You are on page 1of 2

Artikel Bahasa Sunda

TENTANG KASEHATAN

Nama : Salsan Sya’bana Zahra


Kelas : XII IPA 2

Seureuh Ubar Kampung Urang Sunda


Nepi ka kiwari daun seureuh mindeng dipake ubar kampung atawa tradisional, pangpangna di
pakampungan anu jauh keneh ka tempat praktek dokter. Lamun seureuh dipakeubar, biasana sok
dicampuranku bahan bahan sejenna, kayaning apu, uyah, gula beureum, jeruk nipis jeung nu lain lainna
deui. Ku lantaran resepna asalna ti pakampungan, biasana ubar tradisional model kieu teh sok disebut
ubar kampung.

Urang Sunda geus ti baheula wawuh jeung serureh (piper betle). Seureuh teh aya rupa rupa, nya tea
seureuh Jawa, rupana hideung sarta leuwih lada; seureuh nu rada beureum uratna, ngaranna tikuhur;
jeung seureuh nu hejo uratna.

Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat, daunna sari lada, sok dipake nyeupah jeung dipake ubar.
Sanajan kiwari wanoja nu ngarora langka nyeupah, tapi seureuh masih aya keneh dijarualan di tukang
rampe.
Seureuh bisa dimangpaatkeun atahna, oge bisa diolah heula jadi minyak. Lamun aya nu raheut, bisa
dibalurak ku minyak seureuh atawa bisa oge daun seureuhna dirieus, dicampuran apu saeutik, tuluy
ditaplokkeun ka nu raheutna.

Pikeun ubar nyeri panon, seuruhna sabada dikumbah beresih, tuluy digelang ditinyuh ku ciatah. Eta cai
seureuh teh dipake meresihan panon nu nyeri tea. Pikeun ubar batuk, daun seureuhna dirieus dicampuran
apu, tuluy dibalurkeun akana beuheung. Anu nyeri dada oge bisa diubaran ku seureuh nu meunang
ngarieus kira kira lima lambar, dicampuran ku minyak hades, apu, cai jeruk nipis, kina tipung, jeung
bawang beureum sapotong.

Seureuh matak kuat kana huntu. Ku kituna, nu sok rajin nyeupah mah langka anu nyeri huntu. Jadi,
pangaruhna gede pisan. Dina iklan odol (pasta gigi) aya anu make daun Seureuh minangka salahiji
bahanna. Kitu deuhi seureuh sok dipake paranti kekemu (obat kumur). Lian ti eta, nu bau baham oge
bisa dikurangan ku seureuh, ku cara meuweung salambar atawa dua lambar seureuh. Mun bisa mah
seureuh nu dibeuweung tadi teh terus diteureuy.

Mangpaat daun seureuh bisa oge keur ngubaran sariawan. Panyakit sariawan dina istilah urang Sunda,
biasana sok ditandaan ku kaluarna getih tina liang pangambung. Dina basa Indonesia mah disebut
mimisan. cara ngubarana, daun seureuh dipintel pintel, jiga aki urang nu sok leukeun keneh ngaroko
make daun kawung. Daun seureuhna ge dipintel pintel jiga kitu. Tuluy daun seureuh nu meunang mintel
mintel tea teh dicocokkeun kana pangambung. Insya Allow, moal lami deui oge getihna bakal saat.

Kiwari geus langka wanoja Sunda nu nyeupah. Kitu ge geus karolot pisan. Ku kituna, seureuh geus teu
pati dipikawanoh mangpaatna ku nu ngarora. Padahal dina seureuh teh loba zat nu aya mangpaatna
pikeun awak urang.

Disarungsum tina : 
Majalah pendidikan, Cahara Bumi Siliwangi
No. 1.Maret.2009.Kaca 38-40. (Ruhaliah)

You might also like