You are on page 1of 3

MATERI I

RUMPAKA KAWIH

1. Pengertian Kawih

Kawih nyaeta lalagun Sunda bebas anu miboga unsur-unsur seni musik jeung sastra. Kawih
disebut lalaguan Sunda bebas sabab rumpaaka kawih henteu kaiket ku aturan, saperti aturan
nu aya dina pupuh.

Kawih ari kawih asalna tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa'ir (kavya - bujangga). Kawih
nyaéta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg
(angger). Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut ku wiletan jeung témpo atawa ketukan.
Nu matak kawih sok disebut ogé lagu-lagu nu kaasup sekar tandak, boh kawih tradisional boh
wanda anyar.

Kawih mah béda jeung pupuh, kawih teu kauger ku rupa-rupa aturan atawa patokan kawas nu
aya dina pupuh. Rumpaka kawih téh eusina pinuh ku ajén atikan.ari rumpaka kawih teu béda
jeung rumpaka wangun puisi séjénna, ngan kawih mah geus dilengkepan ku aturan titilaras.

Unsur-unsur kawih nyaéta:

Téma mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan sakabéh eusi rumpaka kawih.

Nada nyaéta sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca,
upama sedih, nalangsa, handap asor, sombong, jsb.

Rasa téh ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih.

Amanat nyaéta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku nu ngawih atawa nu
ngarangna.

2. Rupa rupa kawih nu aya nyaeta :

a. Kawih buhun atawa tradisional. Buhun artina kuno, jaman baheula atawa bahari. Periode
kawih buhun antara waktu saacan jaman Jepang nepi ka Jaman Jepang. Conto kawih buhun
nyaeta saperti kawih "Banjar Sinom".

b. Kawih jaman Jepang, dimimitian kira-kira waktu Jepang datang ka Indonesia. Sawatara
kawih nu aya di jaman Jepang nyaeta saperti kawih "Es Lilin", "Balon Ngapung", "Gehger sore",
"Bandowati", jeung sajabana ti eta.
c. Kawih wanda anyar atawa kawih jaman kiwari nyaeta kawih jaman ayeuna. kurun waktu
kawi wanda anyar dimimitian ti taun 50-an nepi ka kiwari. Kawih wanda anyar diantarana nyaeta
kawih "Anggrek Japati", "Cinta Nusa", "Angin Priangan", "Hujan Munggaran", jeung sajabana ti
eta.

3. Jenis jenis kawih nu aya nyaeta :

Kawih tangtung

Kawih panjang

Kawih lalangunan

Kawih bongbongkaso

Kawih parerane

Kawih sisindiran

Kawih bwatuha

Kawih babatranan

Kawih porod eurih

Kawih sasambatan

Kkawih igel-igelan

4. Gunana kawih :

Kusabab kawih miboga dua unsur nyaeta unsur seni musik jeung seni sastra, gunana kawih
nyaeta pikeun hiburan jeung sarana pikeun ngebrehkeun jiwa atawa perasaan anu ngarang eta
kawih.

5. Bedana kawih jeung tembang :

Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik tin
rumpakana kawih, kakawihan jeung tembang teh manngrupa karya sastra dina wangun ugeran
atawa puisi. Kawih jeung kakawihan nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan.
Sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan nyaeta aturan pupuh. Aturan
nu aya dina pupuh nyaeta guru wilangan, guru lagu jeung watek.

Untuk menjawab pertanyaan di atas, di bawah ini adalah jawaban dri pertanyaan tersebut :
1. Kawih adalah salah satu jenis lagu Sunda yang liriknya bebas atau tidak terikat oleh aturan.

2. Contoh kawih adalah Borondong Garing, Sabilulungan, Manuk Dadali

3. Tembang adalah salah satu jenis lagu Sunda yang liriknya terikat oleh aturan, yaitu aturan
pupuh.

4. Conto tembang adalah Asmarandana (Piwuruk Sepuh), Kinanti (Kanyaah Indung), Sinom
(Tatar Sunda)

Kesimpulan

Kawih dan tembang, selain merupakan jenis-jenis lagu Sunda, juga merupakan karya sastra
dalam bentuk puisi. Kawih merupakan bentuk puisi yang tidak terikat oleh aturan. Sedangkan
tembang merupakan bentuk puisi yang terikat oleh aturan, yaitu aturan pupuh.

You might also like