You are on page 1of 2

Wasta : Rival awaludin

Nim : 185223015

Prodi : PBSD 4

Matkul : Folklore

JAWABAN

1. Nyaéta adat istiadat tradisional jeung carita ra’yat nu diwariskeun sacara turun-
tumurun tapi heunteu dibukukeun; élmu adat istiadat tradisional jeung carita rahayat
anu henteu dibukukeun. Sacara étimologi folklor asalna tina kecap folk jeung lore.
Folk hartina kolétif atawa ciri-ciri fisik jeung kabudayaan nu sarua dina masarakat,
sedengkeun nu dimaksud lore nyaéta tradisi tina folk.

2. Folklor mangrupa salah sahiji kabeungharan sastra heubeul. Ieu sastra folklor mekar
sanggeus William John Thoms, salah saurang ahli kabudayaan ti Inggris
ngabéwarakeun artikelna dina majalah Athenaeum No. 982 tanggal 22 Aguustus 1846
kalawan sandi asma Ambrose Merton.
Dina éta majalah Thoms nyieun istilah folklor pikeun kasopanan Inggris, tahayul,
balada, jeung ngeunaan hal-hal dina mangsa katukang nu saméméhna disebut
antiquities, popular antiquities, atawa popular literature. ti saprak harita, folklor jadi
istilah anyar dina kabudayaan. Tapi dina taun 1865 E.B. Taylor ngawanohkeun istilah
culture kana basa Inggris. Éta istilah mimiti diwanohkeun dina karanganana kalawan
judul Researches into the Early History of Mankind and the Development of
Civilization.
Alatan hal éta, istilah culture diidéntifikasikeun jeung kabudayaan dina umumna,
sedengkeun istilah foklor ngan ngawengku kabudayaan nu sumebar sacara lisan
wungkul.
Di sawatara nagara, masih kénéh aya nu ngagunakeun istilah lain pikeun foklor
saperti di Prancis nu ngagunakeun tradision populair, sarta di nagara-nagara Eropa
lianna nu ngagunakeun istilah volkskunde jeung fol-liv (folk life).
3. Cicirén folklore
 Sumebarna ngaliwatan lisan.
 Sipatna tradisional nu sumebar dina wangun nu relatif sarua.
 Miboga varian-varian nu béda. Hal ieu balukar tina cara sumebarna nu
ngaliwatan lisan nepi ka aya prosés interpolasi.
 Sipatna anonim nyaéta ngaran nu nyiptakeunana teu dipikanyaho ku
masarakatna.
 Miboga rumus atawa pola nu tangtu tur ngagunakeun kekecapan nu nyamuni
ma’nana (implisit).
 Miboga pungsi minangka sarana atikan, hiburan, protés sosial, sarta proyéksi
(eunteung) tina kahayang hiji masarakat.
 Sipatna pralogis, miboga logika sorangan nu teu saluyu jeung ilaharna logika
umum.
 Milik hiji koléktif, lantaran sipatna anu anonim téa nepi ka ngabalukarkeun
unggal anggota kolektif ngarasa miboga éta budaya.
 Folklor sacara umum sipatna polos, lugu, tur spontan alatan mangrupa
proyéksi émosi manusa nu maniféstasina pangjujurna.
4. 3 jenis folklore
 Carita prosa rakyat - Mite nyaéta carita nu miboga kasang tukang sajarah,
dipercaya ku masarakat minangka carita nu bener-bener kajadian sarta
dianggap suci jeung di jerona loba hal-hal goib. Biasana tokoh dina ieu carita
nyaéta déwa-déwi.
 Puisi rakyat - Sajak atawa puisi rayat nyaéta kasusastraan rayat nu geus tangtu
wangunna, biasana diwangun ku sababaraha kalimah, aya nu dumasar kana
mantra, panjang pondokna hiji kecap, alon henteuna tekenan sora, atawa ngan
dumasar kana iramana wungkul.
 Basa rakyat - Wangun foklor Indonésia nu kaasup kana kelompok basa rayat
nyaéta logat (dialék) basa Nusantara, misalna logat basa Jawa ti Indramayu nu
kapangruhan ku basa Sunda, logat basa Sunda ti Banten, logat basa Jawa
Cirebon, jeung logat basa Cirebon Sunda.
5. Numutkeun simkuring cara mértahankeun folklor nyaéta ku cara di diskusikeun jeung
di seminarkeun jeung masarakatna, supaya masarakat apal bahwa foklor nu aya di
masarakat kudu di pake jeung tong kapangaruhan ku folklore nu sejenna.

You might also like