You are on page 1of 3

PENILAIAN AKHIR SEMESTER

MTs. SIRAAJUL UMMAH


TAHUN 2020/2021
MATA PELAJARAN : MULOK (B. SUNDA)
HARI / TANGGAL : JUMAT, 11 DESEMBER 2020
KELAS : VII

I. Pilih jawaban anu dianggap paling bener di handap ieu!


Perhatikeun ungkara ieu di handap pikeun ngajawab soal nomer 1-4
“Nin tos dua minggu urang janten murid di SMP Negeri 1 Ciamis teh nya?”
“Leres Min, Kunaon kitu?”
“ari Nina tos gaduh rerencangan sanes salianti sareng mimin ?”
“Manawi teu acan Min!”
“Hayu atuh urang wawanohan jeung nu sanes sangkan urang enggal sueur Rencang nu wawh di ieu
kelas!”
“Muhun hayu atuh min, Tapi kasaha heula nya ?”
“Urang ka rerencangan istri heula bae, tuh kaleresan aya nu nuju ngariung di pengker!”(Mimin jueng
nina nyampeurkeun babaturan sakelasna nu keur ngariung di pengker)
“Assalamu’alaikum, punten ngiring ngarewong teu sawios?”
“Oh, teu sawios mangga!”
“Nepangkeun abdi mimin, sareung ieu Nina.” (Mimin jeung Nina ngasongkeun leungeun ngajak
sasalaman kanu ngariung)
“Waalaikum Salam, abdi Ine.”
“Abdi Sinta”
“Abdi Rona.”
1. Saupama diperhatikeun kalawan daria,ungkara diluhur teh kaasup....
a. Carita Pangalaman c. Skenario
b. Paguneman d. Iklan Layanan Masyarakat (ILM)
2. Aya sabaraha urang nu ngagunem dina eta ungkara ?
a. Dua Urang b. Tilu Urang c. Opat Urang d. Lima Urang
3. Guneman di luhur teh masualkeun naon?
a. Kaayaan Kelas b. Kaayaan Sakola c. Diajar d. Wawanohan
4. Saha siswa nu asalna ti SD Soka ?
a. Mimin b. Nina c. Mimin jeung Nina d. Nina jeung Ine
5. Min teu sawios upami abdi hoyong wawanohan ?
Kecap teu sawios dina kalimah diluhur hartina...
a. Sangkan b. Teu nanaon c. Kabeneran d. Ngumpul
6. Paguneman aslana tina kecap gunem nu hartina....
a. Ngomong c. Ngomong silih tempas
b. Ngadengekeun nu ngomong d. Nepikeun Omongan
7. Sarat utma lumangsungna hji paguneman nyaeta....
a. Aya nu cumarita c. Loba pamiarsa nu ngaregepkeunana
b. Aya nu di caritakeun d. Ngomong silih tempas
8. Wangun basa pangleutikna nu guanna pikeun ngabedakeun harti....
a. Aksara b. Basa c. Kecap d. Kalimah
9. Aksara Vokal dina basa sunda jumlahna aya....
a. 6 b. 7 c. 8 d.9
10. Sedengkeun aksara konsonan dina basa sunda jumlahna aya....
a. 16 b. 17 c. 18 d. 19
11. Nepikeun pesen-pesen sosial nu boga tujuan pikeun ngahudang rasa masyarakat pikeun
ngungkulan kana rupaning pasualan hirup nu disinghareupan disebut...
a. Iklan Layanan Masyarakat(ILM) c. Badami
b. Talatah d. Biantara
12. Akasara asli basa sunda jumlah sakabehna aya 25, eta nu 25 kabagi jadi...
a. 5 vokal jeung 23 konsonan
b. 8 vokal 17 konsonan
c. 7 vokal 18 konsonan
d. 10 vokal 15 konsonan
13. Mana aksara di handap ieu nu mangrupa konsonan asli basa sunda?
a. A,b,c,d,e b. B,c,d,f,g c. H,i,k,j,k,l d. M,n,p,r,s
14. Mana di handap ieu nu mangrupa wangenan kecap rundayan nu bener ?
a. Wangun basa pangleutikna nu gunana pikeun ngabedakeun harti.
b. Kecap nu geus di rarangkenan atawa nu geus make rarangken
c. Kecap asal nu can di tambahan ku rarangken
d. Gabungan rarangken atawa rarangken barung
15. Di sakola manehna rajin pisan di ajar basa sundana teh, sanajan diukna dina korsi reyod.
Rarangken hareup di- anu bener aya dina kecap...
a. Di sakola b. Diajar c. Diukna d. Dina
16. Rarangkeun hareup di- nu hartina dijadikeun aya dina kecap...
a. Dibaledog b. Dicabok c. Didupak d. Didua
17. Kamari kuring kadupak motor basa kakara indit pisan ka Jakarta.
Dina kalimah di luhur, kecap nu make rarangkeun hareup ka- nyaeta...
a. Kamari b. Kadupak c. Kakara d. Ka jakarta
18. Rarangkeun ka- nuhartina teu dihaja aya dina kecap...
a. Kagambar b. Kabeuli c. Katempo d. Katincak
19. Barudak keur marandi ,di walungan citanduy.
Kecap marandi ngandung rarangken...
a. Hareup b. Tengah c. Tukang d. Gabungan
Baca kalawan daria wacana di handap pieun ngajwab nomer 20-24
Kaulinan gatrik kaasup kaulinan barudak jaman beh ditu. Keur barudak jaman kiwari
mah teuing aya nu apaleun teuing henteu kumaha cara ngalakukeunanan. Duka seug
saipama barudak nu aya di daerah pilemburan mah. Ngan sigana barudak nu aya di
wewengkon kota mah asa jajauheun kana apal.
Alat nu digunakeun jeung cara ngamaenkeunana kawilang sederhana. Alatna bisa di
jieun tina awi atawa kai. Saupama dijieun tina kai umumna sok make kai nu bentukna buleud
nu gedena kira-kira sarua jeung ukuran geulang leungeun budak diameterna 2,5 – 3 cm. Boh
tina kai atawa awi ukuran panjangna sarua bae, nu diperlukeun aya dua bagean, ukuran nu
kahiji panjangna kira kira sajeungkal leungeun atawa 15-20cm (gatrik anak). Sedengkeun
ukuran nukadua panjangna kira-kira tilu jeungkal atawa 45-60cm (gatrik indung). Linati eta
perlu lopgak/taneuh nu dilegokan nu ukuranana 5x5x5 cm. Dimaekeunna bisa dimana bae,
nu penting aya lahan rada lega. Ieu kaulinan teh sakurang-kurangna dilakukeun ku dua
urang. Aya nu bagean maen jeung aya nu baegan nahan. Saupama nu maen eleh atawa paeh
diganti kunu tadina nahan, sedengkeun nu nahan nya eta nu tadina eleh atawa paeh. Kitu
terus pili genti, nepi ka aya kelompok nu nepi kana itungan anu geus ditangtukeun.
20. Kaulinan gatrik kaasup salah sahiji kaulinan....
a. Modern b. Tradsional c. Canggih d. Olahraga
21. Bahan nu dipake pikeun nyieun gatrik biasana tina.....iwal
a. Awi b. Kai c. Kau buleud d. Beusi
22. Ukuran gatrik anak panjangna...
a. 15-30 cm b. 20-25 cm c. 25-30 cm d. 30-35 cm
23. Sedengkeun ukuran gatrik indung panjangna....
a. 15-30 cm b. 30-45 cm c.45-60 cm d. 60-75 cm
24. Gatrik bisa dimaenkeun ku sakurang kurangna sabaraha urang ?
a. Saurang b. Duaan c. Tiluaan d. Opatan
25. Indungna keur nyeuseuhan baju bodas dua siki. Nu mangrupa kecap barang dina kalimah di
luhur nya eta....
a. Indungna b. Keur nyeuseuhan c. Bodas d. Indungna, baju
26. Sedengkeun anu nuduhkeun kecap pagawean nya eta....
a. Indungna b. Keur nyeuseuhan c. Bodas d. Indungna, baju
27. Kalimah nu jejerna (J) ngalakukeun pagawean di sebut kalimah..
a. Aktif b. Pasif c. Langsung d. Teu langsung
28. Kalimah nu jejerna (J) kakeunaan pagawean dsebut kalimah...
a. Aktif b. Pasif c. Langsung d. Teu langsung
29. Saha nu nepikeun eta iklan layanan masyarakat....
a. Dinas pendidikan
b. OSIS
c. Kapala Sakola
d. Masyarakat
30. Keur saha eta Iklan Layanan Masyarakat di tujukeunana...
a. Sakabeh siswa c. Siswa SMP jeung SMA
b. Siswa kelas VII jeung VIII d. Keur urang sunda

II. ESSAY
31. Jentrekeun naon nu dimaksud kalimah konotatif jeung Denotatif ?
32. Jentrekeun naon nu dimaksud harti Ngalegaan ?
33. Jentrekeun naon nu di maksud harti Ngaheureutan ?
34. Jentrekeun naon nu di maksud kalimah Transitif jeung Intrasitif ?
35. Jentrekeun naon nu di maksud pangalam pribadi ?

You might also like