You are on page 1of 2

Assalamualaikum Wr. Wb..

Wilujeng enjing ka Sadayana, bapa/Ibu Guru anu ku sim abdi dipihormat sareng sadaya
rerencangan anu ku sim abdi dipikanyaah.

Ti payun mangga urang kedalkeun puji sinareng sukur heula ka Allah S.W.T anu dimana
salawasna nyalindungan urang sadayana, solawat sinareng salam kanggo Nabi Muhammad SAW. Nu
alhamdulillah urang tiasa tepung lawung dina danget ieu, dina kaayaan sehat wala'fiat.

Hadirin anu kusimabdi dipihormat. Dina ieu kasempetan teh sim abdi bade medarkeun
ngeunaan bahaya Narkoba pikeun urang sadaya.

Narkoba singketan tina "narkotika sareng obat-obatan terlarang" anu tiasa ngabahayakeun tur
ngabogaan resiko kacanduan pikeun nu makena. Saur pakar kesehatan, narkoba teh sabenarna mah
senyawa-senyawa psikotropika anu biasa dipake pikeun ngabius pasen anu rek dioperasi atawa
dipake pikeun ngubaran panyakit nu tangtu.

Narkoba jadi haram, lamun geus dipake di luar maksud atawa disalah gunakeun. Narkotika kabagi
jadi 3 golongan, diantawisna nyaeta:

Narkotika golongan ka-hiji, Nyaeta narkotika anu pling ngabahayakeun. Daya adiktifna atawa matak
nyanduna kuat kacida. Golongan ieu sakuduna mah ukur dipake pikeun panalungtikan di
laboratorium pikeun elmu pangaweruh. Conto jenis narkoba golongan kahiji ieu di antawisna nyaeta:
ganja, heroin, kokain, morfin, jeung opium.

Narkotika golongan ka-dua, Jenis narkotika golongan ka-dua ieu daya adiktif kawilang kuat, kuduna
ukur dipake pikeun ngubaran jeung panalungtikan. Conto jenis narkoba golongan kadua nyaeta:
petidin, benzetidin, jeung betametadol.

Narkotika golongan ka-tilu, Narkotika golongan ieu nyaeta narkotika anu daya adiktif pang
hampangna, tapi sarua bae ukur bisa dipake pikeun ngubaran jeung panalungtikan. Conto jenis
narkoba golongan ka tilu teh diantawisna nyaeta: kodein jeung turunana.

Nah, salian ti narkotika aya psikotropika, psitropika teh nyaeta zat atawa obat salian anu lain
narkotika, boh nu alamiah boh sintesis atawa jieunan, anu boga pangaruh psikoaktif ngaliwatan
pangaruh selektif kana susunan saraf pusat anu ngalantarankeun parobahan has kana aktivitas
normal jeung paripolah nu makena. Aya opat golongan obat psikotropika teh, nyaeta:

Golongan anu ka hiji, psikotropika anu daya zat adiktifna pangkuatna, misalna contona nyaeta:
MDMA, LSD, STP, jeung ekstasi.

Golongan anu kadua, aya psikotropika anu daya adiktifna kuat, sapertos: Amfetamin,
metamfetamin, jeung metakualon.
Golongan anu ka tulu, psikotripika anu daya zat adiktifna sedeng, misalna contona: Lumibal,
buprenorsina, jeung fleenitrazepam.

Golongan anu ka opat, nyaeta golongan anu daya adiktifna rendah, misalna: Nitrazepam (BK,
mogadon, dumolid) sareng diazepam.

Salian 4 golongan eta, aya zat adiktif liana anu nyieun pamakena katagihan atawa hese eren
(gumantung) ka eta zat teh, nyaeta contona: roko, alqohol, sareng anu sejena nu mantak nyieun
mabok.

Nah intina mah, sadayana anu disebut narkotika, psikotropika, sareng zat adiktif eta teh saberna zat
anu ngan ukur mangpaat pikeun ngubaran anu geriung sapertos ngubaran kangker, atawa pikeun
jalmi anu bade dioprasi sarta pikeun panalungtikan dilaboratorium.

Nanging lamun eta disalah gunakeun sarta dipakena ngalewihan dosis atawa aturana, eta bakal
mantak cilaka.

Nah, mung sakitu wae anu tiasa ku sim abdi kapihatur. Hatur nuhun kasadayana, hapunten bilih aya
kalepatan sareng kakirangan nana dina biantara sim abdi ieu.

Wassalamualaikum wr.wb..

You might also like