You are on page 1of 4

PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS)

SMP NEGERI 2 CIKAJANG


TAHUN PELAJARAN 2020/2021
Mata Pelajaran: Bahasa Sunda
Kelas : XI / 9

A. Pilih jawaban anu paling bener!


1. Kagiatan ngungkabkeum pikiran dina wujud runtuyan kecap/kalimah nu ditepikeun ka
jalma loba disebut …
a. sajak b. ngawih c. biantara d.maca

2. Teu hilap solawat miwah salam mugia salamina ngocor ngagolontor ka paduka alam
jungjungan urang sadaya, nyatana Habibana Wanabiyana Muhammad Saw., ka sadaya
kulawargan, ka para sahabatna, tug tiasa dugi ka urang sadaya salaku umatna, mudah-
mudahan kéngéng safa’atuluzma ti mantennta engké di yaumal jaja walhisab, aamiin ya
robbal alamiin.
Ungkara kalimah di luhur aya dina …
a. Kacindekan biantara c. panutup biantara
b. Eusi tina biantara d. bubuka biantara

3. Bilih aya ungkara basa nu luhur saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan dina
cumarios, ka sadayana neda tawakup anu kasuhun.
Ungkara di luhur biasana sok aya dina biantara bagéan....
a. Bubuka biantara d. simpulan biantara
b. Panutup biantara c. eusi bianatara

4. Nyanggakeun sabrang salayan kalebet cabé mah henteu, nyanggakeun hatur lumayan
kalebet saé mah henteu. Amit mundur amit mungkur, wabillahi taufik walhidayah,
wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Maksud tina ungkara kalimah di luhur nétélakeun yén nu biantara ngarumasakeun ....
a. Masih loba kakurang tur masih atah pangalaman
b. Nu dicaritakeun téh taya nu bener saeutik gé
c. Nu dicaritekeun téh geus balener taya kakurangan
d. Nu dicaritakeun téh ukur ngeusi waktu luang

5. 1) Nangtukeun rankay biantara; 2) Milih tema; 3) Nyusun runtuyan acara; 4) Nyusun


Naskah biantara nu lengkep; 5) Nyiapkeun fisik jeung méntal nu hadé; 6) Muka acara.
Di luhur téh mangrupa …
a. Tahapan tatahar biantara c. tahapan latihan
b. Tahapan macakeun biantara d. tahapan pasanggiri

6. Rupina ti simkuring dicekapkeun sakitu baé, .....bilih seueur saur nu teu kaukur basa nu
teu merenah larapna, luhur saur bahé carék neda tawakup nu kasuhun.
Kecap nu merenah keur ngalengkepan ungkara kalimah di luhur...
a. Hampura d. permisi
b. maafkeun c. hapunten

1
7. 1) Mibanda tujuan anu jelas;
2) Bahasana leuwih cenderung formal;
3) Eusi biantara ngandung bebeneran;
4) Nepikeun biantara luyu jeung situasi hadirin;
5) Nepikeunana jentré sarta pikatajieun.
Anu ditataan di luhur téh kaasup kana...
a. Ciri biantara nu hadé c. Ciri bahasa nu bener
b. Ciri naskah nu hadé d. Ciri téma nu hadé

8. Bapa pupuhu sakola dina acara muka kagiatan MPLS ngadugikeun biantara Bapa Bupati
dina raraga muka kagiatan sacara resmi. Biantara seperti kitu hartina Bapa pupuhu sakola
téh ngagunakeun metodeu biantara nu disebut...
a. Impromto c. Naskah
b. Ekstemporan d. Memoriter

9. Aya 4 metode anu bisa digunakeun dina biantara, iwal …


a. Impromptu c. ekspresi
b. Naskah d. ekstemporan

10. Anu kaasup kana étika biantara anu hadé …


a. Sikep nyekelan teks kudua leungeun c. maca biantara sabari jamotrot
b. Bahasa anu kasar d. pakéan bersih, rapih, sopan.

11. Karangan anu mertelakeun hiji perkara kalawan écés nepi ka bubuk leutikna disebut
karangan …
a. Narasi c. Déskripsi
b. Eksposisi d. Fiksi

Baca cutatan di handap ieu pikeun ngawler pertanyaan no 12!


Kabupatén Garut mangrupa salah sahiji kabupatén anu ngabogaan kakayan alam anu
éndah tur resik, loba pisan kamonésan has anu kasohor ka unggal daérah. Salian kasohor
tina kamonésan has Garut, diwuwuhan ogé ku obyék wisata anu alami seperti
Papandayan, Cipanas, Situ Bagendit, Curug Orok, Basisir Santolo jeung obyék wisata
lianna. Sajabana ti éta kasohor ogé tina widang kulinérna kayaning dodol garut, burayot,
ladu, dorokdok, opak wajit jeung sajabana. Karajinan tina kulit kayaning jéket, sapatu,
tas, dompét, péci, beubeur jeung sajabana.
Salian ti kakayaan alam nu mangrupa obyék wisata di luhur, Garut ogé miboga ciri has
nu mangrupa ajén budaya kalintang lulurna anu masih dicekel pageuh ku sékésélérna.
Masih aya kampung atawa désa anu nyekel pageuh kana ajén budaya adat istiadat,
norma, jeung étika karuhun.

12. Cutatan di luhur mangrupa paragraf ..... dina wacana déskripsi.


a. Eusi
b. Bubuka
c. Panutup
d. Kasimpulan

2
13. Karangan deskripsi mibanda ciri-ciri ieu di handap, iwal …
a. Mertélakeun hiji perkara kalawan jéntré tur écés.
b. Eusina mangrupa carita hayalan
c. Pertélaanana loba ngalibetkeun unsur dria.
d. Bisa ngajak nu maca ngarasa ngalaman sorangan.

14. Struktur teks deskripsi anu nyaritakeun inti pedaran disebut …


a. Bubuka c. kacindekan
b. Eusi d. panutup

15. Hal anu ahéng di éta kampung di antarana wangunan imah anu mangrupa tempat
panganjrekanana dina struktur jeung bentuk arsitékna disaruakeun (saragam). Aya
sababaraha puluh suhunan imah anu disusun dina kaayaan tanah anu sarua latarna
tur ditumpa-tumpa kalayan rata. Tiap tingkatan latar tanah aya jajaran imah anu
ngujurna sarua ti kulon ka wétan.
Déskripsi téh mangrupa wacana nu loba ngalibatkeun panca indra, seperti paragraf di
luhur leuwih loba nerangkeun hasil panitén tina dria.....
a. Pangraba c. Paningali
b. Pangdéngé d. Pangrasa

16. Kalayan 40 kapala rumah tangga sarta jumlah penduduk 172 urang anu kaasup
anggota Kampung Dukuh jero sarta 70 kapala rumah tangga nu kaasup kampung Dukuh
luar. Pakasaban sapopoéna nu paling utama tina tatanén, ingon-ingon kayaning hayam,
éntog, embé, domba, muning, miara lauk jeung usaha paranti ngagiling paré.

Pakasaban sapopoé nu paling utama di kampung Dukuh nyaéta tina widang...


a. Tatanén c. Ngawarung
b. Dagang d. Nelayan

17. Sikap sopan santun, ramah tamah, jeung hirup nu basajan warga kampung dukuh
ngagambarkeun sikap budaya sunda anu kasohor ramah ka papada jalma. Sadaya
warga di éta kampung satékah polah nyaluyukeun kahirupan sosial jeung budaya ku
prilaku anu teu weléh ngahargaan kana kaayaan alam. Dua hal éta anu payus
digugu jeung ditiru ku masarakat anu aya di dayeuh.
Kacindekkan tina paragraf di luhur nyaéta....
a. Masarakat kampung Dukuh kasohor ramah
b. Masarakat kampung Dukuh ngahargaan kaayaan alam
c. Masarakat kampung Dukuh gambaran sikep budaya Sunda
d. Masarakat kampung dukuh sok pada nurutan ku masarakat kota

18. Pakasaban sapopoéna nu paling utama tina tatanén, ingon-ingon kayaning hayam,
éntog, embé, domba, muning, miara lauk jeung usaha paranti ngagiling paré.
Pakasaban hartina...
a. Paranti ngagiling paré
b. Paranti usaha di kampung Dukuh
c. Pagawéan anu bisa ngahasilkeun
d. Kabiasaan nu dilaksanakeun sapopoé

3
19. Salian ti Kampung Dukuh aya sawatara kampung adat nu aya di wewengkon
kabupatén Garut, nya éta kampung .....
a. Kampung Naga c. Kampung Kanékés
b. Kampung Kuta d. Kampung Pulo

20. Rupana aya nu héjo aya ogé nu semu bodas, kulitna katingali rérégéan bentukna
rada lonjong panjang. Éta jenis sayuran téh numutkeun panalungtikan ngandung
vitamin nu alus pikeun awak urang. Lamun nu kurang paham dina ngolahna mun
didahar karasana ku létah téh pait pisan.
Nu didéskripsikeun dina paragraf di luhur nyaéta ngaran salahsahiji sayuran nu
disebut...
a. Bonténg c. Térong
b. Paria d. Waluh

B. ÉSAY
Pék jawab pananya ieu di handap kalayan bener!!
1. Jéntrékeun naon nu dimaksud biantara téh?!
2. Sebutkeun dina acara naon waé nu biasana maké biantara resmi?
3. Cing jieun ungkara basa (kalimah) pikeun panutup biantara!
4. Karangan déskripsi diwangun ku sabaraha bagian? Sebutkeun sarta jelaskeun!
5. Sebutkeun kumaha léngkah-léngkah nyieun karangan déskripsi!

You might also like