You are on page 1of 2

TUGAS NOVEL

NOVEL MANEHNA

1. Ringkes deui caritana make bahasa hidep sorangan !


Jawab :
 Ringkesan Carita :

Novel ieu nyaritakeun hiji jajaka nyaeta Kuring jeung hiji wanoja nyaeta Manehna
nu ngabogaan rasa anu sarua badagna. Tapi manehna teu wasa nuturkeun pangjurung
kalbuna lantaran katalian ku kolotna, akhirna kapaksa papisah jeung jajaka anu
dipikacintana nyaeta Kuring.

Dina kareta tungtung papanggihna yen Manehna rek balik heula ka kolotna, da
kolotna boga kamelang bisi kawas lanceukna ngajodo jeung nu teu sapuk jeung
kahayang kolotna. Manehna nyarita yen engke oge papanggih deui. Saatos kitu lila
pisan Kuring jeung Manehna teu papanggih. Terus Kuring ngemut ka waktos
papanggih jeung Manehna jaman hirup babarengan jeung Manehna.

Dina hiji mangsa Manehna mere surat ngaliwatan Mang Wira, yen Manehna aya di
imah Lanceukna, kusabab Manehna nyarita kakolotna rek di ubar terus ka imah
lanceukna padahal bari papanggih jeung Kuring.

Tidinya bisa papanggih deui. Dua poe papanggih teu nyarita panjang-lebar, poe nu
katiluna Manehna teu datang kana tempat pangjanjian. Dina kareta peuting
mapangkeun, isukna bral mulang, terus mere surat nu eusina medarkeun rasa Manehn.
Saatos kitu palaku Kuring ngajugjug ka tempat dimana wae pernah paduduaan jeung
nginget-nginget dina mangsa lawas waktos paduduaan.

Sagala na ge teu aya nu robah, jukut kitu keneh, tangkal eta keneh, cukang jeung
susukan gawir jeung gelewer eta keneh, ngan nu robah nyaeta Manehna teu aya
didinya. Kuring ngarasa aya nu leungit sidik si mojang geus nu ngiwat.

2. Tangtukeun naon temana !


Jawab :
Tema : Duriat anu teu bisa ngahiji.

3. Tataan saha wae palakuna jeung kumaha deuih watekna ?


Jawab :
 Palaku jeung watekna :
A. Kuring : Bageur, teu pegat rasa duriat ka manehna (satia).
B. Manehnaa : Bageur, satia, jeung taat ka nu jadi kolot.
TUGAS NOVEL

C. Kolot Manehna : Hayang anakna baringah ku kahayang kolotna, teu paduli ka


anakna dek kumaha ge da teu nurut ka kolot.
D. Lanceuk Manehna : Bangeur, sakahayang sorangan teu nurutkeun kolot.
E. Salaki lanceuk ma : Bangeur nehna.

4. Kumaha galur caritana ?


Jawab :
 Galur : Maju-mundur (campuran).

5. Dimana jeung iraha lumangsungna eta kajadian teh ?


Jawab :
 Latar tempat : Dina jero guha, dina kareta api, di imah lanceuk, di kamar, di lawang
pakarangan, di karang panineungan.
 Latar waktos : Harita.

6. Naon amanat nu kapanggih tina eta novel ?


Jawab :
 Amanat : Kudu taat kanu jadi kolot, lain ku cara barontak ka kolot lamun hayang
ngalakukeun nu dipikahayang, bisa ridho ngalepaskeun nu dipiacinta mun lain jodona.

You might also like