You are on page 1of 1

Muhamad Renaldi W.

XI IPS 1

Kajadian anu Tak Diduga


Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, Abdi ngapalkeun
pelajaran. Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola.
Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade
sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan.
Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-
enjing pisan kedah tos ka sakola.

Wengi eta Abdi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing
bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana
otakna. Padahal teu aya ulangan.

Esoknya tabuh 06.00 WIB pas, Abdi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi
PR anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan
henteuna. Abdi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae
ngobrol bari ngantos bel disada.

Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2, jeung 3 lebet ka
kelasna sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji nyaeta matematika. Bapa Eki guruna.
Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. “Wilujeng enjing Pa!”
“Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur Pa Eki.
“Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas bari protes.
Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna mah
teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan, stress
campur jadi hiji.
“Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos dipelajari,
nuhun gusti” gerentes hate Abdi
Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. “Teet...teet...teet” sora bel
disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal Abdi, kertas ulangan dadakan
dikumpulkeun.

Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Abdi kacida


reuwas nembe dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. “Wah,
wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”.

You might also like