You are on page 1of 2

BABAD MAJALENGKA

Taun 2018 téh umur kota Majalengka nincak ka 538. Ditilik tina umurna bisa
dicindekkeun yén Majalengka téh lahir taun 1490 Maséhi.
Katangtuan milangkala Majalengka téh dumasar kana Perda No. 05/OP.013.1/PD/1982
tanggal 9 Juni 2005, pasal 1 ayat 1 anu unina : ”Hari jadi Majalengka jatuh pada tanggal 7
Juni 1490 Masehi bertepatan dengan tanggal 10 Muharam”.
Tatapakan ditetepkeunana éta perda nyaéta dumasar kana babad ayana Karajaan
Sindangkasih anu diratuan ku Ratu Rambut Kasih.
Kecap Majalengka téh asalna tina dua kecap nyaéta maja jeung langka. Eta kecap asalna
tina basa Cirebon, maja, ngaran sarupaning buah nu bisa dipaké pikeun ngubaran kasakit
muriang (malaria), sedengkeun langka hartina euweuh. Lengkepna Babad Majalengka téh
saperti pedaran ieu di handap.
Mangsa harita di wewengkon Majalengka ayeuna ngadeg tilu karajaan Hindu.
Cakraningrat ngaheuyeuk Karajaan Rajagaluh, Pucuk Umun di Talaga, jeung Nyi Rambut
Kasih ratu di Sindangkasih.
Nyi Rambut Kasih kawentar ratu nu geulis kawanti-wanti, sakti, gedé wibawa jeung gedé
komara, sarta jadi panutan rahayatna.
Sabagian tina wewengkon Sindangkasih masih mangrupa leuweung geledegan. Di antara
tutuwuhanana aya nu disebut tangkal maja, anu hasiatna pikeun nyageurkeun kasakit malaria
atawa muriang.
Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya pamaréntahan anu dipingpin ku ulama
kamashur, Syéh Sarif Hidayatulloh. Jaman harita, di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba
pisan anu kaserang, malah anu tepi ka hanteuna ogé réa deuih.
Syéh Sarif Hidayatulloh ngutus Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun neangan
buah maja. Nya terus éta dua utusan téh arindit. Ngan baé lian ti rék néangan buah maja téh,
Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah boga tujuan séjén, nyaéta rék nyebarkeun agama
Islam.
Lantaran utusan ti Cirebon datangna ka Sindangkasih henteu permisi heula, Nyi Rambut
Kasih henteu sukaeun wewengkonna ditincak ku jalma lian. Nyi Rambut Kasih ngawatek
kasakténna. Leuweung nu asalna rembet ku tangkal maja dadaksakala leungit ilang tanpa
karana. Atuh dua utusan téh teu manggihan buah anu keur ditéanganana.
“Majané langka, majané langka!” ceuk eta utusan dina basa Cirebon, anu maksudna
tangkal maja téh euweuh. Nya nelah baé jadi “majalengka”.
Sanajan anu ditéanganana teu kapanggih, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu
terus mulang ka Cirebon. Ceuk angkeuhanana, sugan baé dina hiji waktu mah bakal
manggihan tangkal maja. Jadi dua utusan téh terus néangan, bari sakalian nyebarkeun agama
Islam ka masarakat.
Sabada ngawurukkeun bagbagan agama Islam, Pangéran Muhamad terus matuh di
Gunung Margatapa. Ari Siti Armilah ihtiar pikeun ngislamkeun Nyi Rambut Kasih. Ngan
Nyi Rambut Kasih tetep tagen kana agemanana, tepi ka ahirna mah ngahiyang.
Sabada ditinggalkeun ku ratuna, Karajaan Sindangkasih aya dina kakawasaan Cirebon,
sarta saterusna mah dingaranan Majalengka.

1. Diantara pasipatan Ratu Rambut Kasih nu dicaritakeun dina carita babad di luhur
nyaéta….
A. Gedé wibawa jeung gedé komarana
B. Gedé kawani jeung gedé karajaanna
C. Gedé wibawa jeung gedé kanyaahna
D. Gedé komara jeung gedé kahayangna

2. Kumaha sikep Ratu Sindangkasih basa diajak ku Siti Armilah sangkan ngagem agama
Islam?

A. Narima C. Teu nampik


B. Nolak D. Teu nolak

3. Naon nu kaalaman ku dua utusan ti Cirebon nu dibalukarkeun ku tindakan Ratu


Sindangkasih?
A. Teu bisa manggihan buah naga C. Bisa manggihan buah naga

b. Teu bisa manggihan buah maja D. Bisa manggihan buah maja

You might also like