You are on page 1of 1

KECAP PANYELUK

Kecap panyeluk atawa inerjeksi nyaéta kecap pancén anu miboga fungsi pikeun ngébréhkeun
sora bituna rasa panyaturna. Dina ragam basa tulisan, kecap panyeluk sok diselang ku tanda
koma (,).
 Wah, aya lauk badag-badag teuing!
 Hih atuh, wayahna baé kasép sing prihatin!
Dumasar kana pancénna dina leunjeuran kalimah, kecap panyeluk miboga sababaraha harti :
1. Bungah/gumbira : horé, horséh
2. Kagét : ambuing, lakadalah, euleuh, wah
3. Geuleuh : iy, éy, wéw, yéy
4. Keuheul : ih, Na, yéh
5. Nyeri : aduh, lah, alahieung
6. Tumamprak : alhamdulillah, syukur
7. Neneda/meredih : gusti, nun gusti, ya Alloh
8. Umajak : yu, hayu, atuh, mangga
9. Karumasan : nuhun, hatur nuhun
10. Mupuas : puas, hag siah, euleuh, keun tah, kop tah
11. Ngageuri : emh, hih, cing atuh
Jaba ti éta dina kalimah lisan sok aya unsur anu mirip kecap panyeluk disebutna panggentra
(vokatif). Panggentra nyaéta unsur tambahan atawa sélér tina kalimah anu mangrupa kecap
atawa frasa barang anu nuduhkeun jama anu diajak nyarita. Conto:
 Jang, cing pangmeulikeun obat batuk!
 Iraha sumping ti Jakarta, kang?
Wujud panggentra bisa rupa-rupa kayaning :
1. Ngaran jalma boh aya gelaran boh euweuh, saperti : Angga!, Pa Haji!
2. Istilah pancakaki saperti : Ma, Pa, Mang, Aki, Ceu
3. Kedaling pakasaban atawa profési saperti : Pa Kadés, Pa Guru, Bu Bidan, Bu Lurah
4. Kedaling kaayaan saperti : Néng, Geulis, Kasép, Bageur, Sholéh
5. Kedaling kakeuheul saperti : Kéhéd, waduk, bebel, kunyuk

Latihan

Eusian titik-titik di handap maké kecap panyeluk atawa panggentra!

1. .......... Pa kalebet, kaleresan pun biang nuju aya di bumi.


2. .......... angkat, mugia janten haji nu mabrur.
3. .......... Kénging rezeki ageung dagangan ayeuna laris sadaya.
4. .......... geuning Mang Udin nu datang angkaribung téh.
5. .......... urang miang ayeuna meungpeung ieuh kénéh.
6. .......... kana sadaya bantosanana mugi digentos ku nu langkung ageung ti kieu.
7. .......... manéhna téh pundung teu daékeun deui datang ka dieu.
8. .......... naha saha atuh nya mangkelukna nu maling sendal aing?
9. .......... geura ibak kadituh bisi kaburu peuting. Pamali.
10. .......... cing pangningalikeun di sakola Bapa saha siswa ti Désa simkuring nu berpréstasi!”
ceuk Pa Kadés.

You might also like