You are on page 1of 1

PATURAY TI GURU

Anaking samet dieu


Bapa jeung ibu jajap
Poma tong letik hate
Palias lain teu melang

Bral geura tatandang


Nyucruk elmu anu luhung
Luhung kasakti diri
Hirup hurip mugia mulus

Bral geura papag


Poe nu bakal data
Ulah keueung ku di sorang
Pancegken kaimanan
Deukeutkeun ka Robbul Izzati

Pileuleuyen pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay tina teuteupan

You might also like