You are on page 1of 1

Nadhom Tauhiid (pupujian Sunda)

‫ِبسْ ِم هَّللا ِ الرَّ حْ َم ِن الرَّ ِحيم‬


Wujud, Qidam, Baqa , Mukhalafatu lil hawaditsi ,Qiyamuhu binafsihi ,
Wahdaniyah, Qudrat, Iradat , Ilmu, Hayat, Sama', Bashar,Kalam, qodiron,
muriidan ,'Aliman, hayyan, sami'an ,Bashiiron, mutakalliman.

Aya , Heubeul , Langgeng , Beda jeung kabeh nu anyar , Jumeneng kalawan zat
na hiji , Allah dina zat na , Hiji na sifatna , hiji padamelan nana , kawasa , kersa ,
uninga , Allah nu hirupna , ngadangu , ningali , sasauran bukti kawasa , Bukti
Allah kersa , uninga Allah nu hirupna , Bukti nu ngadangu , nu ningali , nu
dadawuh , jadi sadayana nu wajibna dua puluh.

Adam , hudus , fana , mumasalah lil hawadist , Ihtiyaj , Ta’adud , ‘ Ajzu ,


wakarohah , jahal, maot , Shomam , umyun , bukmun , Kaunuhu ‘ajiyan ,
karihan , jahilan , Mayyitan , Ashomm , ‘Ama , Abkam.

Eweh , anyar , ruksak , sarupa rejeung nu anyar , butuh kana tempat , jeung
butuh kanu ngayakeun , bingbilangan zatna , sifatna , sareng damelna , apes ,
kapaksa , bodo , maot , torek , lolongna , Pireu , bukti Allah , anu apes , anu
kapaksa , Anu bodo maot , Torek , lolong jeung pireuna , Wenang di Allohna
Midamel barang nu mungkin , Taya anu wajib midamel barang nu mungkin.

Shidiiq , Amanah , Tabligh , Fathonah.


Kidzib , Khianat , Kitman , Biladah.
Bener , kapercaya , ngadugikeun , Rejeung pinter.
Bohong , cidera , jeung nyumputkeun tur bodona.
Wenang di rosulna sifat manusa biasa, Kaya tuang , leueut , Angkat , kulem,
Sajabana.

You might also like