You are on page 1of 4

Asslamu’alaikum Warrahmatullahi Wabaraktuh

Bismillahi summal hamdulillah wasolatu wassalamu ‘ala rosulillah


wa’ala alihi wasohbihi wamawwalah. Ashamdualla ilaha ilallah wahdahu la
syarikalah waasyhadu anna muhammadan ‘abduhu warasuluhu lanabiaya ba’dah.
Amma ba’du.

Faqod qolallahu ta’ala Fil Qur’anil Azizil Karim

Al- ayat shodaqollahul’adzim

Waqolannabiyyu Muhammad solallahu ‘alaihi wasallam

Al-Hadits amma ba’du

Unjuk kapihatur ba’da hatur salam, teu aya kecap anu layak ku urang d
ucap, teu aya tutur anu pantes tur payus ku urang dicatur, iwal ti ucapan
Alhamdulillahi rabbil ‘alamin. Kanggo ekspresi bentuk syukur bil lisan urang ka
Allah SWT. Wirehing kalaian qudrat sareng irodat oge inayahna melalui realisasi
jangji haditsna dina ieu wengi urang tiasa kempel dina raraga “Miemut Diisrokeun
srg dimi’rojkeunnana Kanjeng Nabi Muhammad Saw.

Oge sholawat sinareng salam mugia salamina di limpah curahkeun ka


ungjunan urang nabi anu agung yakni habibana wannabiyana wamaulana
Muhammad Saw. Kairing kakulawargina, para shohabatna, para tabi’in atba’u
tabi’in, para ulama, para kiyai, para suhada washolihin, nepak cai malah ceretna.
Mudah-mudahan urang sadayana anu sami hadir kenging berkahna syafaat
kanjeng rasulullah Saw.
Bapak, ibu hadirin sadayana dina ieu waktos simkuring kapeto janten
pangatur waktu pangjajap acara anu insyaAllah bade diuningakeun acara demi
acara ti kawit dugika akhir, mudah-mudahan acara urang sadayana masing
dilancarkeun ku Allah SWT.

1. Pembukaan
2. Aosan Tawasul
3. Aosan Ayat Suci Al-Qur’an
4. Aosan Sholawat
5. Sambutan-Sambutan
6. Mauidzotul Hasanah
7. Do-a Tutup

Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan acara


ieu kalayan aosan basmallah sasarengan.

Dilajeung kana acara anu ka- 2 nyaeta aosan tawasul anu baris
didugikeun ku kersana .............................. sumangga di haturanan

Ngahaturkeun nuhun ka kersana .................................. anu parantos mimpin


tawasul. Mudah mudahan dugi kakaruhun urang sadayan. Aamiin

Dilajeung kana acara anu ka- 3 nyaeta aosan Ayat Suci Al-Qur’an anu
baris didugikeun ku kersana …………………………. Sumangga dihaturanan

Shodaqollahul ‘adzim. Ngahaturkeun nuhun ka kersana……………………….


Anu parantos maoskeun ayat suci Al-Qur’an mudah-mudahan dipaparinan pahala
ku Allah SWT.

Dilajeung kana acara anu ka- 4 nyaeta aosan sholawat anu baris
dilantunkeun ku saderek ……………………….. sumangga dihaturanan, kanggo
ibu bapak hadirin sadayana dihaturanan kanggo ngadeg.
Allahumma sholli ‘ala sayyidina Muhuammad, Alhamdulillah lantunan sholawat
parantos didugikeun, mudah-mudahan urang sadayana kenging syafaat ti kanjeng
Rasulullah Saw.

Dilajeung kana acara anu ka- 5 nyaeta sambutan-sambutan.

1. Ketua Pelaksana ........................................


2. DKM At-Taufiq ........................................
3. Aparatur Pemerintah .................................

Alhamdulillah wasyukru’ala ni’amihi ngahaturkeun nuhun ka


kersana ............................ anu parantos ngadugikeun sambutannana

Acara anu ka- 6 nyaeta acara anu dianti-anti ku urang sadayana nyaeta
mau’idzotul hasanah tabligul islamiyah anu baris didugikeun ku
kersana ......................................... sumangga dihaturanan

Alhamdulillahirobil’alamin, ngahaturkeun nuhun ka


kersana....................................... anu parantos ngadugikeun tausiyahna pamugi
naon anu didugikeun ku mantena tiasa janten amal ibadah oge elmu anu
bermanfaat kanggo urang sadayana. Ammin Ya Allah Ya Rabbal’alamin.

Acara anu terkhir mangrupikeun do’a tutup anu baris pimpin ku


kersana ....................... sumangga dihaturanan

Namung sateuacanna simkuring salaku pengatur waktu pangjajap acara anu


tangtos seer lepatna tinimbang leresna ku kituna neda dihapunten anu saageung
ageungna. Sakitu anu kapihatur

Wallahul muwafiq ila akwamitthoriq

Wassalamu’alaikum Warrahmatullahi Wabarakatuh

You might also like