You are on page 1of 4

CINTA DUA ALAM

(ku : Fadhilah Haifa Zahiroh


Kacaritakeun dina hiji kampung nu ngarana Ciareuy, aya hiji jalma nu ngarana Gintir.
Manehna téh sosok jajaka anu kasép pisan. Awakna bodas, jangkung badag, matana sipit,
irungna rada pesek sih, tapi bageur tur rajin deui. Teu anéh lamun Gintir nu boga katurunan
Cina-Sunda téh dipikaresep pisan ku wanoja-wanoja di kampungna. Tapi cinta Gintir mah
jang Sindri hungkul, wanoja nu katelah miskin tapi anjeunna téh geulis pisan.
Gintir jeung Sindri geus bobogohan kira-kira sataun. Salila eta, maranéhna geus
ngabujuk abahna Gintir jang ngawidian hubunganna. Tapi naon kanyataanna, cintana Sindri
jeung Gintir teu diwidian. “Abah mah moal ngawidian manéh jeung awewe ieu. Abah teu rela
anak Abah kawin jeung jalma nu miskin jiga kieu.” Ceuk abahna Gintir. “Abah, dangukeun
nya! Rezeki jeung jodoh tos aya nu ngatur bah, Gintir moal miskin ngan gara-gara kawin
jeung Sindri jodohna Gintir” témbal Gintir. “Ahh.. rék kumaha gé Abah mah moal satuju!”
Abah negaskeun deui kaputusanna. Ku kituna Sindri nyeri haté nepi ka mutuskeun bunuh diri
di kamarna sorangan ku cara nginum obat nyamuk.
Ti sapeninggalna Sindri, Gintir téh jadi jalma nu introvet, manéhna mutuskeun rék
ngurus kebon deui daripada mikiran waé sang pujaan hati téa. Dina hiji poé, pas Abah keur
nonton sinétron kabeukina di tengah imah, parabotan nu aya didinya ngarapung, lampuna
hurung-pareum waé. “Ampun Gusti.. ieu aya naon, naha ngararapung?!! Tuluung..
tuluung..!!” Ku bakat ku sieun, Abah téh langsung ngabelecit kaluar ménta tulung.
Bari gogorowokan si Abah lulumpatan, di jalan manéhna pasangrok jeung hiji jalma
maké baju hideung-hideung nu ngakuna mah jalma sakti. Teu mikir panjang, Abah langsung
nyaritakeun kajadian di imahna tadi. “Hmmm,,, kitu caritana. Ayeuna mah manéh kudu
miceun parabotan nu ngapung tadi ka handapeun tangkal buah sisi balong.” Ceuk jalma sakti
téh sanggeus ngadéngékeun carita si Abah. “Naha maké dipiceun?” tanya Abah ku bakat
panasaran. “Di imah manéh aya tuyul nu rék maling parabotan matakna ngararapung eta
parabotan téh. Tah cara ngusir tuyulna téh manéh kudu ngaleungitkeun parabotan éta.”
témbal jalma sakti. Geus kitu Abah geuwat miceun sakabéh parabotan di imahna salian
parabotan di kamarna Gintir nu dikonci. Di tukangeun tangkal badag si jalma sakti éta geus
nyiapkeun mobil jang mawa parabotan éta. Ku bakat sieun, Abah mah cangcaya wéh ka éta
jalma sakti. Manéhna teu sadar geus katipu ku cara nu teu abus akal.
Balik ti kebon, Gintir téh reuwas naha parabotan di imahna areuweuh. “Abaaah..
kamarana ieu parabotan naha laleungitan?” Gorowok Gintir. “Tadi aya tuyul nu rék maling
ieu parabotan. Jadi dipiceunan wéh ku Abah téh méh tuyulna teu balik deui kadieu.” Témbal
Abah ku polosna. “Ampun Abah.. ceuk saha éta?” Tanya Gintir bari gereget. “Ceuk jalma
sakti tadi papanggih di jalan.” Gintir téh kesel terus abus wéh ka jero kamar rék puasa
ngomong ka Abah saminggueun. Dina Saminggu éta loba kajadian teu abus akal nu nimpa ka
Abah. Tapi carita kumaha gé Gintir mah teu daék ngadéngékeun Abahna.
Ku sabab geus saminggu leuwih sadetik Gintir mutuskeun ngahampura Abahna. “Gin,
ayeuna urang geus hahampuraan, kumaha ayeuna urang néangan calon istri?” Gintir nyamber
kawas lélé nu dibéré cacing. “Jang saha bah, jang Abah? tong atuh bah mimih aya kénéh di
Cina. Wios wéh tos ceré gé. Da cinta kénéh Abah mah pan?” “Ehh, jang Gintir atuh Gin
manya jang Abah. Ké Abah pangnéangkeun nu panggeulisna.” Gintir nu can bisa move on ti
Sindri nyoba nolak paksaan abah tapi akhirna mah kabujuk ogé da Abah ngancem rék bunuh
diri. Dipilihkeun weh Férine, wanoja katurunan Sunda-Polandia nu geulis pisan jaba
beunghar deui tapi hirupna sorangan jadi moal aya nu ngalarang rék kawin jeung saha ogé.
Singket carita, duanana téh kawin di imahna Férine. Datang tah Gintir, Abahna, lebé,
saksi jeung kulawarga nu séjén mawa seserahan saayana. Datang waktuna ijab qobul, saha nu
nyangka pangantén istri téh kaluar dina kaayaan kawas nu gelo. Buukna diguntingan, bajuna
disoék-soék. Pas geus diuk di gigireun Gintir, Férine téh kalakah ngamuk. Nya puguh wéh
tamu nu daratang téh kalalabur da sarieuneun. “Arghhhhh... Saha wae nu rék misahkeun cinta
Sindri jeung kang Gintir bakal ngarasakeun akibatna.!!! ” Férine ngamuk bari nunjuk Abahna
Gintir. Teu disangka Abahna Gintir téh langsung ngalayang tapi labuh deui. Sanggeus kitu
Férine pingsan. Ari Gintir bingung rék kumaha, akhirna mah Gintir téh nelepon ambulan rék
mawa Abahna jeung Férine ka rumah sakit.
Nepi di rumah sakit Abah langsung di rawat. Ari Férine mah langsung sadar,
manehna bingung naon nu terjadi ka dirina. “Dimana Férine kang? naha Férine aya di dieu?
Naha baju Férine sararoek? kumaha acara kawinanna kang?” Férine nanya teu ereun-ereun ka
Gintir. “Rine tenang, tenang. Ayeuna Férine istirahat heula tong dipikiran nya! Férine tos
sadar pan. Ayeuna akang bade ningal Abah heula.” “Abah kunaon kang?” Tanya Férine. “teu,
teu kunanaon.” Ceuk Gintir nutupan kaayaan Abah. Nepi di kamar Abahna dokter keur
nutupan beungeutna Abah. Gintir ngagorowok satarikna. “Abaaah.. naha ieu terjadi ka diri
abdi. Baah tong maot bah.. abah.. engké hutang nu mayaran saha?” Ceurik wéh Gintir téh. Di
luar kamarna Abah, aya pasién nu lumpat ka apoték. “Aya naon itu bu? Naha lulumpatan?
Abi keur sedih téh teu ngarti pisan?” Tanya Gintir bari kesel. “Itu kang, aya nu kasurupan
sigana mah. Da maké baju pangantén kang.” Jawab si Ibu. Belecit wéh Gintir lumpat ngudag
Férine. Tapi naon nu katingali ku Gintir, Férine ngagolépak dina tehél bari bahamna
ngabudah. “Akang sahana pasién ieu?” Tanya apotéker. “Abi calon suamina téh..” “Kang,
tadi pasién ieu nyandakkan obat nu aya didieu terus diinum sadayana sakaligus. Abi teu bisa
nahan kang tadi abi disurungkeun satarikna ku pasien ieu.” Témbal apotéker téh. “Gusti.. Aya
naon ieu téh naha bisa kieu..” Ceuk Gintir bari cirambayan.
Sanggeus abah sareng Férine di kubur, Gintir téh sorangan diimahna. Mulai aya
kajadian aneh nu aya diimahna. Tiap isuk pasti aya dahareun di dapurna. Tiap peuting aya
kembang mawar di sisi kasurna. Nepi dina hiji peuting aya sosok awéwé geulis aya di
kamarna. Gintir panasaran trus ngadeukeutan, pas ditingali éta téh Sindri keur nyiapkeun
dinner romantis khusus jang duaan. Gintir téh reuwas naha Sindri aya deui. “Akang.. Akang..
Kadieu kang hayu urang dinner! Sindri terang Akang pasti can tuang, hayu kang.” “ieu bener
Sindri ?” tanya Gintir bari ngadérégdég. “Nya kang ieu Sindri. Apal yén éta téh Sindri
langsung wéh nangkeup jiga nu embung ngaleupaskeun Sindri deui.
Dina keukeupan jurig Sindri, Gintir téh nanya bari rada ambek. “Naha Sindri bunuh
diri? Urang pasti bisa ngaliwatan masalah ieu babarengan. Teu kudu bunuh diri kawas kieu.
Sin, Akang teu bisa hirup tanpa Sindri.” Sindri némbalan bari ngaleupaskeun Gintir.
“Bohong, Akang tong ngabohong! Buktina pas Sindri balik ti Prancis Akang rék kawin jeung
awéwé éta” Témbal Gintir. “Ohh sin, jadi kajadian pas kawinan téh ku Sindri?” Témbal jurig
Sindri deui. “Nya kang, spontan atuh Sindri téh ambek, lebet wéh Sindri téh ka ragana
awéwé éta. Akang tong kitu deui nya! Sindri téh cintaaa pisan ka Akang. Sindri hoyong
Akang jadi suami Sindri.” Témbal Gintir bari reuwas. “Hahh, kumaha Sin? Ayeuna urang
geus beda alam, kumaha carana urang kawin?” “bisa kang, Sindri aya hiji cara. Tapi éta gé
lamun Akang rék ngorbankeun nyawa jeung hirup Akang demi Sindri.” “Kumaha carana Sin.
Akang rék ngalakukeun naon waé asalkan cinta urang bisa ngahiji deui.” Tanya Gintir.
“Akang kudu bunuh diri atawa Sindri nu ngabunuh Akang.” Témbal Jurig Sindri. “Bunuh
Akang ayeuna kénéh Sin.” Spontan Gintir ngajawab. “Akang? Sindri teu nyangka Akang
ngorbankeun nyawa Akang demi Sindri.” Gintir mawa péso ka dapur terus nyepengan
leungeun Sindri langsung wéh nancepkeun péso ka beuteungna. “arghhh” gorowok Gintir ku
sabab nyeri. “Akaaaang..!! ” Sindri ngagorowok satarikna.
Teu lila, arwahna Gintir kaluar tina awakna. Gintir langsung ngeukeupan Sindri
bakating ku bahagia. Éhh keur kitu datang Abahna Gintir nu geus jadi jurig. “Éits.. ohh nu
ngajailan Abah téh manéh Sindri? Nu nyebabkeun hirup Abah jeung Gintir acak-acakan téh
manéh nya?” Tembal Gintir. “Abah, teu di alam dunya teu di alam jurig Abah mah aya waé
da ihh. Teu bisa wéh bahagia Gintir jeung Sindri téh.” Sindri langsung menta hampura ka
abah. “Abah hapunten nya! Sindri bilih aya kalepatan ari sami jurig mah kudu silih asah, silih
asih, silih asuh bah.” Abah nembalan. “Ah, ngomong naon manéh?” Maranéhna paréa-réa
omong teu eureun nepi ka mayitna Gintir téh busuk jadi bangké.”Éhh heuuuup bah, atos, ieu
kumaha mayit abi can di kubur geus bau kieu. Tatangga kamarana nya? Naha ni teu paduli.”
Gintir kukulutus. “Piceun wéh ka balong lah berekeun ka tuyul bisi hayangeun.” Dipiceun
weh mayitna Gintir téh ka balong ku para jurig. Éhh pas miceun éta mayit aya jurig lain nu
ngadeukeutan, para jurig téh sarieuneun terus nyumput ka imah Gintir. Pas ditilik-tilik éta téh
Férine. Manéhna ménta pertanggungjawaban gara-gara teu jadi kawin. Akhirna mah hirup
Gintir jeung Sindri di alam jurig gé teu tenang da diganggu waé ku Abah jeung si Férine.
Cinta Sindri jeung Gintir teu bisa ngahiji ku cara kumaha gé da lain takdirna meureun. Di
alam dunya aya si Abah, di alam jurig ge aya si Abah katambahan deui Férine nu nagih waé
dikawin. Matakna ari aya masalah ulah putus asa komo deui bunuh diri ku kitu masalah moal
rengse tapi kalakah nambahan.

TAMAT

You might also like