You are on page 1of 2

STRUKTUR (ADEGAN;UNSUR) KAWIH

Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda ajen sastra. Umumna ditulis dina wangun
puisi sisindiran atawa puisi bebas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda
unsur-unsur puisi. Umpamana wae diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa,
jeung kekecapan (diksi) anu dipakena pinilih pisan. Kitu deui bisa dipaluruh naon temana, kumaha
nadana, amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.

a. Jejer atawa tema

Tema teh gagasan pokok anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca. Tema dina
kawih rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamnusaam, cinta ka lemah cai, jste.

b. Nada jeung suasana

Nada teh sikap pangarang ka nu maca. Tina sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa
ku nu maca. Geura titenan rumpaka kawih ieu dihandap!

Sinatria danalaga

Bela bangsa jeung nagara

Dibarengan tekad suci

Berjuang keur lemahcai

Dumasar rumpaka kawih di luhur, katangen sikep pangarang teh hayang ngabejaan ka nu maca yen ari
pahlawan teh nu berjoang keur ngabela bangsa, nagara, jeung lemah cai. Tina sikep eta urang salaku nu
maca bisa ngarasa reueus kana jasa-jasana pahlawan.

c. Rasa

Rasa teh ngajiwaan eusi kawih. Rasa dina kawih kapanggih sabada dihaleuangkeun. Ngareunah
henteuna kawih teh apan karasana sabada dihaleuangkeun.

d. Amanat

Amanat teh rasa pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregeupkeun kawih. Tapi najan kitu,
amanat dina kawih ditangtukeunana teh gumantung nu maca. Hartina urang dibere kabebasan pikeun
nangtukeun amanat tina hiji kawih.

e. Purwakanti

Titenan deui rumpaka kawih ieu dihandap!

Sinatri[a] danalag[a] <———- ​padalisan ka-1


Bela bangs[a] jeung nagar[a]

Dibarengan tekad suc[i] ​pada (bait)

Berjuang keur lemahca[i]

Rumpaka di luhur teh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina
rumpaka di luhur, aya sora-sora anu sarua unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua
teh sora [a]. Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua teh sora [i]. Sora-sora nu sarua dina rumpaka
kawih kitu teh disebutna ​purwakanti. C​ indekna nu disebut purwakanti teh nyaeta padeukeutna atawa
saruana sora kecap dina ungkara kalimah.

Nilik perenahna, purwakanti teh aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir
​ ontona rumpaka kawih di luhur. Ari sarua atawa
dina sapadalisan disebut ​purwakanti rantayan. C
padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya ditungtung ungkara padalisan mah
disebutna purwakanti runtuyan. Titenan contona dina rumpaka kawih ieu dihandap!

Berjuang keur lemahca[i]

Lali rabi tur tegang pat[i]

Taya basa menta pamulang tarim[a] ​Murwakanti dina sora i jeung a

Iklas rido keur korban merdek[a]

You might also like