You are on page 1of 1

1. Iraha jeung di mana Radén Déwi Sartika dibabarkeunana?

Jawab : Dewi Sartika lahir tanggal 4 Desember 1884 di Cacalengka, Jawa Barat.
2. Saha ari wasta ramana? Naon kulungguhanana? Saha ari ibuna?
Jawab : Ramana saurang Patih Bandung nu jenengannana Radén Somanagara, ari ibuna
nyaéta Radén Ayu Rajapermas.
3. Radén Dewi dibabarkeun dina jaman penjajahan. Saha anu keur ngajajah bangsa urang
harita?
Jawab : Walanda
4. Sareng saha Radén Déwi nikah? Dina yuswa sabaraha taun?
Jawab : Déwi Sartika nikah sareng Radén kanduruan Agah Suryawinata dina yuswa 22 taun.
5. Naon ngaran sakola anu munggaran diadegkeun ku Radén Dèwi Sartika? Taun sabaraha éta
sakolah téh ngadegna?
Jawab : Sakola éta téh dingaran Sakola Istri, diadeg taun 1904.
6. Naon nu jadi alesan Radén Déwi bagerak dina widang sakola?
Jawab : Radén Déwi milih ngadegkeun sakola tujuanna pikeun nambahan pangaweruh
masarakat. Dina bukuna Radén Déwi nulis yén sakola téh hiji usaha pikeun nambah kakuatan
jeung kaséhatan barudak boh jasmani boh rohanina. Dina éta buku ogé Radén Déwi nungtut
yén hak kaom awéwé jeung lalaki téh kudu sarua.
7. Dina yuswa sabaraha taun anjeunna wafat? Di mana?
Jawab : Radén Déwi téh pupusna di pangungsian nyaéta di Cinéam, Tasikmalaya. Sarta
dimakamkeun di dinya. Radén Déwi wafat di yuswa 63 taun.
8. Radén Déwi kenging dua penghargaan, sebutkeun penghargaan naon waé?
Jawab : Penghargaan Bintang Pérak jeung gelar Pahlawan Pergerakan Nasional.

You might also like