You are on page 1of 1

Pancen mandiri.

1.Terangkeun harti guguritan!


2.Béré conto wangun guguritan!
3.Terangkeun struktur guguritan!
4.Tétélakeun bédana wawacan jeung guguritan!
5.Pék analisis eusi guguritan ieu di handap dumasar kana unsur-strukturna!
KINANTI IMPIAN Tina Buku ―Lagu Ngajadi: Kumpulan Guguritan‖
Karya Dian Hendrayana

Peuting dilimpudan Liwung


liwungna pageuh na jempling
saéna tuang jungjunan
kersa rurumpaheun sumping
ngalayadan ngalanglangan
jigrah teuing ieu ati

Ati dirungruman bingung


bingungna maseuk na batin
saéna tuang panutan
kersa rinéh naros lirih
mapaykeun nu keur sungkawa
sungkawa teuing ku lami
Lami diseundeuhan gandrung
gandrungna nyeumat na pikir
saéna tuang salira

Kersa néang nu prihatin


da cacak teu disindangan
tangtos nineung langkung nambih
Tambih nineung janten lamun
lamunan eunteup na ngimpi
saéna tuang pangersa
léah nyungsi najan demit
ngademit dina impian
impian nu tanpa tepi

You might also like