You are on page 1of 6

Aksara Sunda

Luncat ka: pituduh, sungsi

Prasasti Astana Gedé Kawali ti jaman Sunda-Kawali abad ka-15, tulisanana maké aksara
Sunda Kuna.

Aksara Sunda pikeun nuliskeun ngaran bangunan di salah sahiji paguron luhur di Bandung.

Aksara Sunda (ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat
Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara
Sunda ngarujuk ka aksara Sunda Kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka
abad ka-18.

Sajarah
Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim
aksara lianna, di antarana

 aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa
Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
 aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
 aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung
kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
 aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
 aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.

Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara
Sunda pikeun pakéeun sapopoé. [1]

Komputerisasi
Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti
Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF[2].
Salian ti éta, dina bulan Januari 2006, proposal pikeun ngodekeun Aksara Sunda dina format
Unicode geus dikirimkeun ka konsorsium Unicode [3]. Prosés ieu bakal jalan dua taun lilana.
Diharepkeun dina taun 2008, aksara Sunda geus asup kana susunan Unicode versi 5.0.

Susunan Aksara Sunda


Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, diantarana:

 aksara ngalagena
 vokal mandiri
 aksara swara
 tanda baca
 angka

Aksara Swara

Répréséntasi grafis

ᮃ=a ᮆ=é ᮄ=i ᮇ=o


ᮅ = u ᮈ = e ᮉ = eu
Aksara Ngalagena

Répréséntasi grafis

ᮊ = ka ᮌ = ga ᮍ = nga
ᮎ = ca ᮏ = ja ᮑ = nya
ᮒ = ta ᮓ = da ᮔ = na
ᮕ = pa ᮘ = ba ᮙ = ma
ᮚ = ya ᮛ = ra ᮜ = la
ᮝ = wa ᮞ = sa ᮠ = ha
ᮖ = fa ᮋ = qa ᮗ = va
ᮟ = xa ᮐ = za ᮮ = kha
ᮯ = sya
Rarangkén

Dumasar kana patempatanana, 14 rarangkén dibagi jadi:

 rarangkén luhur = 5 rupa


 rarangkén handap = 2 rupa
 rarangkén sajajar = 6 rupa

a. Rarangkén luhur

° panghulu, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /i/.


ᮤConto: ᮊ = ka → ᮊᮤ = ki.
° pamepet, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /e/.
ᮨConto: ᮊ = ka → ᮊᮨ = ke.
° paneuleung, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /eu/.
ᮩConto: ᮊ = ka → ᮊᮩ = keu.
° panglayar, nambahan sora /+r/ kana sora asalna.
ᮁConto: ᮊ = ka → ᮊᮁ = kar.
° panyecek, nambahan sora /+ng/ kana sora asalna.
ᮀConto: ᮊ = ka → ᮊᮀ = kang.
b. Rarangkén handap
° panyuku, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /u/.
ᮥConto: ᮊ = ka → ᮊᮥ = ku.
panyakra, nyalusupkeun sora /+r/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku
° rarangkén séjénna.

ᮢConto: ᮊ = ka → ᮊᮢ = kra.
panyiku, nyalusupkeun sora /+l/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku
° rarangkén séjénna.

ᮣConto: ᮊ = ka → ᮊᮣ = kla.
c. Rarangkén sajajar

ᮦpanéléng, modifies Ngalagena vowel /a/ jadi /é/.


° Conto: ᮊ = ka → ᮊᮦ = ké.
° panolong, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /o/.
ᮧConto: ᮊ = ka → ᮊᮧ = ko.
pamingkal, nyalusupkeun sora /+y/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku
° rarangkén séjénna.

ᮡConto: ᮊ = ka → ᮊᮡ = kya.
° pangwisad, nambahan sora /+h/ kana sora asalna.
ᮂConto: ᮊ = ka → ᮊᮂ = kah.
° patén atawa pamaéh, ngaleungitkeun sora /a/ aksara Ngalagena.
᮪Conto: ᮊ = ka → ᮊ᮪ = k.
Angka

Répréséntasi grafis

᮱=1 ᮲=2 ᮳=3


᮴=4 ᮵=5 ᮶=6
᮷=7 ᮸=8 ᮹=9
᮰=0
Dina tulisan, angka diwatesan ku tanda pipa ajeg | ... |.

Conto: |᮲᮰᮰᮸| = 2008


ar-rahmah

ᮓᮨᮕᮧᮊ᮪,|᮲᮵| ᮔᮧᮕᮦᮙ᮪ᮘᮨᮁ |᮲᮰᮰᮹| ᮞᮠᮘᮒ᮪ᮊᮥ ᮓᮤᮔ᮪ᮓ ᮏᮜᮔ᮪ ᮏᮕᮒᮤ |᮳|


ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ

ᮃᮞ᮪ᮞᮜᮙᮥᮃᮜᮄᮊᮥᮙ᮪ ᮝ᮪ᮛ᮪.ᮝ᮪ᮘ᮪. ᮠᮜᮧ,ᮃᮕ ᮘᮦᮏ,ᮘᮄᮊ᮪ ᮃᮜᮥᮞ᮪ ᮝᮆ ᮕᮔ᮪?


ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮞᮁᮒ ᮊᮥᮜᮝᮁᮌ ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮓᮤᮔ ᮊᮃᮚᮃᮔ᮪ ᮎᮌᮩᮁ ᮝᮜᮖᮤᮃᮒ᮪. ᮌᮙ᮪ᮕᮀ
ᮙᮥᮓᮠᮔ᮪ ᮘᮦᮏ ᮃᮔ᮪ᮏᮩᮔ᮪ ᮇᮌᮦ ᮊᮝᮞ᮪ ᮆᮒ.ᮔᮇᮔ᮪ ᮓᮤ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ ᮠᮥᮏᮔ᮪
ᮒᮨᮛᮥᮞ᮪ ᮞᮕᮔ᮪ᮏᮀ ᮕᮧᮆ? ᮓᮤ ᮏᮊᮁᮒ ᮃᮙ᮪ᮕᮤᮁ ᮞᮘᮔ᮪ ᮕᮧᮆ ᮠᮥᮏᮔ᮪ ᮜᮧ.

ᮓᮤᮔ᮪, ᮘᮥᮜᮔ᮪ ᮠᮛᮩᮕ᮪ ᮕᮔ᮪ ᮌᮩᮞ᮪ ᮙᮤᮙᮤᮒᮤᮃᮔ᮪ ᮅᮏᮤᮃᮔ᮪ ᮞᮊᮧᮜ, ᮔᮇᮔ᮪


ᮙᮔᮦᮂ ᮌᮩᮞ᮪ ᮑᮤᮃᮕ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮓᮤᮛᮤ? ᮜᮙᮥᮔ᮪ ᮌᮩᮞ᮪ ᮘᮌᮥᮞᮣᮂ.ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮠᮚᮀ
ᮍᮨᮓᮜ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮥᮌ ᮏᮥᮔᮥᮔ᮪ ᮈᮑ ᮓᮤᮔ᮪ᮓ.

ᮞᮊᮤᮒᮥ ᮒᮤᮠᮩᮜ ᮞᮥᮛᮒ᮪ ᮒᮤ ᮊᮥᮛᮤᮀ ᮄᮛᮠ ᮄᮛᮠ ᮅᮛᮀ ᮞᮙ᮪ᮘᮥᮀ


ᮓᮩᮄ.ᮊᮥᮒᮥᮀᮌᮥ ᮘᮜᮨᮞᮔ᮪ ᮞᮥᮛᮒ᮪ ᮃᮔ᮪ᮏᮩᮔ᮪.

ᮝᮞ᮪ᮞᮜᮙᮥᮃᮜᮄᮊᮥᮙ᮪ ᮝ᮪ᮛ᮪.ᮝ᮪ᮘ᮪. ===

Aya hiji rupa sato leutik,


Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok luluncatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jang lancah.

Référénsi
1. ↑ Dangiang Aksara Sunda, teuleuman filsafat Abah Surya ngeunaan aksara Sunda di
Sundanét.com
2. ↑ http://jamparing.sytes.net/aksara/
3. ↑ http://std.dkuug.dk/jtc1/sc2/wg2/docs/n3022.pdf

You might also like