You are on page 1of 2

Modul II Ngadongeng

Ngadongeng teh mangrupa salah sahiji kaparigelan nyarita, ngadongeng henteu sarua jeng maca
dongeng. Anu matak dina ngadongeng mah urang kudu bener-bener apal kana dongeng anu rek
didongengkeun. Copelna apal kana jalan carita.

Aya sawatara hal anu ku urang kudu diperhatikeun upama arek atawa eukeur ngadongeng.

Samemeh ngadongeng urang kudu :

(1) Maham kana eusi dongeng jeung jalan caritana


(2) Maham kana palaku katut pasipatanna
(3) Maham kana hal-hal anu dicaritakeun dina dongeng.

Dina prakna ngadongeng, urang kudu :

(1) Ngagunakeun sora anu bedas


(2) Ngedalkeun kekeucapanna bentes
(3) Bisa ngatur temp, henteu gancang teuing jeung henteu kendor teuing
(4) Wirahmana luyu jeung ungkara anu dikeudalkeun
(5) Paromanna luyu jeung ungkara anu dikeudalkeun
(6) Pasang petana luyu jeung eusi dongeng
(7) Sikep sawajarna, henteu kaleulewihi.

Dina Pasanggiri ngadongng anu dijieun teh sacara umum mah ngawengku.

(1) Vokal : Bedas henteuna sora


(2) Intonasi : lentong jeung wirahma
(3) Artikulasi : bentes henteuna nguningakeun kecap
(4) Ekspresi : paroman jeung pasang peta

Pancen 1

Pikeun maham pedaran di luhur, pek jawab atawa terangkeun pananya di handap !

1. Naon bedana ngadongeng jeng maca dongeng?


2. Samemeh ngadongeng, urang kudu maham kana jalan caritana. Naon sababna?
3. Dina ngadongeng urang kudu ngagunakeun sora anu bedas tur bentes teh? kumaha
contona?
4. Cik jentrekeun naon anu di maksud sikep sawajarna sarta henteu kalelewihan?
5. Naon bae anu di ajen dina pasanggiri ngadongeng?

Pancen 2

1. Cik teangan dongeng. Tuliskeun eta dongeng, tong poho nyebutkeun judul jeung sumberna.
Tulis dina kertas folio bergaris
2. Analisis babarengan jeung babaturan sakelompok ngeunaan :

(1). Jejerna

(2). Palakuna

(3). Jalan caritana, jeun

(4). Amanatna

You might also like