You are on page 1of 9

Carita Pantun

Carita pantun dina sastra Sunda, nya éta salasahiji carita rékaan buhun hasil
kabinangkitan urang Sunda, nu dianggit dina wangun puisi (ugeran) kalawan didugikeun sacara
lisan, dina hartos tatalépa ti hiji jalmi ka jalmi séjénna. Alatan kitu, teu anéh upama carita pantun
seueur vérsina, dugi ka aya nu disebat pantun Bogor, pantun Priangan, pantun Baduy, sareng nu
sanésna.
Pantun mangrupi hiji wanda seni nu kawilang parantos sepuh. Catetan pangsepuhna nu
nyebatkeun perkawis pantun aya dina naskah kunaSanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun
1518 nu nyebatkeun pekawis carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, sareng Siliwangi nu
dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa. Pantun anu kawilang kuna nya éta Pantun Bogor
nu dicarioakeun ku Ki Buyut Rambéng.
Kamekaran seni pantun salajengna dicirikeun ku nambihanana carios-carios pantun nu
ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya
Dikusumah, Déngdéng Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung
Kalagan, jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan.
Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antawisna carios Langgasari Kolot,
Langgasari Ngora, sareng Lutung Kasarung.
Kamekaran/kaluhungan seni pantun tos nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu
kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong
Jaya Lahiman sareng Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé,
samentawis dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".

Pamirig
Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Ti ngawitan kacapi kuna sakumaha
nu aya di Kanékés kiwari (kacapi alit 7 kawat), kacapi gelung (tembang, sami sareng nu sok
dianggo dina tembang Cianjuran), dugi ka kacapi siter (Jawa). Anapon laras (tangga nada) nu
dianggo mirig carita pantun, nya éta laras pélog, namung seueur ogé nu nganggo laras saléndro.
Pintonan
Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk: (1) kanggo hiburan sareng (2) kanggo ritual.
Dina pidangan hiburan, nu sok dicarioskeun téh gumantung ka carios nu dikawasa ku juru
pantun, atanapi gumantung nu nanggap. Anapon kanggo ritual, misalna ruwatan, cariosna sami
sareng dina pintonan wayang, kayaning Batara kala, Kama Salah, atanapi Murwa Kala.
Pintonan pantun biasana dipidangkeun kinten jam 02.00-05.00. Rajah dina pintonan
ruwatan langkung panjang sareng karaos sakral tinimbang dina pintonan hiburan nu ilaharna
dipintonkeun kinten jam 20.00-04.00. Sanaos dipidangkeun kanggo tujuan hiburan, pantun teu
tiasa kitu baé ditanggap. Masarakat Sunda percanten pantun téh masih mibanda watek sakral
turta sok dipatalikeun sareng upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun
biasana sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu cariosna museur ka kahirupan raja-raja
Sunda atanapi carios masarakat Sunda.
Sacara umum, pola pintonan pantun tiasa disusun kieu: (1) nyadiakeun sasajén, (2)
ngukus menyan, (3) "rajah pamunah", (4) carita ti bubuka dugi ka panutup, sarta (5) ditutup ku
"rajah pamungkas".
Salaku kasenian nu mekar ti jaman Hindu dugi ka Islam, teu matak ahéng upami ungkara
sareng ajaran ti juru pantun téh mangrupi campuran éta dua jaman. Sapertos aya istigpar (Islam),
istilah-istilah sarupaning "Déwata", "Pohaci", "para karuhun", "buyut", jsb.Kiwari, seni pantun
tos seueur nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya kénéh téh mung kantun sababaraha urang.

Peryogi kauninga ti anggalna, réhna nu dimaksad carita pantun dina sastra Sunda téh,
sanés atanapi bénten sareng pantun dina sastra Malayu. Dina sastra Malayu mah nu dimaksad
pantun téh, nyaéta salasahiji genre sastra nu sarimbag sareng sisindiran dina sastra Sunda, nya
éta aya cangkang sareng eusi nu disilokakeun, dugi ka aya istilah ‘berbalas pantun’. Hidep
tangtos apal pisan kana conto-contona mah, boh pantun Malayu boh sisindiran..
Perkawis gelarna carita pantun, dugi ka kiwari masih aya pamadegan anu teu ragem.
Sapalihna aya nu nyebatkeun yén gelarna carita pantun téh nalika jaman Karajaan Pajajaran,
alatan seueur carita pantun nu ngalalakonkeun atanapi nyabit-nyabit Karajaan Pajajaran. Éta
pamadegan dihulag ku nu sanésna, alatan aya carita pantun nu ngalalakonkeun karajaan
sateuacan jaman Pajajaran, di antawisna carita pantun “Ciung Wanara” nu ngalalakonkeun
Karajaan Galuh, sareng carita pantun “Lutung Kasarung” nu ngalalakonkeun Karajaan
Pasirbatang Girang. Dumasar kana data sajarah, éta dua karajaan téh gelar sareng ngadegna
sateuacan jaman Pajajaran. Ku kituna, tiasa dicindekkeun, sanaos sementawis, réhna carita
pantun téh tos aya ti béh ditu kénéh, ti sateuacan abad ka-14, sateuacan jaman Pajajaran, mung
tiasa janten puncak kajayaan atanapi raraména mah nya éta dina jaman Karajaan Pajajaran.
Carita pantun téh eusina seueur anu pamohalan, sapertos carita dongéng, boh tokohna
boh latar kajantenanana. Upamina waé tokohna téh aya paradéwa, bangsa jin sareng lelembut.
Pon kitu latar kajantenanana, aya di kahyangan, dasar sagara, sawarga, sareng tempat ahéng
sanésna.
Anapon runtuyan caritana, ilaharna diwangun ku galur miang, ujian, sareng mulang.
Miang nyaéta bagian carita nu ngalalakonkeun yén tokoh utamana téh kedah ngalalana, boh ka
leuweung, ka dasar sagara, boh ka hiji nagara. Nalika éta tokoh nuju ngalalana, anjeunna baris
kénging pangrobéda ti musuh-musuhna. Éta bagian carita téh disebat ujian, sarta nalika éta tokoh
lulus tur tiasa ngungkulan rupaning pangrobéda, tur anjeunna mulih deui ka nagara asalna
atanapi ngadeg raja di hiji nagara, éta kalebet kana bagian mulang.
Carita pantun téh dianggap ngagaduhan kakuatan go'ib (sakral), ku kituna dina
magelarkeunana téh tara sagawayah, tapi kedah ditataharkeun heula sanéskantenna, kayaning
sasajén sareng kasayagaan nu nanggap, ogé juru pantunna. Sateuacan magelaran biasana juru
pantun téh sok susuci heula, malih aya kalana kedah saum heula. Juru pantun ngagaduhan
kayakinan yén saéstuna nu mantun téh sanés anjeunna, tapi hiji kakuatan go'ib nu nyanding ka
dirina. Seuseueurna juru pantun téh teu ningal (lolong), malih upami normal ogé, biasana
mantunna téh sok bari peureum.
Carita pantun nu dipagelarkeun sagemblengna ditalar (tanpa buku). Éta pagelaran
lumangsung sawengi jeput, tur dina magelarkeunana biasana dipirig ku kacapi. Kapungkur
pagelaran pantun téh digunakeun kanggo ngaruat, boh bangunan boh ngistrénan, ogé remen
digunakeun kanggo nyalametkeun sareng nganamian orok. Ayeuna mah pantun téh tiasa
dipagelarkeun bébas, malih pasaratanana ogé tara patos dipaliré, kitu deui lalakon pantun tos
seueur nu dibukukeun malih aya nu dikasétkeun.
Babagian Carita Pantun
Carita pantun biasana didugikeun/dibacakeun ku juru pantun dibagi janten sababaraha bagian.
1) Rajah
Rajah biasana dibacakeun/ditembangkeun sateuacan maca carita (eusina). Rajah
téh mangrupi sanduk-sanduk (nyuhunkeun widi) ka nu dianggap ngawasa alam saeusina,
kumargi pantun badé dikawitan. Judul-judul carita pantun anu sok biasa dipedar diantawisna aya
Lutung Kasarung, Ciung Wanara, sareng Mundinglaya Dikusumah.
Di handap, aya conto Rajah dina carita pantun Lutung Kasarung:
Bul kukus mendung ka manggung,
Ka manggung neda papayung
Ka dewata neda suka
Ka pohaci neda suci
Kuring rék diajar ngidung,
Aya ngidung carita pantun,
Ngahudang carita wayang,
Nyilokakeun nyukcruk laku,
Nyukcruk laku nu bahayu,
Mapay lampah nu baheula
Luluning tujuh ngabandung,
Kadalapan keur disuantenng,
Bisina nerus narutus
Bisina narajang alas,
Da puguh galuring tutur,
Ngembat papatan carita
Ti mendi pipasinieun,
Ti mana picaritaeun,
Teuteureuh ti kahijiayan
Ditandéan cupu manik,
Cupu manik astagina,
Dituruban ku mandepun,
Diteundeun dijalan gedé,
Ditunda ku nu ngaliwat,
Ku nu weruh di semuna,
Ku nu terang bijaksana,
Ku nu rancagé diangen,
Dibuka patingha
Nu ménta dilalakonkeun,
Cag!
Teundeun di handeuleum sieum,
Tunda di hanjuang siang,
Paranti nyokot ninggalkeun.
Dicutat tina Pangajaran Sastra Sunda 1995: 94)

Conto Rajah tina pantun Ciung Wanara:

Pun sapun,
Ka luhur ka Sang rumuhun,
Ka Guru Putra Hyang Bayu,
Ka handap ka Sang Batara,
Ka Batara nagaraja,
Ka Batara Nagasugih,
Punika rajah pamunah,
Munah harta munah banda,
Munah lemah katut imah,
Munah kayu katut batu,
Munah cai katut diri,
Munah pakaya sareng salira,
Ngahaturkeun sangu putih sapulukaneun,
Ka Sang Ratu Buligir Patih,
Nu calik di hulu pasir
Ka Sang Ratu buligir Putih,
Nu calik di hulu lebak,
Ka Sang Ratu Harumuk Putih,
Nu calik di dasaring cai

Sun raja pamunah


Pun, sapun!
Ka Raja Pakuan nu calik di Gunung Padang Kulon,
Ka Prebu Ratu Galuh,
Ka ka Buyut Murugul Mantri Agung
Nu tapa di jero gunung
Ka ka Purba Galih, nangkes Pajajaran
(Dicutat tina Pangajaran Sastra Sunda 1995: 95)

Conto Rajah pantun Munding Laya di Kusumah

Pun sapun,
Ka Raja Pakuan,
Nu calik di Gunung Padang Kulon,
Ka Prebu Ratu Galuh,
Ka ka Buyut Murugul Mantri Agung,
Nu tapa di jero gunung,
Ka ka purwagalih,
Nu nangkes pajajaran
Waktu keur ngadegkeun pajajaran,
Dina taun Alip,
Dina bulan Mulud,
Tanggal pingpat,
Poé-poé na Salasa
Hampian ka Ciloliani,
Waktu nyusuk lemah kadampa,
Waktu nyusuk lemah kadampi,
Waktu nyusuk Cisadané,
Cihaliwung nunjang ngidul,
Cisadané nunjang ngalér,
Caina kiruh ti hilir,
Di tengah canémbrang hérang,
Pamuruyan gajah putih
Tempat malim Cihaliwung,
Prebu Susuk Tunggal,
Turunan ti Suku Gunung Gumuruh,
Jalaran ka kanung pandak,
Terasna ka Batu Tulis,
Dongkapna ka Padjadjaran.
(Dicutat tina Pangajaran Sastra Sunda 1995: 96)

2) Narasi
Narasi téh biasana didugikeun dina waktos juru pantun nyambungkeun antawis
hiji kajantenan kana kajantenan anu salajengna.
Contona narasi Lutung Kasarung
a) Caturkeun ratu manggung, carita kahyangan.
Guru minda kahyangan, anak dewata cikalna, titisan Guru Hyang tunggal, seuweu batara
di langit, ngabujang di paradewata, kasép taya papadana, keur meumeujeuhna teguh cangcut.
b) Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa sareng Sunan Ambu, ngalingling
ngadeuleu maling.
c) Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana lutung kasarung, kasarung ku
sadulur, kasimpar ku barayana.
d) Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang bisi kawiwirangan keur
ngawula.
(Dicutat tina Pangajaran Sastra Sunda 1995: 97)
3) Déskripsi
Bagian déskripsi téh mangrupi bagian anu ngagambarkeun prilaku tokoh carita dina hiji
kajantenan saperti putri calik, patih nyembah, hayam disada, sareng sajabana. Bagian déskripsi
téh biasana sok dihaleuangkeun tur sok nganggo gaya basa babandingan anu pikaseurieun/lucu
dina ngagambarkeun kaayaan. Conto déskripsi anu ngagambarkeun satria dangdan dina carita
pantun Lutung Kasarung.
Toroptopan téréptépan,
Sacokot-cokotna meunang,
Sabeulit mahi sagolék pangkék,
Sacangreud pageuh,
Nyigihkeun calana panji,
Sabuk dantun tali anyar,
Keris buat mantalan sari,
Gogodongna Si Julang Anom,
Disorén tungtungna baé,
Kékéwér dicindé kembang,
Panjangna sadeupa mider,
Susumping kembeng jayanti.
4) Dialog
Dialog téh nyaéta obrolan/guneman diantawis parapalaku dina carita pantun. Ku
ayana dialog téh tiasa katawis kumaha karakter palaku-palakuna.
Di handap aya conto dialog/guneman antawis Patih sareng Ciung Wanara dina carita
Pantun Ciung Wanara.
“Dek, ka mana Paman, bet ngaleut duaan?”
Papatih dua némbalan, pokna, “Naha manéh wani-wani ka aing nyebutkeun paman?
Kapan aing téh papatih.”
“Disebat sia ku daék. Disebat paman gé mumul.”
“Naha manéh anak saha?”
“Anak bapa.”
“Saha bapa manéh téh?”
“Salaki indung.”
“Indung manéh saha?”
“Kapan pamajikan bapa.”
5) Monolog
Monolog tiasa disebat nyarios nyalira atanapi nyariosna dina jero haté. Conto monolog
dina Lutung Kasarung:
“Karunya teuing ku Aki Panyumpit, gila ku ruksak, dideuleu Pakuwon, jeg lain
enggon jalma. Rék meneda ka Sunan Ambu, ka Ambu neda pituwuh, ka Rama neda papahat,
muga tulus nya pangjurung, muga laksana pangjiad; rék misahna Aki Panyumpit, penting ieu.”
6) Eusi Pantun
Eusi pantun biasana nyarioskeun perkawis lalampahan raja-raja, satria teuteureuh Raja Pajajaran
atanapi Prabu Siliwangi.

You might also like