You are on page 1of 3

KLIPING

KAMPUNG NAGA

Disusun oleh :

Nama :Chintya Nur Shadrina


Kelas :8D
Mapel :Bahasa Sunda

SMP Taruna Bakti

2019
Kampung Naga nyaeta kampung adat nu letakna di Desa Neglasari
Kacamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya,Jawa Barat.Pernahna aya
dina liliwitan jalan Garut jeung Tasik.Jauhna ti Garut kira-kira 26
km,ari ti Tasik kira-kira 30 km.
Kampung Naga kaasup kampung adat anu masih keneh nyekel tali
paranti karuhunna.Sesebutan naga pikeun Kampung Naga teh
pondokna tina “na gawir”.Ieu teh dumasar kana perenahna imah-imah
warga di Kampung Naga anu aya dina gawir,sisi walungan Ciwulan.
Asal-usul Kampung Naga henteu pati eces.Perkara asal-usul
karuhunna,warga Kampung Naga oge ngarasa geus “pareumeun
obor”.Cenah mah,leungitna asal-usul karuhun Kampung Naga
lantaran leungitna naskah-naskah nu nyaritakeun karuhunna.
Sok sanajan teu pati jelas,tina katerangan lisan ti Pamangku
Kampung,Kampung Naga diadegkeun ku salasaurang inohong anu
ngaran Sembah Dalem Eyang Singaparana.Inyana salasaurang murid
Sunan Gunungjati ti Cirebon,anu dipapancenan pikeun nyebarkeun
agama islam.Makam Eyang Singaparna aya di leuweung Karamat,anu
parenahna kuloneun kampung.
Kampung Naga aya dina lengkob sisi walungan Ciwulan.Legana
kira-kira 1,5 hektar.Kaayaan lahanna gegedena dipake
imah,buruan,jeung balong.Sesana dipake lahan tatanen saperti sawah
anu dipanen dua kali dina sataun.
Kuloneun Kampung Naga diwatesanan ku leuweung Karamat,di
belah kidul diwatesanan ku sawah-sawah warga,ari di belah kalet
jeung wetan diwatesanan ku walungan Ciwulan,anu sungapan caina ti
gunung Cikuray,Garut.
Anu has ti Kampung Naga nyaeta wangunan imah warga jeung
Pamangku Kampung (Adat).Wangun imahna panggung,suhunan capit
gunting.Bahan imahna tina awi jeung kai.Hateup imahna tina kiray nu
ditutupan ku injuk.Lantena dijieun tina palupuh atawa
papan.Pipindingna ku bilik make anyaman sasag.Aya pantangan yen
imah di Kampung Naga henteu meunang dicet,iwal dimeni jeung
dipulas ku apu.Warga Kampung Naga oge tabu nyieun imah
gedong.Sakabeh imah warga Kampung Naga kudu nyanghareup ka
kaler atawa ka kidul,ngujur ngulon atawa ngetan.
Di sisi belah kulon Kampung Naga aya Bumi Ageung paranti
neundeun barang-barang pusaka.Ari di tengah-tengan kampung aya
masigit paranti ibadah solat warga kampung atawa semah nu daratang
ka dinya.Di belah wetan di sisi walungan Ciwulan,aya balong jeung
aya saung lisung.Saung lisung dipake ku warga Kampung Naga
pikeun nutu pare dina lisung make halu.
Warga Kampun Naga anu dumuk di daerah sejen disebutna warga
sanaga.Sakabeh warga Kampung Naga ngagem agama
islam.Upacara-upacara adat oge rea patalina jeung agama islam.Kitu
deui,kasenian nu aya nyaeta terebang,angklung,jeung beluk.Warga
Kampung Naga pamali nanggap seni nu aya goongna,wayang
golek,penca silat,jeung dangdut.
Sanajan ngagem agama islam,tapi masyarakat Kampung Naga
masih taat kana tali paranti jeung kapercayaan ka karuhun.Warga
Kampung Naga masih miara warisan karuhunna.Dina poe
Salasa,Rebo,jeung Saptu,warga Kampung Naga pamali nyaritakeun
asal-usul karuhunna.Sagala rupa anu datangna lain ti
karuhunna,dianggap tabu.Lamun pamali dirempak atawa teu ngajenan
karuhunna,balukarna jadi mamala keur warga Kampung Naga.

You might also like