You are on page 1of 24

Drama Sunda

‘WANCI Ayi G. Sasmita

….Manusamah moal salilana hirup di alam pangumbaraan


Mun wancinana geus datang nya kudu mulang….

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 1


Drama Sunda

‘WANCI
Ayi G. Sasmita

====Nu Maraén====

Ki Umbara
Ni Umbara
Utun
Amar
Princés
Budak Angon
Barudak

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 2


Drama Sunda

‘WANCI
Ayi G. Sasmita

ADEGAN KAHIJI

DI HIJI TEMPAT HARAHARAEUN

KADEÉNGÉ SORA-SORA ANÉH, JIGA SORA NU KEUR DISKUSI, SORA NU CEURIK, SORA NU
NGAJURU, OGÉ SORA CEURIK OROK ANYAR NGAJURU.

TEU SAWATARALILA DATANG SAURANG LALAKI KOLOT, BU’UK JEUNG JANGGOTNA


NGARUMNBAY PANJANG NGEMBANG JAMBU. DATANG DUKA TIMANA JOLNA. MAWA
CEMPOR.

KI UMBARA
Bagéa Alam Dunya…
Bagéa Alam Pawenangan…
Bagéa Alam Fana…
Bagéa Alam nu pinuh ku Kapalsuan..
Bagéa Alam nu reumbeuy ku kamunafikan…

Bagéa Utun..Bagéa Inji…Bagéa… Manusa….


Bagéa di alam pangumbaraan, Hiji tempat nu teu kungsi kasawang ku sakumna manusa
saméméhna.
Tempat nu teu kungsi dipénta ku manusa sakumna saméméhna…

Tapi ieu mangrupa Dharma pikeun sakumna manusa nu hirup.


Ieu mangrupa jalan nu kudu disorang ku sakumna manusa anu brasna ka alam kalanggengan.
Teu bisa dipungpang, teu bisa disinglar, sakabéhna geus jadi Takdir nu natrat dina diri,
sakumaha jangji nu geus disatujuan dina alam Saméméhna.

Sakabéh kajadian nu tumiba, geus kungsi ditémbongkeun, geus kungsi disaluyuan harita .
Jodona, patina, bagjana, cilakana, jalan kahirupanana… Ngan pédah kahalangan ku lalangsé
poho. manusa kari ngajalanananna. Hamo bisa mungpang, hamo bisa mungkir, hamo bisa
nyumput tina papastén…

Wanci mustari, mangsana geus datang….


Bagéaaaaa di Alam Pangumbaraann….!!!!

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 3


SORA-SORA ANÉH KADÉNGÉ DEUI, BEUKI LILA BEUKI ATRA MUSEUR KA HIJI SORA JALMA NU
NGAJURU DITUTURKEUN KU SORA OROK CAREURIK. NGONG KADÉNGÉ SORA ADZAN
DITUTURKEUN KU KOMAT. DUKA TIMANA DATANGNA ARASUP TINGJORÉLAT JABANG BAYI
SAGALA KARAKTER, MOTAH…

Lampu Parem…

ADEGAN KADUA

DI HIJI TEMPAT

UTUN(Datang bari Rungah-ringeuh)


Di mana ieu téh….? Tempat nanahaon ari ieu,…?! (Rumahuh) Hemmmm… aya ku hémeng
ngabandungan lalampahan poé ieu, leumpang ti Subuh kénéh sakabéh jalan nu kaliwatan
kabéhanana nuju ka tempat-tempat nu hara-haraeun, asa can kungsi kasaba... jeung anéh
deuih.. meuntas walungan caina kiruh, loba runtah jeung bau, nyorang leuweung pinuh jalma-
jalma maraké pakéan ginding, didasi numpak mobil jeung motor,garaya, lalégég.. asup ka kota
pinuh ku bangunan alagréng tapi eusina sato wungkul, bagong tingsurudug, monyét
ngagarantung, buhaya calangap ngamangsa sato sejéna.. jeung sajabana… anéh

GÉK DIUK BARI ALAK ILIK KA SABUDEREUN ÉTA TEMPAT

Geus wanci haneut moyan, tapi naon nu dipaluruh can kapanggih kénéh,.. tapi.. ké ké ké..
Héhéhé… Ari kuring keur néangan naon kitu.. maké jeung nyebutkeun can kapanggih sagala…
asa teu puguh naon nu keur ditéanganana ogé… Héhéhé… Ah mending reureuh heula di dieu..
nyalsé…lila kénéh ka magrib ieuh..

NGAHARIRING

Saéstuna Hirup Manusa


Kumelendang di marcapada
Ngumbara ngalakonan Dharma
Dharma ti nu maha Kawasa

Hirup téh ulah rumahuh


Najan pinuh ku karipuh
Ulah diJadikeun bangbaluh
Sangkan henteu jadi jaruh

Kukumpul Sasayagaan
Pakeun jaga bebekelan
Mulang ti pangumbaraan
Sangkan ridu babawaan
Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 4
REUP SARÉ, TEU SAWATARA LILA TOROJOL SAURANG LALAKI LEUMPANG LALUNAN
ANGKARIBUNG KU BABAWAAN, RUPA-RUPA KARUNG NU EUSINA TAMBANG PAKUSUT, GÉK
DIUK NGÉCAGKEUN BABAWAANANA LAJU KARUNG DIBUKA, DIBURUSUTKEUN SAKABÉH
EUSINA, BRÉH RUPA RUPA TAMBANG (WARNA, PANJANG JEUNG GEDÉNA RUPA-RUPA)

AMAR
Naha sia téh, ku hésé-hésé teuing jurig..!!!

KORÉJAT UTUN NANGTUNG BAKATING KU REUWAS

AMAR
Naha kudu ku cara naon deui atuh..!!

UTUN (Mairan)
Duh meni reuwas… Sabar mang sabar…!

AMAR
Sabar-sabar tujuh puluh..!! Geus ku cara kitu, ku cara kieu angger teu kapanggih lebah mana
tungtungna.. kadon beuki pajeujeut…

UTUN
Pindah atuh tempatna mang, ulah di dinya baé…

AMAR
Geus pindah tempat leuwih ti sapuluh kali déwék téh.. naha kudu kamana deui..?!! ké ké… ari
manéh saha..?

UTUN(Nyolongkrong ngajak sasalaman)


Aéhh.. énya nepangkeun atuh mang.. kuring Utun..

AMAR
Oh… Aing Amar… Rék kamana manéh jang..?

UTUN
Badé ka Gawir Magrib mang… Dupi amang badé kamana..?

AMAR
Heueuh sarua aing gé…!!

UTUN
Amang timana kitu..?

AMAR
Ari manéh timana..?

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 5


UTUN
Ih ari amang kuring nanya, kalah malik nanya…

AMAR
Ahhh… kapanan geus biasa atuh nu nanya dijawab ku pertanyaan mah…!!

UTUN
Héhéhé… heueuh hampura atuh mang…

AMAR
Geuleuh atuda aingmah.. kapanan bieu subuh téh indit bareng ti ditu…!!

UTUN
Héhéhéh… énya nya, hampura mang poho.. tapi kéla kéla.. asa emangmah bieu téh indit
tiheula, tapi naha bét nepi kadieu heulaan kuring nu indit pandeuri..?

AMAR
Pan aingmah sumpang-simpang satéh.. ieu pan memener tambang di unggal tempat, tapi
angger teu bener baé…

UTUN
Énya sabar atuh mang ulah bari hahaok baé nyaritana.. jeung naha atuh mani angkaribung kitu
babawaan téh…

AMAR
Pan aingmah tiditu mula geus kudu kieu, naha manéh bét kumawani nyarita kitu ka aing..?!!

UTUN
Mang..!! sakabéh jalma geus dibéré pancén séwang-séwangan, sakabéh jalma geus di béré sifat
séwang-séwangan, asanateh amang teu kudu ambek upama kuring naya jiga kitu…

AMAR(leuleuy)
Manéh mah ngeunah bisa nyarita kitu, lantara narima pancén nu hampang… Leumpang keupat,
bisa lumampah bari hé’és di perjalanan… teu adil…!

UTUN
Lain paménta kuring mang, lain kahayang kuring deuih, sakabéhna geus diatur. Upama kuring
bisa ménta, kahayang kuringmah cicing diditu teu kudu ngumbara kadieu.

AMAR
Alahh… budak satepak ogé bisa nyarita kitu mah.. hokk cobaan manéh nu jadi aing.. ngarah
karasa kumaha ripuhna ieu pancén gawé…

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 6


UTUN
Hirup manusa Darma wawayangan, Dalang nu ngatur sagalana, nu méré pancén, nu méré
kahirupan, nu ngabogaan Kuring, nu ngabogaan Amang, nu ngabogaan hirup kuring jeung
amang, urang hamo bisa tukeuran tempat da sakali deui ieu lain kahayang urang… Upama
urang ngarasa ripuh ku pancén nu geus diragragkeun,.. nya kari balikeun deui ka nu mérena,
lain kalahkah nyupataan hirup sorangan, ngarasula, paké tah akal jeung budi nu aya dina diri,
sangkan haté caang teu poékeun…

AMAR
Khotbah…

UTUN
Mang…?!

AMAR
Déwék can butuh ku khotbah manéh….

UTUN
Can Butuh..?

AMAR
Teu butuhhhh…!!!

UTUN
Naon nu dibutuhkeun ku amang ayeuna…?

AMAR
Kaajaiban.. sangkan ieu tambang dadak skala bener deui…!!!

UTUN
Hahahahaha…. Ngimpi..! Usaha mang usahaa..!! teuaya héséna keur Ki Dalang nedunan
kahayang amang.. tapi naon atuh usaha manusa upama sagala kahayangna Dadak sakala
kacumponan… Nanaonan atuh Ki Dalang nyieun lalakon ngaréka Carita … hahahaha… Takdir
mang takdir…!!!

AMAR
Upama ieu takdir, ngeunah teung ditakdirkeun jadi manéh, hirup senang, leumpang keupat,
nyalsé teu kabeungberat ku babawaan, ari meunang bayaran upama geus nepi, sarua… rugi
déwék…!!! Ngeunah éhé teu ngeunah éon…!

UTUN
Pan cikenéh geus dibejakeun ku kuring, upama amang geus teusanggup ngajalanan éta pancén,
balikeun deui kanu méréna, sanggakeun deui kanu kagungan.. bérés…

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 7


DUANANA NGARÉNJAG, NGARÉRÉT KA NU ANYAR DATANG. AWÉWÉ GORA DANGDANAN
SÉKSI

PRINCÉS(Ngobrol dina hp)


Hihihihi… muhun atuh om… upz.. ayah maksad téh.. nineung ka ayah téh, nineung ku kumisna
hihihi, upami tos adek wihhhhhh mantak muringkak sakabéh bulu-bulu nu aya dina awak
Ahhhhhh….. hhihihi… kumaha,..? pasti étamah, kanggo pricés mah nu penting aya cicis urusan
bérés… hihihihi… Samikeun sareng nu atos-atos atuh ayah.. muhun.. Sippp… dadah ayah…
mcuah mcuah mcuah…. (nutup telepon bari jeba jebi) ayah ayah ayah batur…. Tapi keun baé
ketang nu pentingmah beuki loba baé geuningan nu butuheun ku pagawéan Princés téh… teu
nu ngora teun nu kolot, nu boga pamajikan, anu duda sumawonan anu jomblomah.. hihihih….

RÉT KANU DUAAN, REUWAS

Awwww… Aduh punten manawi téh teu aya jalmi… aéhh.. ari ieu sareng ieu jalmi sanés..??
Aéhh.. hampura nya atuda Princés mah biasana pendak sareng nu ginding, gagah, kasép,
perlénté HighClass.. sakali deui hapunten janten reuwas, kalepasan, khilaf…

AMAR
Kumaha ceuk manéh nu kieu..??!

UTUN
Ah nya kitu wéh..

AMAR
Kitu kumaha..?

UTUN
Akal jeung Budi na teu dipaké, sarua jiga amang…!

PRINCÉS
Heup heup heup, ké,.. ké heula Princés jadi lieur, ari aranjeun keur ngomongkeun naon..?!

AMAR
Geus lila manéh kikituan..?

PRINCÉS
Awww… Kikituan, kikituan…? ih si amangmah mani togmol, sing lantip atuh basana, sing
malapah gedang nyaritana, kakarak ogé panggih geus ngajak kikituan…

AMAR
Juriggg siah,….!!! Saha nu ngajak kikituan…??!

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 8


PRINCÉS
Ari cikénéh naon kikituan.. kikituan…?!

AMAR
Déwékmah nanya, manéh geus lila kikituan,…

PRINCÉS
Tahhh…..

AMAR
Euu maksud téh jadi awéwé lieur.. Geus Lila…?

PRINCÉS
Awww… saha nu lieur..?!! Princés mah lain awéwé lieur, princésmah awéwé cageur, normal…

AMAR
Ari cikénéh naon..?! nelpon ayah ayah.. asal aya duit urusan bérés..?! naon ngarana nu kitu
mun lain ungkluk lacur mah…??!!

PRINCÉS
Sangeunahna manéh nyebut ungkluk lacur ka aing..!!

AMAR
Ari geus naon atuh nu kitu..?!

PRINCÉS
Enya mémang aing Ungkluk, tapi aingmah ngan saukur ngungklukeun awak lantaran butuh…
teu jiga manéh jeung batur-batur manéh, ngalacurkeun jabatan lantaran kasarakahan,
ngalacurkeun waktu lantaran nuturkeun nafsu, Loba tuh diditu jalma-jalma nu ngalacurkeun
hirupna, hirup dina kasarakahan, kamunafikan, katakaburan, kaégoisan hayang bener
sorangan, teu maliré batur susah nu penting sorangan senang….!!!

UTUN
Heup heup heup… atos néng, atos sabar… (ka Amar) Tah mang, ceuk kuring ogé naon.. ati ati
dina meunteun batur.. ulah sok ngarasa bener sorangan, lantaran nu dianggap bener ceuk
urang can tangtu bener ceuk batur… tadi ogé pa amang boga alesan sorangan, sarua manéhna
ogé boga alesan sorangan… bener jeung salahna lain urusan urang.. keun da aya nu ngaturna…

KABÉHANANA NGARÉRÉT KANU ANYAR DATANG. KI UMBARA JEUNG NI UMBARA SILIH


TUNGTUN LEUMPANG LALAUNAN, BARI NGAJINGJING CEMPOR.

NI UMBARA
Bener ka lebah dieu jalanna aki…? Naha mani asa bala jeung renjul kieu jalan téh..? jauh kénéh
kitu..?

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 9


KI UMBARA
Bener ni.. heueuh da kitu atuh ari jalan nu benermah bala jeung renjul.. upama teu sabar jeung
kuatmah loba jalma nu éléh, antukna nyiar jalan nu salah sok sanajan caang jeung leucir, tapi
da angger nepinamah bakal heulaan jalan nu ieu ni… sing sabar, sing ikhlas, kapanan ieu aki
mawa cempor nu baris nyaangan jajalaneun…

NI UMBARA
Ah.. cempor sagedé kitu ngan ukur bisa nyaangan saurangeun wungkul… padahalmah cikénéh
téh ulanh ngajingjing cempor ki…

KI UMBARA
Naha naon atuh nu kudu di jingjing nini..?

NI UMBARA
Patromak atuh ngarah rada badag caangna…

KI UMBARA (Ngarandeng, seuri ipis)


Héhéhéhéhé… tah éta numantak kami nyaah ka nini téh, Nini sayang… harita loba awéwé nu
leuwih geulis, leuwih séksi ti nini, tapi kabéhanana teuaya nu bisa ngéléhkeun kasoléhan nini…
kami mah keukeuh milih nini lantaran nini bener-bener bisa jadi batur dina pangumbaraan
ieu… tara ngarasula, tara loba nungtut, sok komo nambalang paréntah kami mah.. dina
kaayaan kieu ogé masih kénéh bisa heureuy, ngabodor jadi sagala kacapé téh teu karasa..

NI UMBARA
Aki.. sing inget kana umur.. ngarayu téh meni teu euleum-euleum… Nini mah ngan saukur
narima kana kadar, ngajalankeun pancén ti Ki Dalang.. Sanajan Aki geus rémpo ogé geuning Aki
téh pantes dituturkeun, bisa nyaangan jajalaneun nini, ngageuingkeun nini dimana salah nincak
,ogé nungtun nini kana jalan anu bener…

KI UMBARA
Aduhhh.. éta si sayang.. ngarayu meureun nya.. ngarah teu ditinggalkeun ku kami nya..
héhéhéh…

KI UMBARA JEUNG NI UMBARA SILIH CIWIT BARI SUKA BUNGAH, OCON AYA KU GEUGEUT
PISAN

UTUN
Hapunten Aki, Nini…

KI UMBARA(reuwas)
Bujur bunéng… aéh… héhéhéh panyana téh teuaya jalma lian di dieu téh…

NI UMBARA
Euleuh euleuh geuning loba jalma Aki…

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 10


AMAR
Dasar Aki Nini tujuh mulud, teu gableg cedo, teu ngukur ka kujur kalakuan kitu patut, ngéngéra
pisan…!! Éta deuih kawas nu éblég tengah poé mentrang-mentring mamawa cempor,…
Alukanmah geura getol ibadah geus bau taneuh…!!

NI UMBARA
Héhéhéh… Punten ki silah.. Hampura… dina ngambah sagara rumahtangga aya kalana ocon,
heureuy jeung geugeut kalintang butuhna, keur mageuhan rasa percaya jeung papada
pasanganana, sangkan salaki teu kapincut ku awéwé séjén sangkan pamajikan teu kairut ku
pangirut lalaki lian, héhéhé.. jeung deuih urusan Ibadahmah lain urusan nu kolot wungkul..
dalah kisilah sakabeh ogé kudu ibadahmah, ulah nungguan geus kolot karék ibadah…

KI UMBARA
Héhéhé… Caangna beurang ngan ukur caang ragana wungkul,.. caangna cempor najan ngetét
tapi kawasa keur nyaangan batin anu poékeun, rék beurang, rék peuting batinmah tetep kudu
dicaangan, ki silah… lantaran hakékatnamah jajalaneun téh poék karungkupan ku Nafsu….
kahadé ulah ngan saukur maca raga wungkul.. geura sok maca batin sakali-kalimah…

UTUN
Mang.. ceuk kuring ogé naon.. ulah gancang ngahukum batur saacan apal masalah… geura
kadalikeun éta amarah bisi jadi mamala ka diri sorangan…

KI UMBARA
Nyai.. geulis.. kunaon jamedeud baé… ?

NI UMBARA
Aki…!!!

KI UMBARA
Ihhh… Sabar ni.. sabar… moal,… Cinta aki moal kagareuwahkeun ku ieu wanoja.. moal.. Love
you So Muchh nini… héhéhé… Akimah ngan saukur hayang nalék wungkul… hayang nyaho
kunaon ieu wanoja jamedud baé…

PRINCES
Timburu Princés mah…

KI UMBARA
Bujur bunéng… timburu..? timburu kasaha nu geulis téh…?

PRINCÉS
Ka Aki…!

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 11


NI UMBARA
Akiiiiiii……!!! Saha éta wanoja téh saha…??!! Naha bét timburu ka aki…??!! Saha Aki..
Terangkanlah, éta terangkanlah aki…?!!

KI UMBARA
Ké heula niniii…. Sabar ulah waka ngahukuman kitu… cicing heula, urang talék heula naha bét
timburu ka aki…? Geuliss… naha bet timburu ka Aki..?

PRINCÉS
Saha coba sok nu teu timburu ka Aki..? Geus kolot masih kénéh bisa romantis… nyaah ka si
nini… Princésmah boro-boro.. sakalina aya nu sayang-sayangan, romantis, pédah wéh aya
kahayangna, geus kacumponan kahayangnamah ninggalkeun…

AMAR
Hahahaha… ja heueuh atuh da manehmah Ungkluk… hahahah dasar ungkluk….!!

UTUN
Mamang…!!!

KI UMBARA
Héhéhé…. Kitu nyah… Tah nini.. kareungeu ku nini sayang, kitu cenah… terangkanlah éta
terangkanlah nini… héhéhé…

NI UMBARA(kapiasém)
Héhéhéh…

KI UMBARA
Nyai geulis… di alam pangumbaraan sakabéh jalma geus meunang pancén séwang-séwangan,
sakabéh nu karandapan ku urang éta mangupakeun Prosés… moal aya kajadian anu ujug-
ujung, moal aya jalma anu ujug-ujug.. sakabéhna ngaliwatan prooosés… sokk lakonan éta
prosésna… , tapi ulah poho barengan ku nyiar élmuna sangkan urang narima éta prosés ku
kaikhlasan jeung karidhoan….. gunakeun akal jeung budi nu aya dina diri lantaran éta nu baris
nungtun manusa papanggih jeung élmuna… upama geus manggih élmuna gancang robah.. ulah
tuluy baé cicing di dinya… hijrah ceunah ceuk barudak ayeunamah…

AMAR
Geus Khotbah deui baé…!!!

UTUN
Dasar adat kakurung ku iga…!!

KI UMBARA
Héhéhéh… Amarah… Nafsu amarah… kahadé kisilah.. Nafsu Amarah baris ngunclungkun
manusa kana kaancuran…omat gera kadalikeun éta nafsu amarah.. ulah diantep…

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 12


AMAR
Alahhhh…. Kapanan kodratna manusa, nu bisa ngabédakeun jeung mahluk séjéna téh, Nafsu…
kumaha cara ngadalikeunnana….?!

NI UMBARA
Akal.. éta nu bisa ngadalikeun Nafsu Amarah… ulah di luli-luli ki silah… geura kadalikeun ulah
nungguan Nafsu amarah ngawasaan diri…

AMAR
Nafsu téh pan kudrat, naha kudu dileungitkeun sagala…!!

KI UMBARA
Kadalikeun.. lain dileungitkeun… Nafsu Amarah, Nafsu Lawamah, Nafsu Mutmainah…
kadalikeun tah nafsu amarah nu aya dina diri….

AMAR
Naon baé éta hartina..?!!

KI UMBARA
Heueuh tanyakeun wéh kaditu ka Ustadz… akimah jalma bodo bisi nyalahan.. jeung deuih
Akimah lain bagéanana ngajelaskeun nu kitu…

NI UMBARA
Aki.. geus hayu ah.. ulah lila teuing didieu.. tuh panonpoé geus lingsir ngulon.. jaba lalampahan
jauh kénéh deuih…

KI UMBARA
Aéh heueuh… kajongjonan teuing… hayu atuh ni.. urang lumampah deui, bisi kaburu Asar, geus
asarmah biasana téréh pisan ka magrib…

NI UMBARA
Heueuh atuda kabiasaan ari geus ngobrol téh sok poho sagala-gala…

KI UMBARA
Heueuh pan kami téh sakalian ngajalankeun pancén, ngingetan kanu poho, nyaangan kanu
poékeun pan geus jadi pancén urang tidituna ni… Aéhhh… hayu atuh ah kisilah… Akimah rék
indit lumapah deui… hayu ni…

NI UMBARA
Henam Aki…

UTUN
Mangga aki, nini.. wilujeng angkat mugia salamet kanu di tuju… ké wéh kuringmah pandeuri, da
engké ogé kasusul lah.. héhéh..

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 13


AMAR
Heueuh jig kaitu.. kadé ulah lumpat ki… sing karunya ka si nini…

KI UMBARA
Heueuh nuhun ki silah… Kahadé nya ulah jarongjon teuing, bisi poho kana pancén.. tuh panon
poé geus lingsir ngulon, téréh magrib…

PRINCÉS
Aki.. Princés ngiring jeung aki nya…

KI UMBARA
Ulah ah.. bisi jadi fitnah.. sok tiheula wéh kaditu, da Nyaimah jagjag kénéh…

PRINCES
Ih akimah mani kitu ka Princés téh… nya geus ah tiheula…

PRINCÉS NGOLOYONG NIHULAAN NINGGALKEUN ÉTA TEMPAT, AKI JEUNG NINI UMBARA
LEUMPANG LALAUNAN SILIH TUNGTUN. KAAYAAN JADI SIMPÉ, UTUN DIUK JIGA NU KEUR
MIKIR, AMAR CEG DEUI KANA TAMBANG KUSUT, SATÉKAH POLAH MEMENER TAMBANG.

UTUN
Lenyepaneun….., Bacaeun, Ulah jongjon teuing….
Tanghi… tanghiii.. Tanghiiii….. Uyyyyy… Tanghiiii… Gera harudang ulah jongjon teuing, itu panon
poé geus lingsir ngulon…. Gera Taranghiii Batiiinnnnn…..!!!

Lampu Pareum

ADEGAN KATILU

WANCI SAREUPNA, DIHIJI TEMPAT AYA SAUNG RÉYOD. AKI UMBARA SILA TUTUG
HAREUPEUN SAUNG RÉYOD, BARI MÉMÉRÉS BUUK JEUNG JENGGOTNA ANU BODAS
PANNJANG NGARUMBAY

NGAHARIRING
Lalangsé nu mindingan haté kiwari geus lukutan
Bakateuing ku lawas teu dilongokan
Tangtungna kari satuur, pulasna rada boléas

Balingbing buruk dina tangkalna, lantaran kaeunteupan ku hileud


Nu datang tara bébéja, Baranahan unggal mangsa
Diri teu walakaya, héngkér ku mangsa

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 14


Wanci panén hamo kaarah, teu nyésa keur jingjingeun jaga
Pinasti mulang téh keupat, naon jawabna jaga mun ditalék
Tas timana geuning léngoh..?

Lain diri, sanés raga


Lain haté, sanés rasa
Lain saha, sanés nu saha
Lain kuring, sanés anjeun
Ukur minangka..

NI UMBARA , KALUAR TI SAUNG RÉYOD, LEUMPANG LALAUNAN ALAK-ILIK KA


SABUDEUEREUN ÉTA TEMPAT JIGA AYA NU DITEANGAN.

NI UMBARA
Kamarana atuh barudak téh nya… asa teu katémbong jolna…

KI UMBARA
Néanga saha nini… ? dibandungan titadi jiga nu Guligah Manah…

NI UMBARA
Barudak kamarana Aki… geus Wanci Sareupna can baralik kénéh…

KI UMBARA
Héhéhé… keun baé antep nini da geus daréwasa, geus bisa ngajaga dirina séwang-séwangan,
geus bisa milih mana nu alus keur dirina mana nu goréng keur dirina… nu pentingmah urang
geus méré jalan…

NI UMBARA
Utun…. Injiiiii….. geura baralik geus sareupna, ulah jongjon teuing arulin téh… hiyap bageur
geura ngarampih…. Geura beberesih, ulah lila teuing diantep kosong ieu saung réyod… geura
ngarampih Utun, Injiii…. Kamarana atuh, ku jauh-jauh teuing arulin téh…

KI UMBARA
Kurang Jerooo ni, moal kadéngéeun….

NI UMBARA
Utun…. Injiiiii….. geura baralik, ulah jongjon teuing arulin téh… hiyap bageur geura ngarampih….
Geura beberesih, geus sareupna , ulah lila teuing diantep kosong ieu saung réyod… geura
ngarampih Utun, Injiii….

KI UMBARA
Tah.. tah.. geus karaga nini… ngan acan karasa… sakali deui geura ni…

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 15


NI UMBARA
Kumaha kitu Aki…?

KI UMBARA
Heueuh… panghiyap téh ulah ngan saukur nepi Ka Raga na, tapi kudu nepi ka Rasa na… geura
sok pecakan sakali deui…

NI UMBARA
Utun…. Injiiiii….. ku jauh-jauh teuing arulin téh…, geura baralik geus sareupna, ulah jongjon
teuing arulin téh… hiyap bageur geura ngarampih…. Geura beberesih, ulah lila teuing diantep
kosong ieu saung réyod… geura ngarampih Utun, Injiii….

KADÉNGÉ SORA-SORA BARUDAK RÉCÉT, DITUTURKEUN KU WUJUDNA TING GARAJLENG


DARATANG WUJUD-WUJUD MANGRUPA BARUDAK SAGALA KARAKTER BARI MAWA
KARESEPNA SÉWANG-SÉWANGAN.

KI UMBARA
Tah geninggg…. Héhéhé… ari karasa mah geuning daratang…

NI UMBARA
Heup… heupppp…!! Ulah raracét baé.. sok geura dariuk heula….

BARUDAK JAREMPÉ, LAJU DARARIUK

NI UMBARA
Heueuh kitu… ké ké ké urang tataan heula nya… (jiga nu keur ngitung) aéhhhh…. Asa jiga aya
nu kurang geuning…

GAJLENG DATANG SAURANG LANGSUNG NGABEDEGA DI HAREUPEUN NI UMBARA, BARI


ANGKARIBUNG KU BABAWAAN, LOBA MÉH NUTUPAN AWAKNA.

HARAK
Uing ni… !! beurat ku babawaan jadi rada lila ni…!!

NI UMBARA
Uluh uluh uluh… Harakkk… keur naon barang bawa sakitu lobana..? can tangtu kapaké.. Lebar
mubadzir…

HARAK
Naha..? teu meunang ni…?!

NI UMBARA
Lain teu meunang bageur… ulah sarakah.. sakamampu urang wéh barang bawa mah.. bisi cilaka
ku babawaan sorang…

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 16


HARAK
Heuhhh uing mah….!!

NI UMBARA
Geus sok diuk heula didinya…
Uluhhh éta si Baran… mawa naon éta téh..?

BARAN
Ieu ni… tah ieu téh ngarana… Sapatu Roda ni.. barudak di kotamah méh kabéh raresepeun ka
ieu sapatu roda… tah kieu cara makéna ni… (Maké sapatu roda laju nagtung, maju saeutik
labuh)

SARÉRÉA SURAK NGÉKÉAK SI BARAN.

NI UMBARA
Héhéhéh… Baran.. baran… ulah sok tuturuti, mangfaat keur batur can tangtu mangfaat keu
urang… Karuhan di kota mah da jalanna ogé laleucir, ari di dieu..? jalan rarenjul…

BARAN
Jadi teu meunang ni…?!!

NI UMBARA
Lain teu meunang Baran… Hirupmah ulah Panas Baranan, batur boga nu kitu, hayang boga nu
kitu… Mangfaat keur batur can tangtu mangfaat keur urang….

AURA
Ni nini.. uing pantes teu maké baju nu kieu…?

NI UMBARA
Gusti nu angung Auraaa… baju nanahaon éta…?!

AURA
Ieu téh baju gaul nini.. di ditumah keur ngetrénd papakean nu kieu téh… pararantes téh ni..

NI UMBARA
Ihhh… ulah sok tuturuti, pantés keur batur can tangtu pantés keur urang… jeung deui
papakéan nanahaon éta mani sagala katémbong handap nyingsat luhur pungsat… Aurat
kamana mendi… kudu ditutupan bageur aurat téh…

GIBA
Hahahahaha…. Ari baturmah maké baju kitu da mémang pantes.. beungeut geulis, kulit bodas
ngalémpéréng.. ieuna kieu… ieuna kieu… seksiiii… ari manéh..? keur goréng patut téh hideung
deuih… hahahah kuriak disebut nu éblég…. hahahah

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 17


SARÉRÉA SEURI, KI UMBARA NYAMPEURKEUN

KI UMBARA
Meungeus ah…. Montong sok ngomongkeun batur pamali…

GIBA
Lain ngomongkeun ki.. ieumah da kanyataan…

KI UMBARA
Heueuh kanyataan… tapi angger ulah togmol teuing bisi batur nyerieun haté.. cukup di jero
haté sorangan wéh… ulah di uar-uar ka batur… yeuh kieu cenah… nguar-nguar kagoréngan
batur sorangan téh lir ibarat ngadahar daging bangké… hiiiii….

SARÉRÉA MURINGIS, AYA OGÉ NU UUOO RÉK UTAH

KI UMBARA
Ari Mutma…! Naha anjeunmah geuning teu angkaribung babawaan jiga nu lian…? Kunaon..?

MUTMA
Ah Aki… karidu-ridu babawaan, kabeurat-beurat da sagalana ogé ngan ukur Cangkangna..
kuringmah mawa sotéh saripatina nu hampang dibabawa… Ari ti ditu mah sarua Kuring ogé
ridu ku babawaan, tapi sabot dijalan kuring papanggih jeung batur nu leuwih ngabutuhkeun
nya dibagikeun wéh.. nu antukna kuring mah ngan mawa saripatina wungkul…

KI UMBARA
Hadé pamadegan téh… ngan kahadé, kudu dibarengan ku Kaikhlasan, katawakalan, karidhoan,
jeung rasa syukur ngarah éta saripati bisa manfaat keur diri sorangan kitu deui keur batur..
sangkan jadi Mutmainah Héhé.. jeung omat ulah sok dibéja-béja ari nyieun kahadéan téh..

NI UMBARA
Meunggeus Aki.. sok angger ari nanaon téh.. ulah diajak ngobrol waé.. sina ngarampih,
beberesih, sina geura arasup ka saung réyod…

KI UMBARA
Héhéhé… heueuh sok Utun, Inji.. geura ngarampih kaditu…

NI UMBARA
Utun.. Inji.. geura ngarampih, geura bebersih, karunya itu Saung réyod geus lila kosong teuaya
nu ngengonan.. da maranéh jarongjon teuing arulin…

SAKABÉH BUDAK CENGKAT TING GARAJLENG KU KARAKTERNA SÉWANG-SÉWANGAN ASUP


KA SAUNG RÉYOD. DUA URANG BUDAK KALAH SILIH GAPLOK, SILIH HOAK PASÉA.

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 18


KANI
Goblog siah..!!! dasar jail.. mantak naon atuh jalan kaditu da lega jalan téh…

JAIL
Horéam ah jauh.. mending ka dieu…

KANI
Atuh Aing kahalangan liwat…?!

JAIL
Manéh nu ngahalangan jalan déwék…!! Pan titadi ogé déwék nu di hareup….!! Manéh nyorobot
jalan déwék…!! Nyingkah siah….!!

KANI
Goblog siah….!!! Sia nu nyingkah Juriggg…!!!

JAIL
Manéh….!!!

KANI
Siaaaa….!!!

NI UMBARA
Aduhhhh… Jail, Kani… montong paraséa atuh…

JAIL
Da si étana atuda salah…

KANI
Sia nu salah Jurig…!!

NI UMBARA
Meunggeus.. meunggeus… Heup.. montong sok parebut bebeneran… bari can karuhan.. ulah
sok hayang bener sorangan, babari pisan nyalahkeun batur… sing akur jail.. kani..… sing
héman….

KI UMBARA
NGAHARIRING

Kudu Akur da Jeung Batur, Kudu Nyaah ka Sasama


Sangkan Hirup Jadi Subur, Sangkan Hurip teu Sangsara

Hirup Jail Kaniyaya, Mawa dirina Cilaka


Dijauhan ku Sasama, Leungit Batur Jeung Baraya

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 19


Amis Budi Jeung Tatanga, Héman Nyaah Ka Sasama
Sangkan Hirup Loba Dulur, Deungeun-Deungeun Jadi Baraya

NI UMBARA
Haneuteun deui Aki.. Saung Réyod téh… Hanteu Suwung…

TEU SAWATARA LILA PRINCÉS NOROJOL

PRINCÉS
Aki, nini.. geus aya di dieu geuning…?

KI UMBARA
Aéh aéh aéh… geuning karék jol, timana heula nyai..? Naha bét kapiheulaan ku Aki…?

PRINCÉS
Ah.. nya éta téa atuh aki, loba sumpang-simpang, méh unggal parapatan diampiran…

KI UMBARA
Nu matak ulah loba teuing sumpang simpang atuh… Kudu Fokus ari migawé hiji pagawéan téh,
ngarah téréh anggeus…

PRINCÉS
Muhun Aki.. kaduhung Princés ogé…

NI UMBARA
Geus lain waktuna keur kaduhung nyai… geus elat… tuh geus rék magrib…

PRINCÉS
Duhhh… kumaha atuh ieu téh,..? can sasayagaan deuih….

NGUDUPRUK, SUJUD. TOROJOL UTUN DATANG

UTUN
Tanghiiiii………. Tanghiiiii……… tanghiiiii euyyyy…. Ulah talibra teuing…!!!

NI UMBARA
Ari hidep keur nanaona sujang…?!

UTUN
Aéhhh nini… keur ngaronda ni, ngingetan batur sangkan ulah talibra teuing…

NI UMBARA
Héhé… sujang sujang… hayoh wéh ngingetan batur, ari hidep kumaha….?

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 20


UTUN
Naha kumaha kitu ni…??

KI UMBARA
Hirup méakeun waktu keur ngingetan batur, tapi anjeun poho kana diri sorangan… saéstuna
naon rupa hal anu diucapkeun ka batur kudunamah keur ngageuingkeun diri sorangan, lain
keur batur wungkul…. Ngélmu Ajug nu kitu téh ujang…

UTUN
Aéhhh heueuh nya… kakarak nyadar uing ki…

KI UMBARA
Geus lain waktuna ujang…

UTUN
Geus magrib..?

KI UMBARA
Sakeuseung deui…

UTUN
Aduhhhh… kumaha atuh, jabaning can beberesih deuih…

NGUDUPRUK SUJUD. TOROJOL AMAR DATANG BARI ANGKARIBUNG

KI UMBARA
Éta éta ki silah masih kénéh ngagugulung nu kitu…?

AMAR
Kumaha Déwék baé atuh Ki…, ulah sok geureuhan ari jadi jelema téh.., hirup hirup déwék nya
kumaha déwék…

KI UMBARA
Heueuh.. hirup Ki Silah, sagala rupa nu dipigawé ku ki silah bakal balik deui ka ki silah, amal
kisilah keur ki silah, pon kitu deui dosa ki silah… keur ki silah, kudu dipertanggung jawabkeun
sorangan…. Geus siap mertanggung jawabkeunana..?

AMAR
Boro-boro ki, acan bisa dibenahan kénéh puguh ieu tambang na ogé…

KI UMBARA
Hemmmm… geus kaliwat waktu na ogé ki silah….

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 21


AMAR
Kutan…?

AMAR NGUDUPRUK, SUJUD

NI UMBARA
Aéh aéh aéh… ku naon ieu jalma téh, kadonkah ting jarongkéng didieu….?

KI UMBARA
Keun baé antep ni… Alukanmah gera gentraan deui, asa can daratang kabeh lin barudak téh..?

NI UMBARA
Heueuh puguh, rarasaan aya kénéh nu kurang…
Utun…. Injiiiii….. geura baralik geus rék magrib, ulah jongjon teuing arulin téh… hiyap bageur
geura ngarampih…. Geura beberesih, ulah lila teuing diantep kosong ieu saung réyod… geura
ngarampih Utun, Injiii….

KI UMBARA
Ceukenggé Kurang Jerooo nini.. kurang jeroooo, moal kadéngéeun…. Sok sakali deui geura

NI UMBARA
Utun…. Injiiiii….. geura baralik geus rék magrib, ulah jongjon teuing arulintéh… hiyap bageur
geura ngarampih…. Geura beberesih, ulah lila teuing diantep kosong ieu saung réyod… geura
ngarampih Utun, Injiii….

DADAK SAKALA KADÉNGÉ SORA-SORA NU ANÉH, DIBARUNG KU ANGIN NGAGURUH,


CAHAYA-CAHAYA PATING BELESAT NEUMBRAG KANA NAON BAÉ NU AYA DI ÉTA TEMPAT,
SABABARAHA CAHAYA AYA NU KEUNA KA AWAKNA UTUN, AMAR JEUNG PRINCÉS,
NGALEUNGIT KABAWA KU CAHAYA ASUP KA SAUNG RÉYOD, NINI JEUNG AKI UMBARA
NANGTUNG PATARÉMA LEUNGEUN, BARI TERUS NGAGENTRAAN BEUKI LILA SORA NINI
JEUNG AKI UMBARA BEUKI KETIR KADÉNGÉNA.

REUP, KAAYAAN JADI SIMPÉ DEUI, SIMPÉ SA SIMPÉ-SIMPÉNA, LEUWIH SIMPÉ TI KAAYAAN
MIMITI. AKI JEUNG NINI UMBARA DIUK ANDIPREK BARI SILIH RANGKUL, DINA LEUNGEUNA
TEUWELÉH NGAGANTÉL CEMPOR. TOROJOL DATANG BUDAK ANGON, MAMAWA PECUT
DINA LEUNGEUN KENCANA, SABEULAH DEUI MAWA CEMPOR ANU RADA BADAG.

BUDAK ANGON
Aki… nini hayu geus wancina mulang….

KI UMBARA
Aéh aéh aéh… mulang kamana deui..?

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 22


BUDAK ANGON
Mulang ka sisi gawir magrib, nuju ka lembeur singkur banjar karang pamidangan, nagari
tunjung sampurna….

NI UMBARA
Aéh heueuh..

BUDAK ANGON
Geus siap Nini, Aki…?

NI UMBARA
Siap teu siap nya kudu siap da geus kitu kuduna…

KI UMBARA
Manusamah moal salilana hirup di alam pangumbaraan…

NI UMBARA
Mun wancinana geus datang nya kudu mulang….

AKI JEUNG NINI UMBARA LALEUMPANG DIIRINGKEUN KU BUDAK ANGON BARI


NGAGENTRAAN

BUDAK ANGON
Héyyyy…. Hayu mulang geus magrib, ulah jarongjon teuing héyy…!!!

NI UMBARA
Utun…. Injiiiii….. geura baralik geus magrib, ulah jongjon teuing arulintéh… hiyap bageur geura
ngarampih…. Geura beberesih, ulah lila teuing diantep kosong ieu saung réyod… geura
ngarampih Utun, Injiii….

KI UMBARA
Kurang Jerooo nini, cing karasa, ulah ukur ka raga…

NI UMBARA
Utun…. Injiiiii….. geura baralik geus magrib, ulah jongjon teuing arulin téh… hiyap bageur geura
ngarampih…. Geura beberesih, ulah lila teuing diantep kosong ieu saung réyod… geura
ngarampih Utun, Injiii….

KI UMBARA
Kumaha, geus karasa…?

BUDAK ANGON
Har naha bet nanya ka kuring,… éta aki kumaha geus karasa…?

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 23


KI UMBARA
Sakali deui geura ni….

NI UMBARA
Utun…. Injiiiii….. geura baralik geus magrib, ulah jongjon teuing hirup… hiyap bageur geura
ngarampih…. Geura ngaberesihkeun diri, ulah lila teuing diantep kosong éta raga… geura
ngarampih batinnnn….

NGONG SORA ADZAN, DITUTURKEUN KU SORA TAHLIL

Lampu Pareum Lalunan

===RÉNGSÉ===

Subuh, Basisir Laut Kalér Subang


13 Séptémber 2017
Ayi G. Sasmita

Drama Sunda “WANCI” Ayi G. Sasmita Page 24

You might also like