You are on page 1of 1

Nama : Ilham Aria Ronesta

Absen : 17
Kelas : XI 4 MIPA
Assalamualaikum Wr. Wb.
Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu Maha
Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung
sasarengan dina acara ieu.
Hadirin anu dipikahormat,
Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di
antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah
SWT. Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala
perkara atawa kajadian nu aya di bumi ieu teh, tos diatur ku
Allah SWT. Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa
numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila
urang hirup di dunia.
Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh,
ngarupakeun katetepan ti Allah SWT. Jadi urang teh kudu
tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah SWT. Urang
sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah SWT, deuk nu
hade deuk nu goreng. Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.
Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun
kanikmatan ti Allah SWT, sareng ngadorong urang bersyukur
ka Allah SWT salawasna.
Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di
hate abdi nyuhunkeun dihapunten.
Waalaikum salam Wr.Wb.

You might also like