You are on page 1of 7

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah


Budaya Sunda mangrupa hasil tina karancagéan masarakat Sunda anu salawasna kudu
dimumulé tur dijaga sangkan teu tumpur kalindih ku kamajuan jaman. Ngariksa tur ngaraksa
tradisi warisan karuhun urang Sunda geus jadi pancén sakumna jalma nu hirup kumbuh di
tatar Sunda. Karuhun urang Sunda, mibanda kabudayaan anu luhung. Kabudayaan éta téh aya
nu mangrupa wangunan aya ogé warisan budaya anu teu éléh penting, nya éta nu mangrupa
tulisan jeung lisan.
Warisan karuhun nu mangrupa tulisan sok disebut ku istilah naskah. Éta naskah éta
umumna ditulis maké aksara atawa basa daérah, nepi ka can tangtu kabéh jalma bisa maca
jeung ngawasa kana éta eusi karya.
Ari warisan budaya karuhun anu mangrupa lisan sok disebut ku istilah folklor, tapi aya
ogé folklor anu gabungan lisan jeung tulisan sarta folklor lain lisan. Sacara istilah, folklor
(folklore) téh asalna tina kecap folk jeung lore. Nurutkeun Alan Dundes (dina Danandjaja,
2002, kc. 1-2) folk nya éta sakumpulan jalma anu ngabogaan ciri-ciri husus atawa mandiri
tina fisikna, sosialna, jeung kabudayaanana, nepi ka bisa dibédakeun ti kelompok-kelompok
séjénna. Éta ciri-ciri husus téh bisa katitén tina: warna kulit nu sarua, buukna sarua,
pakasaban nu sarua, bangsa nu sarua, tingkat pendidikan anu sarua, jeung agamana gé sarua.
Ngan nu leuwih penting mah ngabogaan tradisi, nya éta kabudayaan anu geus turun-tumurun
ti karuhunna jeung geus dianggap nu saréréa. Sedengkeun lore mah tradisi folk, nya éta
sabagéan kabudayaan anu diwariskeun sacara turun-tumurun sacara lisan atawa ku cara conto
anu dibarengan ku gerak isarat atawa alat bantu séjén nu bisa dipaké sangkan teu poho.
Nurutkeun Danandjaja (2002, kc. 22) rupa-rupa folklor lisan nu sumebar téh di antarana:
bahasa ra‟yat, ungkapan tradisional, pernyataan tradisional, sajak jeung puisi ra‟yat, carita
prosa ra‟yat, jeung nyanyian ra‟yat.
Hasil karya sastra nu kagolong kana sajak jeung puisi ra‟yatdi antarana puisi pupujian.
Pupujian téh minangka hasil karya sastra lisan pangaruh tina agama Islam anu sumebar di
masarakat. Nurutkeun Tamsyah (1996, kc. 53) puisi pupujian téh nya éta puisi buhun anu
eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Rusyana (1971, kc. 12) nétélakeun yén pupujian téh
nya éta rakitan kalimah anu eusina muji jeung ngadu‟a ka Pangéran, solawat ka Nabi,
Suci Nurul Qori’ah, 2015
PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu
pépéling ka umat, atawa pangajaran. Ieu rakitan kalimah-kalimah téh dinadomkeun, aya nu
dina basa Arab aya ogé anu dina basa Sunda. Ieu pamadegan ogé diéceskeun ku
Iskandarwassid (2003, kc. 116-117), yén puisi pupujian téh hiji karya sastra buhun dina
wangun puisi (ampir salilana dina wangun sair) nu rélatif pondok, nu eusina, ngeunaan puji-
pujian kana kaagungan Gusti Alloh, solawat ka Kangjeng Nabi, naséhat atawa ajakan
ngajalankeun ibadah (solat, puasa, jakat, jeung munggah haji), biasana sok dikawihkeun
atawa dinadomkeun babarengan di masjid-masjid dina waktu ngadagoan solat berjamaah
atawa di majelis ta‟lim ku para jamaah pangajian. Dina kamus nu disusun ku LBSS (1992,
kc. 401) disebutkeun yén:
“Puji, kecap-kecap atawa ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Kawasa:
Sadaya puji kagungan (kanggo) Alloh, Pangéran sakabéh alam, tarjamahan tina
Alhamdulillahi robbil „alamin: pupujian, 1) Kecap barang anu sok dipaké muji ka
Alloh atawa ka Rosululloh, 2) Kecap pagawéan ngedalkeun atawa ngalagukeun
puji-pujian ka Alloh atawa ka Rosul-Na: méméh ngaraji barudak sok pupujian
heula”.
Dina kahirupan sastra Sunda, nu disebut puisi pupujian téh nya éta wangun karangan
ugeran anu gelarna sabada asupna pangaruh Islam ka tatar Sunda, bari mawa pangaruh anu
jolna tina kabudayaan Arab. Dina kamekaran anu saterusna wangun sa‟ir dina sastra Arab
jadi wangun pupujian dina sastra Sunda. Eusi pupujian téh sumberna nyokot tina ajaran
agama Islam, ku kituna eusina moal leupas tina atikan kaagamaan, samodél ngébréhkeun
kaagungan Allah Swt., nepikeun salawat ka Kangjeng Nabi Muhammad Saw., pépéling,
jeung saniskara anu patalina jeung ajaran agama.
Dina kalumangsunganana pupujian téh sumebar sacara lisan. Ayana pupujian biasana di
lingkungan pasantrén jeung masigit. Pupujian anu di pasantrén biasana dinadomkeunana dina
mangsa nungguan ajengan datang itung-itung ngaderes atawa nalika ajengan nepikeun
pangajaran, sedengkeun ari anu di masigit biasana di nadomkeunnana dina waktu anu tangtu,
upamana baé dina mangsa nungguan adan jeung nungguan komat.
Kiwari pupujian mangrupa salah sahiji bagian tina sastra daérah anu perlu dimumulé tur
dimekarkeun ngarah tetep bisa lumangsung jeung henteu kalindih ku pangaruh anu séjén. Di
lingkungan masarakat Sunda, pupujian téh mibanda fungsi anu kawilang pentingna. Salah
sahiji contona, nyaéta dipaké alat pikeun panggeuing jeung silih élingan ka papada jalma.
Pupujian ogé mibanda fungsi pikeun nyalametkeun jeung ngamumulé ajén budaya anu geus
nyampak sarta dijadikeun alat pangajaran kaagamaan, adab, susila, jeung atikan.

Suci Nurul Qori’ah, 2015


PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu
Tarékah pikeun ngamumulé budaya daérah, pangpangna anu mangrupa sastra lisan salah
sahijina nyaéta ku cara macaan jeung ngagunakeun karya sastra nu gelar dina kahirupan
sapopoé, kitu deui pupujian. Lian ti éta, bisa ku cara dilaksanakeun panalungtikan kana éta
karya sastra, contona dilaksanakeun panalungtikan pupujian nu aya di Pondok Pasantén Al-
Barokah Bandung pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP.
Pupujian-pupujian nu aya di Pasantrén Al-Barokah Bandung bakal leuwih mangpaat
upama dikumpulkeun jeung ditalungtik. Pupujian anu ditalungtik di Pasantrén Al-Barokah
téh nya éta pupujian anu masih kénéh dinadomkeun ku barudak santri-santriah jeung jama‟ah
majlis ta‟lim. Eusina mangrupa pépéling, muji ka Pangéran, solawat ka kangjeng Rosul, do‟a,
sarta pupujian ngeunaan ajaran agama.
Di sagigireun éta, pupujian ogé bisa dijadikeun bahan pangajaran di sakola. Dumasar
kana Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat No. 5 Taun 2003, ngeunaan Pemeliharaan
Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daérah. Basa daérah diajarkeun dina atikan formal jeung non
formal di Jawa Barat. Éta kawijakan sajalan jeung UU No.22/1999 ngeunaan Pamaréntah
Daerah jeung UU No. 20/2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional nu sumberna tina UUD
1945 ngeunaan Pendidikan jeung Kabudayaan, sajalan ogé jeung rékoméndasi UNESCO taun
1999 ngeunaan pemeliharaan bahasa-bahasa ibu, jeung Peraturan Pemerintah Republik
Indonesia No. 19 Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, BAB III pasal 7 ayat 3-
8, nétélakeun yén ti SD/MI/SDLB, SMP/Mta/SMPLB, SMA/MAN/SMALB, jeung
SMK/MAK dibéré pangajaran muatan lokal nu relevan, bisa dijadikeun ogé sumber inspirasi
pikeun sastrawan modern sangkan jadi bacaan anu boga kualitas hadé jeung relevan pikeun
dunya atikan, sarta jadi bahan apresiasi sastra. Ambahan Pangajaran Basa Sunda dumasar
kana Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD), pangajaran Basa jeung Satra
Sunda nu ngawengku opat aspék kaparigelan basa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca,
jeung nulis.
Dina SKKD pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, pangaweruh anu kudu ditepikeun ka
siswa di tingkat SMP kelas VII di antarana ngaregepkeun pupujian. Pupujian bisa diriksa
ngaliwatan atikan formal di sakola. Pikeun lumangsungna pangajaran ngaregepkeun pupujian
di sakola, perlu dieuyeuban deui bahanna. Pupujian-pupujian anu aya di Pondok Pasantrén
Al-Barokah Bandung kacida merenahna upama diriksa, dianalisis, tur diajén
kalumangsunganana, sabab euyeub pisan ku bahan lenyepaneun anu patali jeung kahirupan
manusa.
Suci Nurul Qori’ah, 2015
PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu
Saméméhna ogé kungsi aya sababaraha mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
anu nalungtik Pupujian di patalikeun jeung bahan pangajaran pikeun murid sakola di antarana
ku Didin Solehuddin (2012), medar masalah pupujian dina skripsina ngeunaan “Pupujian di
Kampung Manis Désa Haurkuning Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun
Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP”. Panalungtikan ngeunaan pupujian anu
dilaksanakeun di Pondok Pasantrén ogé aya, nya éta ku Abdurrahman Wahid dina taun 2014
kalawan judul ”Pupujian di Pasantrén Syafi‟iyah Al-Falah Desa Mekarjaya Kecamatan
Bungbulang Kabupatén Garut”. Aya anu nalungtik ngeunaan téks jeung kontéks dina tésis nu
disusun ku Rusmiati anu judulna “Manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani di Kacamatan
Sukabumi, Kabupatén Sukabumi (Ulikan Sémiotik Téks jeung Kontéks)”.
Dikasangtukangan ku hal-hal sakumaha dipedar di luhur, ieu panalungtikan
dilaksanakeun. Dina sababaraha panalungtikan nu geus dilaksanakeun, katitén yén
panalungtikan anu nalungtik ngeunaan pupujian hususna di Departemen Pendidikan Bahasa
Daerah, anu nalungtik kana pupujian hususna ngulik kana téks jeung kontéksna can
kapanggih. Ku kituna ieu panalungtikan anu judulna “Pupujian nu aya di Pondok Pasantrén
Al-Barokah Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP Kelas VII (Ulikan
Semiotik, Téks jeung Kontéks) perlu diayakeun pikeun ngaguar pupujian nu kapanggih di
Pondok Pasantrén Al-Barokah, maluruh jeung nyusud kumaha eusi téks jeung kontéksna.
Lian ti éta, upama dipatalikeun ieu panalungtikan jeung SKKD, tangtu raket patalina.
Hartina, pupujian anu ditalungtik bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan pangajaran
ngaregepkeun basa Sunda di SMP kelas VII.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah


1.2.1 Watesan Masalah
Dumasar kana kasang tukang di luhur, karya sastra Sunda téh kacida réana jeung
jembarna. Pupujian minangka bagian tina karya sastra perlu pisan ditalungtik. Sangkan ieu
panalungtikan bisa museur, masalahna kudu diwatesanan, kalawan dipuseurkeun kana
sémiotik, téks, jeung kontéksna. Ulikan sémiotik museur kana unsur sémiotik dumasar kana
tiori Charles SanderPeirce nya éta ngawengku ikon, indéks jeung simbol. Dina téks museur
kana deskripsi eusi téks. Sedengkeun ulikan kontéks museur kana pasualan tatacara prak-
prakanana, waktu katut barang nu marengan dina nalika nganadomkeun pupujian.

1.2.2 Rumusan Masalah


Suci Nurul Qori’ah, 2015
PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu
Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun
dina wangun pananya ieu di handap.
a. Pupujian naon waé anu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah?
b. Tanda ikon, indéks jeung simbol naon waé nu nyampak dina pupujian di Pondok
Pasantrén Al-Barokah Bandung?
c. Kumaha deskripsi eusi téks pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung?
d. Kontéks naon waé anu patali jeung pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung?
e. Kumaha wangun bahan pangajaran pupujian dina aspék kaparigelan ngaregepkeun?

1.3 Tujuan Panalungtikan


1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung masalah-masalah anu geus dirumuskeun, tujuan umum dilaksanakeunana
ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngadeskripsikeun pupujian anu masih aya kénéh (hirup)
di masarakat.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun.
a. Ngainventarisasi pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung;
b. Maluruh ikon, simbol jeung indéks nu nyampak dina téks pupujian nu aya di Pondok
Pasantrén Al-Barokah Bandung;
c. Ngaguar sarta ngulik eusi téks nu aya dina pupujian anu kapanggih di Pondok Pasantrén
Al-Barokah Bandung;
d. Kontéks nu patali jeung pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; jeung
e. Ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun pupujian di
SMP kelas VII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan


Ieu panalungtikan téh miboga sababaraha mangpaat, saperti nu dipedar di handap ieu.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh dina widang
sastra buhun, ngabeungharan analisis budaya Sunda hususna ngeunaan pupujian. Ogé bisa
dijadikeun référénsi pikeun kaperluan anu aya patula-patalina jeung ieu panalungtikan.
1.4.2 Mangpaat Praktis

Suci Nurul Qori’ah, 2015


PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:
a. Pikeun masarakat, bisa mikawanoh sakaligus nambahan pangaweruh kana karya sastra
Sunda hususna anu mangrupa pupujian, tur bisa dijadikeun alat da‟wah Islam.
b. Pikeun siswa, bisa mikawanoh jeung ngainventarisasi pupujian nu aya di wewengkon
sorangan, upama diajar pupujian di sakola.
c. Pikeun nu nalungtik, bisa ngadéskripsikeun pupujian anu kapanggih ti Pondok Pasantrén
Al-Barokah Kacamatan Sarijadi Kota Bandung.
d. Mangpaat pikeun guru pangajaran, bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran waktu
ngajarkeun puisi pupujian di sakola.
1.5 Raraga Tulisan
Raraga tulisan dina hiji panalungtikan miboga fungsi pikeun méré gambaran ngeunaan
léngkah-léngkahna. Anapon raraga panulisan ieu skripsi baris dijéntrékeun ieu di handap.
Bab I mangrupa bagian awal dina tulisan ieu skripsi anu eusina ngawengku kasang
tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan boh anu ngawengku
tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat
tioritis boh mangpaat praktis, jeung raraga panulisan skripsi.
Bab II ngajelaskeun ngeunaan rupaning tatapakan tiori anu ngawengku tiori folklor,
tradisi lisan jeung sastra lisan, pupujian, semiotik, téks jeung kontéks, katut pangajaran
ngaregepkeun.
Bab III eusina mangrupa métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, kaasup
sababaraha komponén, saperti: a. Métode Panalungtikan; b. Téhnik Panalungtikan; c. Lokasi
Panalungtikan; d. Populasi jeung Sampel; é. Instrumen Panalungtikan; f. Desain
Panalungtikan; jeung g. Narasumber.
Bab IV eusina mangrupa hasil panalungtikan anu ngawengku déskripsi kaayaan
pupujian di Pasantrén Al-Barokah. Anapon dina pedaran, eusina ngadadarkeun analisis data
panalungtikan jeung nyusun bahan pangajaran pupujian di SMP Kelas VII.
Bab V eusina ngadéskripsikeun kacindekan jeung saran atawa rékoméndasi-
rékoméndasi pikeun panalungtikan saterusna. Kacindekan dina ieu panalungtikan ditulis
dumasar hasil analisis sémiotik, téks, jeung kontéks pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-
Barokah Bandung. Saran atawa rékoméndasi disusun pikeun pihak-pihak anu patali jeung
hasil panalungtikan.

Suci Nurul Qori’ah, 2015


PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu
Suci Nurul Qori’ah, 2015
PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII
Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

You might also like