You are on page 1of 2

Hadirin sidang jumah rohimakumulloh

Sadaya puji kagungan Alloh, sholawat sareng salam mugia salamina tetep ka junjunan
urang sadayana nyatana Nabi Muhammad SAW, anu mudah-mudahan urang sadaya
kenging safaat na jaga di poe kiamah. Amiin YRA
Sim kuring salaku khotib wasiat ka diri pribadi khususna, umumna ka para hadirin
sadaya hayu urang sami-sami tingkatkeun kataqwaan ka Alloh kalayan taqwa anu
saleres-leresna.
Hadirin sidang jumah rohimakumulloh
Du’a teh nyaeta sarana pikeun meunang kakuatan dina ngudag tujuan hirup anu
ditujukeun ka Alloh SWT.
Lobakeun ngadu’a sabab urang ayeuna keur aya dina zaman anu beurat, zaman
dimana pinuh ku fitnah anu terus-terusan. Fitnah anu datang ti jalma-jama kafir, jeung
nu keuheul kana islam. Urang kudu ngadu’a sangkan Alloh mere jalan kaluar tina
sagala kariweuh,fitnah jeung musibah anu nimpa ka urang.
Lobakeun ngadu’a jeung ulah putus harepan tina rahmat Alloh Azza wa jalla. Alloh
pasti ngabulkeun du’a sok sanajan ku kabijaksanaan-Na eta du’a di tangguhkeun.
Lian ti eta, perlu dikanyahokeun oge yen anu ngahalangan kana dikabulkeunna du’a
urang oge loba. Diantara nu ngahalangan anu paling gede nyaeta barang dahar anu
haram, Du’a teh nyaeta kabiasaan anu kudu dilakukeun sabab urang kudu sadar diri
yen manusa mah lemah teu daya teu upaya anging Alloh SWT. Ngan lamun panto du’a
jeung ijabah geus katutup, naon deui nu bisa ku urang dilakukeun?
Hadirin sidang jumah rohimakumulloh
Hiji waktu aya salah sa urang anu naroskeun ka Ibrahim bin Adham ulama anu zuhud
“saenyana Alloh SWT tos ngajanjikeun dina Kitab-Na yen Alloh pasti bakal ngabulkeun
do’a-do’a hamba-Na. Kami tos ngadu’a unggal poe, beurang jeung peuting, tapi kunaon
nepika ayeuna du’a kami masih can dikabulkeun?
Ibrahim bin adham ngajawab, “Dulur, saenyana aya sapuluh perkara ti aranjeun anu
ngahalangan kana dikabulkeunna du’a ti Alloh SWT,
kahiji, anjeun nyaho ka Alloh tapi teu ngajalankeun parentah-Na
kadua, anjeun maca qur’an tapi teu ngamalkeun kana eusi na
katilu, anjeun ngaku yen syetan teh musuh anu nyata, tapi anjeun justru ngilu kana
jalan manehna
kaopat, anjeun ngaku cinta ka rosululloh tapi anjeun ninggalkeun ajaran jeung
sunnahna
kalima, anjeun hayang ka surga, tapi anjeun justru ngajauhan tina pagawean anu
ngadekeutkeun kana surga
kagenep, anjeun sieun asup ka naraka, tapi anjeun justru ngadeukeutkeun diri ku
pagawean anjeun ka naraka
katujuh, anjeun percaya kana maot pasti datang, tapi anjeun teu pernah nyiapkeun diri
kana bakal datangna eta maot.
Kadalapan, anjeun sibuk neangan kasalahan batur, tapi justru poho kana kagorengan
diri sorangan
Kasalapan, anjeun osok ngarasakeun rizki ti Alloh, tapi anjeun mindeng poho syukuran
ka Alloh
Kasapuluh, anjeun mindeng nganteurkeun mayit ka kuburan, tapi anjeun teu pernah
mawa hikmahna yen anjeun oge bakal ngalaman.
sakali deui, lobakeun ngadu’a, Allah Subhanahu wa Ta’ala bakal ngaleungitkeun
kasusah urang, ku syarat :
Kahiji, ikhlas tina ngadu’a
Kadua, ngajauhkeun diri tina ngadahar barang haram
Mudah-mudahan sagala rupa du’a jeung kahayang urang anu saluyu jeung agama,
sing di ijabah ku Alloh SWT .Amiin YRA

You might also like