiap pagawean
urang rek nu hade atawa goreng. Alloh hayang ningali jeung nguji naha urang jadi jalma anu syukur
atawa kufur

5. Buru-Buru Tobat
Tobat mangrupakeun kasempetan anu di sadiakeun ku Alloh ka hamba na anu geus ngalakukeun
kasalahan. Moal aya jalma anu bersih tina salah jeung dosa. Tiap jalma bisa salah, bisa tigebrus
kana dosa jeung maksiat. Tobat teu kudu nungguan heula migawe dosa, tapi tiap dosa kudu buru-
buru ditobatan. Sabab pada dasarna manusa anu hirup di dunya aya dina kasalahan, rek kasalahan
dhohir anu katempo atawa kasalahan bathin anu dilakukeun ku hate. Modal tobat lain baju koko,
kopeah, sorban jeung sajadah tapi ku tekad anu buleud jeung niat anu kuat dina hate moal
ngalakukeun deui salah jeung sadar yen Alloh nu mere pituduh jeung narima tobat.

You might also like