Professional Documents
Culture Documents
Contoh Artikel Bahasa Sunda
Contoh Artikel Bahasa Sunda
Di jaman kiwari loba kénéh masarakat nu percaya yén juma’ah kliwon téh
peuting nu keramat jeung angker. Peuting juma’ah kliwon, nu di itungan tanggal
jawa lumangsung 35 poé sakali téh cenah ngabogaan keistiméwaan lamun
dibandingkeun jeung peuting-peuting nu lain. Loba mitos nu aya di kahirupan
masarakat hususna masarakat jawa kuno yén ulah kaluar peuting, lamun maot pas
peuting jumaah kliwon kudu dijagaan, kudu ngaji, jeung sajabana.
Mitos nu kadua nyaéta jalma nu maot pas peuting jumaah kliwon kudu
dijaga salila 40 poé. Masarakat jawa kuno percaya kénéh yén jalma nu maot dina
peuting jumaah kliwon atawa salasa kliwon sanggeus dimakamkeun téh astana na
kudu dijagaan salila 40 poé supaya jasadna teu dicolong ku jalma nu keur
ngamalkeun élmu hideung. Di jaman kiwari loba kajadian di negri urang jalma nu
nyolong jasad ku sabab dijadikeun sarat meunangkeun élmu kebal, sarta tumbal
pesugihan.
Ari dina ajaran Islam mah teu aya poé pancawara téh saperti kliwon, wagé,
pahing jeung sajabana, jadi kabéh peuting juma’ah téh sarua. Malah ari di Islam
mah poé juma’ah téh diistimewakeun sabab sababaraha fakta. Fakta nu kahiji
nyaéta di peuting juma’ah disunnahkeun ngaos Yasin jang ngadu’akeun jalma nu
tos teu aya. Yasin nu dibacakeun téh bakal ngaringankeun siksa kubur jalma nu
dituju.
Fakta nu kadua lamun maot di peuting juma’ah téh bakal bebas ti anceman
siksa kubur. Umat muslim mercayaan yén jalma nu maot dina peuting juma’ah
kliwon atawa peuting juma’ah lianna téh pertanda yén jalmi éta téh jalma bageur
nu bakal bébas ti anceman siksa kubur anu peurih.
Fakta nu katilu, dina peuting juma’ah teh du’a bakal dikabulkeun ku Gusti
Allah SWT. Dina poé juma’ah aya wanci-wanci dikabulkeunna du’a, umat
muslim loba nu ngalakukeun sholat sarta ménta pitulung ka Allah, sangkan
kahoyongna dikabulkeun.