You are on page 1of 9

PEMERINTAH DAERAH PROVINSI JAWA BARAT

DINAS PENDIDIKAN
CABANG DINAS PENDIDIKAN WILAYAH XII
SMA NEGERI 2 TASIKMALAYA
Jalan R.E. Martadinata No.261 Telp/Fax (0265) 331331 Kode Pos 46411
Website: www.smandatas.sch.id E-mail: info@smandatas.sch.id

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas/Semester : XI/Genap
Materi : Novél
Alokasi Waktu : 40 menit

Kegiatan Pembelajaran 2
1. Wangenan Novél
Novél nyaéta carita rékaan (fiksi) anu eusi jeung jalan caritana panjang tur loba
bagianana ogé méré kesan lir enya-enya kajadian. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku,
jalan carita, tempat, jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian
nu sabenerna. Eusi novél aya ogé anu didasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta
kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui.

Asupna novél kana Sastra Sunda téh pangaruh sastra barat, utamana Walanda. Novél
munggaran sastra Sunda nyaéta Baruang ka nu Ngarora karangan Daéng Kanduruan
Ardiwinata (D.K. Ardiwinata), terbit taun 1914. Upama dibandingkeun jeung novél
munggaran dina Sastra Indonesia, Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar, anu
terbit 190, leuwih ti heula genep taun.
2. Unsur Intrinsik Novél

Téma
nu ngatur arah unsur
séjénna dina carita.

Gaya Basa Galur


cara ngungkapkeun runtuyan kajadian, méré
pikiran ngaliwatan arah atawa ngatur
atawa maké basa nu has kajadian nu kudu
anu ditémbongkeun ku diheulakeun jeung
pribadi pangarang dipandeurikeun.

Unsur Intrinsik Novél

Puseur Sawangan (Point Palaku


of View) tokoh nu ngalalakon
Ku saha dicaritakeunna éta dina hiji carita. Aya
karangan.
1. Caturan jalma ka-3: palaku utama, aya
pangarang aya di luareun palaku tambahan. Aya
carita (manéhna, anjeunna)
2. Caturan jalma ka-1:
tokoh nu watekna
pangarang di jero carita.
Latar angger aya nu robah.
lingkungan sabudeureun
kajadian nu lumangsung
dina hiji carita. Aya latar
tempat jeung latar
waktu.

3. Papasingan Novél
a. Novél Barudak
Nyaéta novél anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak. Masalah anu
dicaritakeunana raket patalina jeung kahirupan barudak. Kitu deui cara
nyanghareupan jeung ngaréngsékeun éta masalah, luyu jeung pikiran katut jiwa
barudak.
Novél barudak jeung pangarangna dina Sastra Sunda, di antarana:
1) Samsudi: Budak Teuneung, Budak Minggat.
2) Tatang Sumarsono: Miang jeung Kaludeung, Si Paser.
3) Hidayat Soesanto: Guha karang Legok Sari, Bima Rengkung, jeung seri carita
wayang tina Mahabrata, jrrd.
4) Dian Hendrayana: Béntang Hariring.
b. Novél Rumaja
Nyaéta novél anu eusina nyaritakeun masalah-masalah jeung palaku utamana
rumaja. Sawatara conto novél rumaja nyaéta Cinta Pabaliut karangan Éddy D.
Iskandar, Rini karayang Yoséph Iskandar, jeung Lalangsé karangan Aam Amilia.
c. Novél Déwasa
Nyaritakeun masalah-masalah jeung palaku utamana jalma anu geus déwasa. Dina
sawatara novél aya bagian-bagian anu kurang merenah upama dibaca ku barudak.
Upama baé anu nyaritaken peuting munggaran Karnadi jeung Eulis Awang dina
novél Rusiah nu Goréng Patut karangan Yuhana jeung Sukria.

Salian ti 3 di luhur, dumasar téma jeung masalah anu dicaritakeunna, novél sunda
bisa dipasing-pasing jadi:
a. Novél cinta
Nyaéta novél anu eusina nyaritakeun cinta silih asih (asmara) palaku utama.
Contona: Lain Éta karangan Moh. Ambri, Cinta Pabaliut karangan Éddy D.
Iskandar. Lalangsé karangan Aam Amilia, Mikung karangan Abdullah Mustappa,
jeung Manéhna karangan Syarif Amin.
b. Novél Psikologi
Eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku utama. Contona: Arca
karangan Ningrum Julaéha.
c. Novél Misteri
Eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah (rahasia), anu biasana kabuki
dina ahir éta novél. Contona: Laleur Bodas karangan Samsu (Sambas jeung
Susangka), Si Bedog Panjang karangan Ki Umbara, Rajapati di Pananjung jeung
Bedog Si Rajapati karangan Ahmad Bakri, Kalajengking karangan Anna
Mustikaati.
d. Novél Sajarah
Eusina ngandung unsur-unsur sajarah, boh palaku utama boh kajadianna nyoko
kana sajarah. Contona: Pangéran Kornél jeung Mantri Jero karangan R. Méméd
Sastrahadiprawira, Perang Bubat, Tanjeur di Juritan Jaya di Buana, jeung Putri
Subanglarang karangan Yoséph Iskandar.
e. Novél Sosial
Eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan, kateureugeujeungan,
atawa gejolak sosial dina hiji mangsa. Si palaku bisa jadi mangrupa subyék,
korban, atawa saksi éta kaayaan. Contona: Lembur Singkur karangan Abdullah
Mustappa.
Pancén 2
Sangkan hidep maham kana bag-bagan novél, pék jawab ieu soal di handap!
(upama aya buku pakétna tiasa buka kaca 123-124)
Pancén 3
Pék hidep baca heula conto sempalan novél ieu di handap tuluy jawab pananyana! (kaca 103-106)

You might also like