You are on page 1of 3

PEMERINTAH DAERAH PROVINSI JAWA BARAT

DINAS PENDIDIKAN
CABANG DINAS PEDIDIKAN WILAYAH XIII
SMK BANJAR MANDIRI
Jln. Mayjen Lili Kusumah Sumanding Wetan No. 33-Kota Banjar Tlp. 081323508955
E-mail: smksbanjarmandiri@gmail.com
Website: www.banjarmandiri.com

NASKAH SOAL BAHASA SUNDA


PENILAIAN AKHIR SEMESTER
TAHUN PELAJARAN 2020/2021

Satuan Pendidikan : SMK BANJAR MANDIRI Tahun Pelajaran : 2020/2021

Kelas/Semester : X/II (Genap) Jenis Soal/Banyak Soal : PG dan Essay/35 Soal

Jurusan : PKM dan Asisten Waktu : 60 menit


Keperawatan

Pilih jawaban tina soal soal dihandap ieu !


1. Mawa peti dina sundung,
ditumpangan ku karanjang.
Pangarti teu beurat nanggung,
tapi mangpaatna manjang
Sisindiran diluhur kaasup kan rupa sisindiran.........
a. Piwuruk b. Sesebred c.Silih asih d. Cangkang

2. Aya lumut dina batu,


aya kuya di muara.
Kedah tumut kana waktu
di dunya urang ngumbara
Kalimah anu dikandelan kaasup sisindian bagian........
a.Cangkang b. Eusi c.Bubuka d.Panutup

3. Ciri ciri Sisindiran, iwal..............


a. Sapadana diwangun ku b.Jajaran 1&2 disebutna c. Murwakanti d. Unggal Jajarna di
opat jajar. cangkang. Jajaran ka 3 &4 wangun ku 4 engang
disebutna eusi.
4 Aya listrik di masigit,
caangna kabina-bina.
Aya istri jangkung alit,
.....................................
a. Karangan dina pipina b. Budakna meni sholehah c. tapi mangpaatna d.Di dunya urang
pisan manjang. ngumbara
5. Sisindiran anu cangkang jeung eusi diwangun ku dua jajar bae kaasup sisindiran wangun......
a. Wawangsalan b. Paparikan c. Rarakitan d. Sesebred

.......................................................
Hiji mangsa sabada ngudag-ngudag uncal dileuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa, bawaning ku halabhab,
ngarinum di situ. Geus ngarinum patinggolépak maraot. Singhoréng cai talaga téh ngandung racun. Yudistira pohara
susaheunana. Manéhna tuluy sasambat ka déwa, hayang maot babarengan.
Ceuk déwa, lamun bisa ngajawab tilu pertanyaan, Yudistira bariskaidinan ménta dihirupkeun deui salah sahiji ti
antara tilu urang dulurna nu tiluan. Pertanyaan téa, tiluanana gé kajawab ku Yudistira. Manéhna kaiidinan ménta
dihirupkeun deui saurang ti antara tilu dulurna nu maraot.
Yudistira pohara bingungeunana. Lila manéhna nimbang-nimbang, saha kira-kirana di antara tilu dulurna nu maraot
nu kudu dihirupkeun deui. Da puguh kabéhanana ogé adi-adina anu dipikaasih. Kahayang mah kabéh dihirupkeun.
Tapi Dewa ngan méré kasempetan hiji baé ti antara Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa.
Sanggeus lila nimbang-nimbang, Yudistira ahirna ménta Nakula nu dihirupkeun deui téh. Déwa pohara
héraneunana. Naha bet henteu Arjuna anu ku Yudistira pangdipikaasihna jeung anu disiapkeun pikeun neruskeun
kaprabon. Arjuna téh apan pangéran dipati.
Walon Yudistira, “Lamun Arjuna anu hirup deui, atuh para putra Ibu Kunti harirup kabéh. Ari putra Ibu Madrim
paraéh kabéh. éta henteu adil. Lamun Ibu Madri terangeun kana éta kateuadilan tada teuing kanyenyerianana. Tapi
lamun Nakula anu hirup deui, jadi Ibu Kunti jeung Ibu Madri pada kapapaténan ku anakna hiji séwang. éta adil. Ka
Arjuna lain henteu nyaah, tapi kanyaah téh henteu kaci ngalindih kaadilan.”
Déwa pohara panujueunana kana timbangan Yudistira anu sakitu adilna. Pikeun ganjaranana, dulurna anu tiluan
dihirupkeun deui.
6. Mun ditilik tina carita jeung tokoh-tokohna, carita di luhur ka asup kana ....
a.Dongeng b. Carpon c. Wayang d.Novel
7. Diantara Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadéwa, saha anu pang gedéna?
a.Nakula b. Sadewa c.Yudistira d. Arjuna
8. Naon jejer anu pantes pikeun carita diluhur
a.Antara asih jeung adil b. Karacunan Cai c. Pilihkasih sasama d. Menta kahirupan deui
dulur
9. Saha anu jadi Ibu Nakula jeung sadewa teh?
a. Kunti b. Gangga c. Gandari d. Madrim
10. Saha anu dipilih ku Yudistira pikeun dihirupkeun deui ku Déwa téh?
a. Nakula b. Bima c. Sadewa d. Kabehna dipilih
11. Siswa : Nurutkeun bapa tarékah naon kinten-kintenna sangkan rumaja teu kalibet kana narkoba?
Narasumber : Barudak salaku generasi ngora kudu di didik ku ajaran agama, sangkan kandel kaimanan-nana.
Barudak kudu apal yén narkoba téh barang haram anu dilarang ku agama jeung ku pamaréntah, sabab bisa
ngaruksak méntal jeung runtuhna nagara.
Wacana paguneman di luhur téh kaasup kana wangun….
a. Rapat b. Biantara c. Wawancara d. Sawala
12. Naon anu jadi jejer utama dina wacana di luhur?
a. Narkoba b. Generasi ngora c. Sakola d. Ngadidik rumaja
13. Ceuk narasumber dina wawancara di luhur, pikeun narékahan sangkan barudak ngora teu ancrub kana narkoba
kudu, iwal…
a.Dibina ku kolotna di b. Apaleun yen narkoba c. Diatik ku ajaran d. Narkoba alus pikeun
lingkungan kulawarga teh barang haram agama kasehatan
14. Hal-hal anu dianggap perlu disadiakeun saméméh wawancara, kajaba…
a. Keur kaperluan naon b. Nyiapkeun alat perekam c. Nyiapkeun d. Saha nu rek ditanya
babawaan pikeun nu
rek ditanya
15. kecap pananya nu gunana pikeun nanyakeun kayaan nyaeta..
a. Kumaha b. Iraha c. Dimana d. Saha
16. ........kamarana muni rurusuhan?
kecap anu ruyu pikeun ngaggeuskun kalimah
a. Mulih b. Bade c. Mantas d. Balik
17. babasan nu diterapkan ka jalma nu teu boga kaera nyaeta
a. Hampang birit b. Hampang lengen c. Kandel kulit d. Panjang lengen
bengeut
18. Babasan anu diterapak ka jalma anu sok pulang paling nyaeta
a. Panjang lengen b. Hampang birit c. Hampang d. Tiis leungeun
leungeun
19. dongeng ngeunaan ayana nyi roro kidul kaasup kana.......
a. Babad b. Mite c. Sage d. Legenda
20. ......... nu ker ngagoreng lauk teh?
Kecap nu ruyu pikeun nganggeuskeun kalimah. Nyaeta .....
a. Iraha b. Saha c. Dimana d. Kumaha
21. Dina pangajaran basa Sunda aya matéri ngeunaan nerjemahkeun, nu dimaksud nerjemahkeun nyaéta?
a. Proses nganalisis ngeunaan hiji karya tulis
b. Proses ngalih basakeun/ ngarobah basa tina hiji basa kana basa séjén
c Proses ngahartikeun hiji kecap kalayan makna na
d. Proses ngahartikeun hiji basa kalayan maknana
22. Dina hiji poe Rani ngerjakeun tugas basa Sunda, nya éta nerjemahkeun hiji lagu tina basa Indonesia kana basa
Sunda. Eta hasil nerjemahkeun téh disebutna …
a. Terjemahan b. Carpon c. Wawacan d. Resensi
23. Perhatikeun ieu sempalan paragraph!
Selama puluhan tahun berkecimpung menyebarkan
risalahnya, Kiai Gozali tidak henti-hentinya
menggunakan bahasa Sunda.
Terjemahan nu pang éféktifna tina kalimah di handap nya éta…
a. Salami mangtaun-taun ilubiung nyebarkeun risalahna, Kiai Gozali teu eureun-eureun ngagunakeun basa
Sunda.
b. Salila mangtaun-taun ilubiung nepikeun risalahna, Kiai Gozali teu weléh make basa Sunda.
c. Mangpuluh taun nyebarkeun risalahna, Kiai Gozali teu weléh ngagunakeun basa Sunda
d. Mangpuluh taun nepikeun risalahna, Kiai Gozali teu weléh ngagunakeun basa Sunda
24. Perhatikeun ieu sempalan paragraf!
... Naon atuh bédana Harley jeung Honda Tiger atawa
motor nu sakelas jeung Harley? Éta meureun sugan
pédah tarikna mapakan jamparing?
Kalimah “tarikna mapakan jamparing” ditarjamahkeun kana basa Indonesia jadi…
a. Kecepatannya seperti panah
b. Kecepatannya seperti panah
c. Kecepatannya melebihi panah
d. Tarikannya seperti panah
25. Naon waé nu kudu diperhatikeun dina nerjemahkeun tulisan sastra? …
a. Ma’na dina tulisan jeung kaéndahan basana
b. Terjamahkeun per kecap
c. Teu kudu merhatikeun ma’na dina tulisana
d. Terjemahkeun sangkan jadi teu panjang teuing tulisana
26. Perhatikeun ieu kalimah !
Di dalam hati ku ada kamu, di dalam hati mu ada aku.
Saupama diterjemahkeun kana basa Sunda nu hadé éta kalimah robah jadi …
a. Di haté abdi aya manéh, di haté manéh aya teu abdi
b. Abdi aya di haté anjeun, anjeun aya dina hate abdi
c. Dina haté kuring aya anjeun, dina haté anjeun aya kuring
d. Abdi aya dina hate manéhna, manéhna aya dina hate abdi
27. Dongéng eusina nyaritakeun ngeunaan perkara-perkara nu sanget tur akait jeung nu ghaib, kaasup kana
wanda/ jenis dongéng …
a. Pabel b. Mite c. Legenda d. Sage
28. Dongéng sangkuriang kaasup kana carita legenda. Ieu hal téh lantaran ayana gunung nu dianggap parahu nu
ditajong ku Sangkuriang. Éta gunung téh katelahna…
a. Gunung papandayan b. Gunung tangkuban c. Gunung guntur d. Gunung merapi
parahu
29. Dongéng Situ Bagendit ka asup kana jenis dongéng…
a. Mite b. Pabel c. Legenda d. Pamohalan
30. Di handap nu teu kaasup kana unsur intrinsik dongéng nya éta …
a. Palaku jeung watek
b. Latar (tempat, waktu, suasana)
c. Galur
d. Kasang tukang pangarang

B. Eusian !
1. Jieun hiji contoh sisindiran
2. Jelaskeun naon anu disebut Dongeng. Sebutkan 2 contoh judul dongeng
3. Jieun contoh paguneman singkat ngawawancara hiji jalma ngenaan virus corona. Min 4 baris
4. Sebutkeun contoh judul pupuh nu ku hidep pikanyaho. Minimal 2
5. Naon hartina babasan Hampang leungeun, agul ku kuda beureum jeung Hampang birit

You might also like