You are on page 1of 9

DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN KABUPATEN TASIKMALAYA

PENILAIAN AKHIR TAHUN NILAI


SMP AL MADINAH
TAHUN PELAJARAN 2020-2021

Nama : ............................. No absen : …………………


Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Kelas/Semester : VII/2
Hari / Tanggal : Waktu : 07.30 – 09.00 WIB

A. Berilah Tanda Silang Pada Jawaban Yang Kamu Anggap Paling Benar !

DI MAKAM BAPA
Énjing lebaran. Dinten ieu panungtungan abdi saum. Alhamdulilah saum téh tamat. Upami lebaran téh
abdi mah sok resep, seueur kajantenan nu ngan sataun sakali kapendakna.

Takbiran di masjid sareng réréncangan, ngadamel kuéh sareng bibi, ngadamel kupat sareng mamah,
dipangmésérkeun acuk lebaran, sapatu lebaran. Jaba upami pendak sareng wargi-wargi sok dipasihan artos
kanggo jajan.

Tapi diantara sakitu seueurna karesep dina waktos lebaran téh, aya nu pangdiantos-antosna, nyaéta ka
makam Bapa. Abdi mah sok resep wé. Abdi mah sok hoyong ngadongéng ka Bapa téh. Najan teu pendak
langsung. Abdi teu kantos émut kana raray-rarayna acan ka Bapa téh. Nuju abdi alit kénéh pisan, Bapa
ngantunkeun abdi sareng Mamah.

Upami teu aya potona mah, abdi téh jigana moal apal sakedik-kedik acan ka Bapa téh. Untug wé Mamah
rajin nyimpen poto nuju nikahna sareng Bapa. Ari ceuk abdi mah, kasep da Bapa téh. Hanjakal yuswana teu
panjang, namung untung aya lebaran. Waktos lebaran, abdi tos ngarep-ngarep diajak ka makam ku Mamah ti
barang gugah.

Basa ku Nini digugahkeun dipiwarang solat subuh, anu ka émut pangpayuna téh, asik…engké siang ka
makam Bapa. Tos bérés solat ‘Id, bérés sasalaman sareng anu aya di bumi, sareng nu nepangan Nini, ogé
tatanggi nu pendak di jalan, abdi diajak ka makam. Horéééé….!

Abdi dugi ka makam. Panon téh teu ka mamana heula, langsung manteng ka makam Bapa. Payuneun
makam Bapa, abdi cingogo gédéngeun Mamah. Waktos panangan Mamah ranggah ngado’a, abdi ogé
pipilueun . abdi teu terang naon nu ku Mamah diaos, ngan katingal lambeyna kunyam kunyem ah abdi mah
jongjon wé ngadongéng ka bapa téh. Éh ngawitan mah muhun ngado’a kétang muga-muga bapa lebet ka
Surga.

1. Wangun karangan di luhur kaasup kana…….


a. dongéng c. carita pondok
b. drama d. laporan
2. Kumaha watak abdi teh…….
a. babari ambek c. kedul
b. daékan d. taat agama

3. Kumaha kaayaan hate abdi nalika di ajak ka makam bapa…….


a. bungah c. nalangsa

1 Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 Revisi 2020


b. sedih d. hanjakal

4. Dimana kajadiana carita di luhur……


a. di sawah c. di sakola
b. di makam d. di jalan

5. Amanah nu kapanggih dina cutatan carita di luhur nyaéta……


a. urang kudu papaséaan
b. urang kudu silih asih
c. urang kudu hormat tilawat ka kolot
d. urang kudu silih acuh.

6. Rék naon abdi jeung mamah aya di makam bapa…….


a. ngadoakeun bapa
b. ngadongéng
c. ngobrol
d. ngirim kuéh lebaran

7. Kecap reporter ngandung harti…….


a. wartawan
b. biantara
c. panumbu catur
d. panata acara

8. Kecap kulisik ngandung harti……


a. hudang c. gugah
b. lilir tina sare d. nangtung

9. Berebet budak téh lumpat. Kecap berebet kaasup kana kecap…….


a. kecap panganteur
b. kecap ngantét
c. kecap kaayaan
d. kecap rundayan

10. Teu kungsi lila, gék manéhna…..


a. nangtung c. diuk
b. saré d. lumpat

Wacana 2 pikeun soal nomer 11 nepi ka nomer 12


Éling-éling umat muslimin muslimat
Hayu urang angkat berjamaah sholat
Éstu kawajiban keur sadaya umat
Pibekeleun urang jaga di ahérat

11. Eusi padalisan ka hiji dina pupujian bieu nyaéta…..


a. ngajak ngalaksanakeun kawajiban
b. ngajak berjamaah sholat
c. ngajak bebekelan
d. ngajak éling ka muslimin

12. Eusi padalisan ka dua dina pupujian di luhur nyaéta……

2 Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 Revisi 2020


a. mépélingan umat
b. ngajak berjamaah sholat
c. ngajak bebekelan
d. ngajak éling ka mulimin

13.
(1) Nabi urang sadayana.
(2) Arab Qurés nya bangsana.
(3) Kangjeng Nabi anu mulya.
(4) Muhammad jenenganana.

Runtuyan nu merenah tina pupujian di luhur nyéta…..


a. (1), (2), (3), (4)
b. (1), (3), (2), (4)
c. (1), (4), (3), (2)
d. (1), (3), (4), (2)

14. Kecap agréng ngandung harti…..


a. méwah tur éndah
b. alus tur kasohor
c. alus jeung éndah
d. gedé

15. Kecap asal tina kecap didungakeun nyaéta…..


a. didunga c. dunga
b. dungakeun d. didungakeun

16. Rarangkén tukang –an nu ngabogaan harti kecap pagawéan nyaéta…..


a. gantungan c. daékan
b. wadahan d. duaan

17. Anu lain kecap husus tina kecap diuk nyaéta ….


a. sila c. nyanghunjar
b. émok d. molotot

18. Kecap umum tina kecap ngaharéwos, ngagerendeng, ngagorowok, nyaéta….


a. Ngala c. leumpang
b. diuk d. nempo

19. Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat. Kecap dahar ngandung harti……
a. Korupsi c. Sarapan
b. Ngahuapkeun d. Nginjem

20. Si Badru ngendog di kelas VII sabab tara di ajar.

Kecap ngendog dina kalimah di luhur ka asup kana kecap…..


a. denotatif c. sinonim
b. konotatif d. antonym

3 Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 Revisi 2020


21. Dedeh : “Assalamu’alaikum.”
Udin : “Wa’alaikum Salam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten abdi téh badé tumaros, dinten kamari aya tugas?”
Udin : “ Oh…muhun, aya tugas Basa Sunda. Kunaon kamari teu ka Sakolah Deh?”
Dedeh :”…….”

Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaéta…..


a. alah biasa baé
b. nyaéta abdi téh nyeri sirah
c. ké baé isuk atuh
d. muhun kamari atos

22. Sinonim tina kecap Beurang nyaéta…..


a. peuting c. siang
b. wengi d. isuk

23. Antonim tina kecap Gedé nyaéta…..


a. ageung c. seueur
b. badag d. leutik

Wacana 4 pikeun soal nomer 24 nepi ka nomer 26

Cikal bakal padumuk Sumedang teh bibit


buitna mah ti Galuh jeung Pajajaran. Ménak
Sumedangna sorangan ti pihak indung masih
rundayan ti Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran. Ari ti
pihak bapa masih rundayan ti Sunan Gunung Jati
Cirebon.

Bupati Sumedang munggaran nyaéta Pangéran


Kusumah Dinata nelah Pangéran Santri. Disebut kitu
sotéh duméh kaasup Bupati munggaran anu ngagem
Agama Islam. Ibuna nya éta putri Prabu
Linggawastu ti Sumedang, ari ramana nya éta
Pangéran Pamelekaran, putu Sunan Gunung Jati
Cirebon. Nikah na putri sareng pangéran ti Cirebon
mangrupa awal ngaislamkeun urang Sumedang.
24. Sempalan carita di luhur kaasup kana carita…..
a. dongeng c. carpon
b. babad d. novel
25. Bupati Sumedang munggaran nyaéta……
a. Pangéran Kusumah Dinata
b. Prabu Siliwangi
c. Sunan Gunung Jati
d. Putri Prabu Linggawastu

26. Pangéran Kusumah Dinata nelah Pangéran Santri, sabab…..


a. Bupati munggaran nu ngagem agama islam
b. putuna Sunan Gunung Jati Cirebon
c. santri Sunan Gunung Jati
d. Santri Sumedang munggaran

4 Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 Revisi 2020


27. Anu teu kaasup kana conto kecap saharti (sinonim) nyaéta…..
a. beunghar = sugih
b. leutik = alit
c. sangsara = malarat
d. alus = goréng

D. Wacana 5 pikeun soal nomer 28 nepi ka nomer 30


Mohamad Toha katelah pahlawan ti Bandung
Selatan, dina mangsa révolusi kamerdikaan. Lahir di
kota Bandung dina taun 1927. anjeuna éstu yatim,
sabab dina yuswa dua taunan tos dikantunkeun ku nu
janten ramana. Sakola désana tamat salila 3 taun,
satuluyna sakola montir mobil. Saréngséna ti dinya,
anjeuna nyepeng damel di kamilitéran dina mangsa
panjajahan jepang dina taun 1942-1945.

Sabada Indonésia ngukuhan proklamasi


kamerdikaan, anjeuna ngagabung ka Barisan Banténg
Républik Indonésia (BBRI) wilayah Priangan. Nya
dina BBRI ieu anjeuna kénging tugas salaku
Komandan Séksi I Bagian ‘Penggempur’.

28. Dumasar kana eusina, éta karangan kaasup kana…..


a. carita pondok
b. sajak
c. biografi/riwayat hirup
d. novel

29. Saha nu katelah Pahlawan ti Bandung Selatan téh ?


a. Mohamad Toha
b. Mohamad Yamin
c. Mohamad Yusuf
d. Mohamad Nur

30. Mohamad Toha lahir taun…..


a. 1929 c. 1927
b. 1928 d. 1926

31. Kecap Pahlawan ngandung harti……


a. balad c. tentara
b. sekutu d. pajuang

32. Barudak kelas VII ngagambar pamandangan meuni alus. Kecap alus dina kalimah éta kaasup kana
kecap…..
a. kecap kaayaan c. kecap barang
b. kecap pagawéan d. kecap rajékan

E. Wacana 6 pikeun soal nomer 33 nepi ka nomer 37

Baca masing teleb sempalan dongéng di handap !

5 Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 Revisi 2020


Baheula, di hiji kampung aya saurang budak
lalaki. Égon ngaran éta budak téh. Hanjakal éta budak
téh kacida malesna sarta sok ngalawan ka nu jadi
indung. Kalakuan séjénna anu goréng téh nyaéta resep
pisan ngadukeun domba.

Dina hiji poé, Égon indit bari nungtun domba


jaluna anu begang lantaran teu diurus muru ka tegalan
paranti manéhna ngadukeun domba.

“Héy, Ro. Yu urang adukeun deui domba téh,”


ceuk Egon ka Suhro nu geus nyampak di éta tempat.
“Ké heula atuh Gon, domba kuring mah can
seubeuheun nyatuan,” jawab Suhro.
“Alaaah....teu pira ogé sato atuh, Ro. Keur naon
dipikanyaah ogé, domba mah moal ngartieun ieuh!”
“Enya ari moal ngartieun téa mah, tapi sarua baé
jeung urang hayangeun baranghakan.”
“Bener, Ro. Sok lah geura prung adukeun,
ngarah ramé yeuh!” ceuk Si Aron ngahatéan.
Ahirna Suhro éléh déét. Domba maranéhna nu
can seubeuh nyatuan téh dipaksa sangkan diadu.
Beletak...beletak...sora tanduk diadu matak linu
kadéngéna. Suhro, Égon jeung Aron mah teu boga
kapaur sok komo karunya. Maranéhna anggur ting
aréngklak bari sareuri suka pisan ningali domba nu
keur silih teunggar téh. Lila ogé diaduna éta domba
téh. Ahirna domba Égon béakeun tanaga, tuluy lumpat
ngajauhan domba Suhro.
Suhro jeung Aron ngékéak Égon nu lumpat
ngudag dombana anu lumpat kana rungkun.
“Héy ! Néangan saha manéh ?” teu kanyahoan
aya nu nyentak ka Égon. Égon ngalieuk ka lebah
datangna éta sora. Gebeg manéhna ngarénjag, sabab
nempo hiji lalaki sembada sarta beungeutna perenges
pikasieuneun.

33. Palaku utama dina éta dongéng nyaéta……


a. Égon c. Aron
b. Suhro d. Indungna

34. Kabiasaan si Égon anu goréng téh nyaéta….


a. resep ngadu hayam
b. ngalawan ka kolot
c. sok nyokot duit batur
d. ngalawan ka babaturan

6 Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 Revisi 2020


35. Di mana lumangsungna éta kajadian téh ?
a. di pakarangan imah
b. di lapangan mengbal
c. di tukangeun sakola
d. di tegalan tempat ngangon

36. Domba saha anu lumpat kana rungkun téh ?


a. domba Suhro
b. domba Égon
c. domba Aron
d. domba Indungna

37. Amanat nu kapanggih tina éta dongéng nyaéta……


a. kudu resep ngadukeun domba
b. nyaah ka babaturan
c. nyaah ka sasama mahluk Allah SWT
d. kudu jadi jalma males

38. “Kuring sibeungeut”

Kalimah di luhur ka asup kana kalimah…..


a. aktif c. resiprokatif
b. pasif d. refleksif

39. “Andi jeung Yusuf …….. poyok”

Kecap anu pantes keur ngeusian titik-titik di luhur nyaéta….


a. barang c. silih
b. pada d. para

40. Mana kalimah nu luyu sarta merenah jeung tatakrama?


a. Manéhna keur kulem mani pules pisan
b. Manéhna nuju mondok mani pules
c. Anjeuna nuju saré mani pules
d. Anjeuna nuju kulem mani pules
41. Anu disebut purwakanti dina rumpaka pupujian téh nyaéta…. 
a. Gagasan poko anu rék ditepikeun ku nu ngarang rumpaka pupujian ka nu maca
b. Pesen pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregepkeun pupujian
c. Padeukeut atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah 
d. Sikep pangarang ka nu maca 
42. Aksara sunda anu bener keur nuliskeun kecap “sebrot” nyaéta….
a. sebRot; 
b. jebRod; 
c. kebRot; 
d. ribet; 
43. Rarangken atawa pananda vokalisasi anu gunana pikeun nambahan sora /r/disebut….
a. Panglayar
b. Panyecek 
c. Paneleng 

7 Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 Revisi 2020


d. Paneuleung 
44. Aksara sunda ngalagena /ba/ mirip wanguna jeung....... 
a. Ma 
b. Ya 
c. Ta 
d. Nya 
45. Tanda vokalisasi nu ditulis di luhureun lambang aksara daras nyaéta....
a. Panéléng 
b. Pamepet 
c. Pangwisad 
d. Panolong

(Rahmat M. Sas Karana)  


Mojang lenjang nu hideung santen 
Diaping srangéngé tiénjing dugi kasonten 
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur 

Jungjunan 
Upami dugi kapuput umur 
Kurebkeun kuring dina pangkonan 
45. Eusi sajak diluhur nyaeta ngagambarkeun…. 
a. Kaéndahan alam Kota Bandung nu katelah Kota Kembang. 
b. Kaéndahan alam Jawa Barat anu ramah tur merenah. 
c. Kageulisan wanoja urang Sunda nu katelah mojang Priangan. 
d. Kaéndahan alam tatar Sunda nu katelah Priangan. 
46. Sajak anu judulna “Priangan” diwangunku….pada jeung….padalisan.
a. 2 pada 5 padalisan 
b. 2 pada 6 padalisan 
c. 2 pada 7 padalisan 
d. 2 pada 8 padalisan 
47. Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara atawa basa no boga harti…..
a. Dénotatif 
b. Konotatif 
c. Aktif 
d. Pasif 
48. Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ngabogaan harti konotatif?
a. Kembang malati seungitna nyambung ka mana-mana. 
b. Jalma beunghar mah kudu loba sodakoh. 
c. Geus pada apal Linda téh kembang Désa di lemburna. 
d. Lamun beunghar ku raja kaya ulah korét. 
49. Pangarang sunda anu naratas gelarna sajak dina taun 1946-an téh, nyaéta….
a. Kis. W.S. 
b. Ajip Rosidi 
c. Dodi Suwarna 
d. Wahyu Wibisana 
50. Salasahiji karya sastra ieu di handap anu kaasup kana wanda puisi, nyaéta….
a. Carpon 
b. Sajak 
c. Éséy 
d. Novél 

8 Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 Revisi 2020


KUNCI JAWABAN
SOAL UKK BAHASA SUNDA KELAS 7
TAHUN PELAJARAN 2019/2020
==================================================================

A. Jawaban Pilihan Ganda


1C 11 D 21 B 31 D 41. A
2D 12 B 22 C 32 A 42. A
3A 13 D 23 D 33 A 43. D
4B 14 A 24 B 34 B 44. B
5C 15 C 25 A 35 D 45. D
6A 16 B 26 A 36 B 46. B
7A 17 B 27 D 37 C 47. B
8B 18 B 28 C 38 A 48. C
9A 19 A 29 A 39 C 49. A
10 C 20 B 30 C 40 A 50. B

9 Soal UKK Bahasa Sunda Kelas 7 Revisi 2020

You might also like