You are on page 1of 1

YAYASAN MAFAZA INDONESIA Rabu, 21 April 2021

SDIT IMAM BUKHARI


TUGAS Basa Sunda KELAS 4

Mikaweruh Tatarucingan atawa Teteguhan

Tatarucingan atawa teteguhan nyaeta kaulinan neguh hiji hal, boh barang,
tutuwuhan, bungbuahan, jeung sajabana dumasar kana kalimah anu nuduhkeun
ciri-cirina.

Conto:
Sato ieu sok silih bantuan jeung sasama. Teu kaop papanggih, sok sasalaman.
Dumasar kana jumlahna, sato ieu pang lobana.
Ngaran satona: sireum

Pancen hidep!
Ayeuna hayu urang diajar bari ulin. Pek ku hidep teguh ngaran sasatoan nu
disartakeun dina kalimah di handap ieu! Tulis dina buku pancen !

1. Awakna gede, boga tulalean jeung sihungan. Ceulina oge gede. Sok sesemprot ku
cai.
Ngaran satona: ____________________
2. Hirupna di jero taneuh. Awakna sok pararanjang jeung beureum. Sok mantuan
patani pikeun nyuburkeun taneuh.
Ngaran satona: ___________________
3. Awakna gede, kulitna heuras. Boga tanduk anu sok disebut cula. Kadahareunana
jukut jeung sabangsa tutuwuhan. Lamun leumpang sok ngagegag. Ayana di
leuweug geledegan. Salah sahiji sasatoan anu ditangtayungan ku pamarentah.
Ngaran satona: _____________________
4. Awakna leutik, kulitna belang. Boga jangjang keur ngapung. Sok ngahasilkeun
madu. Lamun nyoco matak bareuh.
Ngaran satona: _____________________
5. Jangjangna leuwih gede batan awakna. Alus pisan ditinggali teh. Sok jadi hileud
anu pikagilaeun. Oge sok jadi cacaka.
Ngaran satona: _________________

You might also like