You are on page 1of 3

Dokumen Sekolah

Sangat Rahasia
DINAS PENDIDIKAN KOTA TASIKMALAYA
SDS LABORATORIUM UPI KAMPUS TASIKMALAYA
Akreditasi : “A” (Unggul) No. 02.00/203/SK/BAN-SM/XII/2018
Jalan Dadaha No. 18  (0265)7527155 46115 Kota Tasikmalaya
website : sdlab-upitasik.sch.id

PENILAIAN AKHIR SEMESTER GANJIL


TAHUN PELAJARAN 2020/2021
Nama :
Tema/Muatan Pelajaran : Basa Sunda
Kelas/Semester : 5 (lima) / 1 (ganjil)
Hari/Tanggal :
Alokasi Waktu : 60 Menit

A. Bere tanda cakra (x) dina hurup a, b, c atawa d, pilih di hareupeun jawaban
anu bener !
1. Di handap ieu anu teu kaasup kana kaulinan barudak, nyaéta ...
a. Ucing beling b. Babandringan c. Péclé d. Peureum hayam
2. Sifa ngajak babaturanna kerja kelompok.
Kalimah pangajak anu pang benerna nyaéta …
a. Barudak, urang kerja kelompok, yu!
b. Sifa, Soni, Ani urang kerja kelompok, yu!
c. Ran, Son, urang kerja kelompok, yu! ceuk Ani.
d. Barudak keur kerja kelompok.
3. Pék lengkepan kalimah di handap ieu!
… Pa Suha mah palih kalér nu di cét héjo ngora!
a. Korsi b. Bumi c. Méja d. Émbér
4. Kecap barang nu sok aya di dapur, nyaéta?
a. Katél, kompor, pamupus, sapidol, suluh, cangkir
b. Séndok, hawu, télévisi, korsi, computer, kompor
c. Cangkir, katél, céntong, hawu, suluh, kompor
d. Kompor, pamupus, papan bor, suluh, émbér
5. Ieu di handap anu henteu kaasup kana kecap kaayaan, nyaéta …
a. barbarian b. ingkud-ingkudan c. jongjon d. cageur
6. Kecap pananya “sabaraha” dipakéna pikeun nanyakeun …
a. kaayaan b. pilihan c. jumlah d. barang
7. Kalimah ieu di handap anu salah maké tanda bacana, nyaéta …
a. Abdi nuju diajar basa sunda.
b. Iraha aya pasanggiri maca sajak téh.
c. Wan, antosan sakedap, nya!
d. Aduh, patlot abdi kakantun dina kolong bangku!
8. Ieu di handap nu kaasup kana kalimah pananya, nyaéta …
a. Naha manéhna teu sakola
b. Jung atuh geura nyumput
c. Hayu rék miluan hom pim pah mah
d. Urang oray-orayan, yu
9. Kusabab … , lalangit gé bisa katoél.
Kecap kaayaan nu bener pikeun ngeusi nu rompang di luhur, nyaéta …
a. pangpunjulna c. pangjangkungna
b. pangdeukeutna d. pangpendékna
10. Kecap saharti tina kecap “Pakarangan”, nyaéta …
a. tukangeun b. gigireun c. buruan d. handapeun
11. Baca pupuh di handap ieu!
Ramo mah salawasna akur jeung batur
Tara hirup sirik pidik
Komo bari jeung teu akur
teu hirup masing-masing
…………………………….
Dina padalisan kahiji sempalan pupuh di luhur ngabogaan guru wilangan …
a. 10 engang b. 11 engang c. 12 engang d. 13 engang
12. Ari nu disebut padalisan dina pupuh téh sarua hartina jeung …
a. paragrap b. jajaran c. bait d. kalimah
13. Éta pupuh di luhur (nomor 11) téh kaasup sempalan guguritan tina pupuh …
a. Pucung b. Mijil c. Sinom d. Magatru
14. Katangtuan jumlah engang dina tiap padalisan/baris disebutna …
a. guru lagu b. guru wilangan c. guru gatra d. guru wirahma
15. Kalimah nu merenah pikeun ngalengkepan pupuh di luhur (dina soal nomor 11),
nyaéta …
a. Pék conto hirupna ramo c. Kudu hirup kawas curuk
b. Ramo jumlahna lima d. Ramo nu panggigirna cinggir
16. Watek pupuh magatru téh, nyaéta …
a. sayaga rék perang c. sedih atawa prihatin
b. banyol d. gumbira
17. Rampak kendang nyaéta kasenian Sunda nu ngagunakeun waditra kendang.
Rampak kendang hartina …
a. nepak kendang sorangan c. nepak kendang saurang-saurang
b. nepak kendang duaan d. nepak kendang babarengan
18. Kadaharan nu kakebulan jeung kaeunteupan laleur bakal ngakibatkeun …
a. matak séhat c. matak nyeri padaharan
b. matak cageur d. matak pinter
19. Ieu di handap anu teu kaasup kana panyakit kulit, nyaéta …
a. borok b. cacar c. cénang d. mengi
20. Kecap kedul ngabogaan harti sabalikna tina kecap …
a. Melid b. getol c. males d. bangor

B. Pék eusian titik-titik dina pananya di handap ieu kalayan bener!


1. Jang Uha sok dilandi si taraje pedah jangkung awakna.
Dina kalimah di luhur anu kuduna maké tanda kekenteng nyaéta ….
2. Disebut naon ari tembang dina kaulinan barudak téh ….
3. Kecap sabalikna tina “panjang” nyaéta ….

C. Uraikeun pananya-pananya di handap ieu kalayan bener !


1. Pék jieun 2 kalimah pangajak maké basa lemes jeung basa kasar!
Kalimah lemes :
a. ……………...…………………………………………………………………………...
Kalimahna Kasar :
a. ……………...…………………………………………………………………………...
2. Robah kalimah langsung di handap jadi kalimah teu langsung!
a. Ceuk Dani, “Abdi bade jajan heula!”
……………...………………………………………………………………………….
SELAMAT MENGERJAKAN DAN TETAP SEMANGAT . . .
ALLAH SWT MAHA MELIHAT APA YANG SEDANG KITA KERJAKAN ^_^

NPAS (NILAI PENILAIAN AKHIR SEMESTER)

Muatan
Skor
Pelajaran

Basa Sunda

You might also like