You are on page 1of 1

Nama : Indri Agistiani

Kelas : XI-BDP 3

PARGAULAN BEBAS

Assalamu'alaikum wr.wb
Asyhaduallaailaahaillalaah Waayshaduanna Muhamadar rosulullaah. ‘Ama ba’du.

Langkung tipayun hayu urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Illaahirabbi


kalayan hidayah sareng innayahna urang sadaya tiasa kempel ditempat ieu.
Solawat miwah salam mugia ngocor ngagolontor ka jungjunganana habibana
wanabiyana Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina, sohabatna, ogé ka ummatna.
Aamiin.
Bapa guru nu ku sim kuring dipihormat ogen rerencangan sadayana, dina
kasempatan ieu sim kuring badé ngadugikeun biantara perkawis "pargaulan bebas".
Sapertos anu katingali ku urang sadaya pargaulan budak rumaja zaman ayeuna
parantos kaléwat wates. Zaman ayeuna mah, waktos nu sakedahna dianggo kana hal-
hal anu saé kalah dianggo kana hal-hal anu awon. Nu mana hal-hal éta téh teu
sapantesna dilakukeun ku rumaja, sapertos ngiringan géng motor, nongkrong,
tawuran, séks bébas, mabok mabokan. Malih zaman ayeuna mah murangkalih SD gé
tos seueur nu ngaroko.
Hal éta téh tiasa disababkeun ku kurangna perhatosan ti sepuhna, salah gaul,
kurang iman, sareng tiasa waé budakna anu bedegong.
Tah ku sabab kitu, hayu urang sasarengan nebihan hal anu awon, ogé kirang
mangpaatna.
Mung cekap sakitu nu tiasa kapihatur ti sim kuring, hapunten bilih aya kalepatan.
Mugia urang sadaya tiasa ngala hikmahna ogen tiasa ngamangpaatkeun masa rumaja
urang sadayana ku kegiatan nu ngandung mangpaat. Aamiin.
Wassalamualaikum wrwb

You might also like