You are on page 1of 3

Biantara Paturay Tineung ti wawakil kelas VI

Asalamualaikum waroh matulohi wabarokatuh.

Puji sineung sukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Gusti

Nu maha suci. ku lungsurna rahmat sareng karunia Anjeunna,dina

dinten ieu urang tiasa patepung lawung paampok jongkok dina

acara Paturay Tineung SDN pasir Pogor.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka rerencangan

Sakelas anu parantos maparin kapercanteunan ka sim kuring kanggo

sasareungana dina ieu acara.

Parahadirin hormateun sim kuring.

Mungguh ari waktos heunteu karaos nyelerekna teh. Asa Kamari

sim kuring saparakanca lebet janten murid di ieu sakaola Ayeuna

tos kedah ngantunkeun deui ieu sakola. padahal genep taun teh sanes

waktos anu sakedep. genep taun sasarengan, diaping sareng dijaring

waktos anu sakedep. Genep taun sim kuring saparakanca dipaparin

rupi-rupi elmu sareng kaparigeulan ,pibeukeuleun sim kuring


saparakanca kanggo nereskeun sakola ka tingkat anu langkung luhur.

Kiwari canduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah.

Aya kabingahan sareng kasedih gumulung jadi hiji.

Bingahna, sim kuring saparakanca tos tiasa lulus diajar di ieu sakola.

Ari saedihna, sim kuring saparakanca kedah ngahatunkeun ieu sakola.

Abotna mah kalangkung-langkung kedah ngahatunkeun ieu sakola teh.

Namung kumaha atuh, da sim kuing saparakanca kedah nereskeun

deui ka sakola nu langkung luhur. Ku margi kitu, neda

pidungana ka sadayana supados sim kuring saparakanca tiasa nga

hontal cita-cita sareng tiasa babakti ka lemah cai, bangsa, sareng

agama. Rumaos, salami sim kuring saparakanca sakola di dieu, seueur

pisan kaleupatan. Malih sering matak repot sareng jengkel

Ibu miwah Bapa guru . Kukituna sim kuring saparakanca neda

hapunteun. sawangsulna, sim kuring saparakanca heunteu tiasa

males kana kaasean Ibu miwah Bapa guru sadayana.


Teu hilap ka adi-adi kelas, hapunteun Akang sareng teteh , upami

Akang sareng teteh seueur kalepatan , Boh anu karaos Boh

Anu heunteu karaos. Tangtos , Akang sareng Teteh oge

Ngahapunteun kana kalepatan adi-adi sadayana.

Dugakeun Akang sareng Teteh, supados lungsur-

Langsar dina diajar di sakola anu langkung luhur.

Kitu deui Akang sareng Teteh ngadungakeun sangkan

Jadi Adi-Adi tiasa langkung sae sarenng piinter ti Akang

Sareng Teteh.

Parahadirin hormateun sim kuring.

Tugas B.Sunda
Nama; Regina Samahir Izzatunissa
Kelas;VI A
NO absen; 0,19.

You might also like