You are on page 1of 2

DIAJAR NEMBANG

Murid kelas dua keur diajar pupuh. Ku Ibu Guru dicontoan, terus diturutan ku sakabéh
murid. Geura regepkeun. Pupuh na téh pucung.

Utamana jalma kudu réa batur,


keur silih tulungan,
silih titipkeun nya diri,
budi akal lantaran ti pada jalma.

Cukup dicontoan tilu balikan. Sakabéh murid geus bisaeun nembangkeun éta pupuh. Palinter
geunuing murid kelas dua téh.
“Kudu kumaha urang dina hirup téh?” Ibu Guru naros.
“Kudu réa batur …,” murid ngajawab bareng.
“Enya, kudu réa batur, sangkan urang bisa silih tulungan,” saur Ibu Guru. “Urang téh
kudu bisi silih titipkeun diri, sabab hirup mah teu bisa nyorangan. Bakal kumaha lamun urang
teu boga batur?”
“Bakal moal betah,” témbal Mida.
“Enya. Mun urang teu boga batur, tangtu moal ngarasa betah. Kumaha carana sangkan
urang réa batur”.
“Ulah harak,” témbal Wening.
“Enya. Ulah naon deui?” saur Ibu Guru.
“Ulah sok resep ngaganggu batur,” témbal Rahmat.
“Tah, bener éta ogé. Lamun urang sok ngaganggu batur, tangtu batur téh moal resepeun
ka urang. Ulah naon deui?”.
“Ulah korét,” témbal Gilang.
“Ulah pelit,” témbal Ratna.
“Enya. Korét jeung pelit téh sarua kénéh. Urang kudu béréhan ka batur,” saur Ibu Guru.
“Ari béréhan téh naon, Bu?” Mida nanya.
“Ari béréhan téh henteu korét, henteu pelit. Saha di antara hidep anu korét?” saur Ibu
Guru.
“Henteu abdi mah,” témbal Nurul.
“Abdi ogé henteu,” témbal Ahmad.
“Abdi sok ngajajanan réréncangan,” témbal Mida.
“Abdi ogé sok masihan nambut pamupus,” témbal Imas.
“Pasti atuh. Hidep mah kabéh ogé taya nu korét, taya nu pelit. Jalma nu korét atawa pelit
tangtu bakal dijauhan ku sobat-sobatna,” saur Ibu Guru.
Barudak téh neruskeun diajar nembang. Masih kénéh pupuh pucung, ngan eusina diganti.
Sakur murid resepeun diajar nembang. Geura urang bandungan.

Mida Dami di sakola loba batur,


ulin babarengan,
diajar nya kitu deui,
maranéhna sok mindeng silih anjangan.

Ngajawab Pananya

Pék ku hidep jawab !


1. Keur diajar naon murid kelas dua téh?
2. Ku saha dicontoan nana?
3. Kudu kumaha urang hirup téh?
4. Bakal kumaha mun urang teu boga batur?
5. Kumaha carana sangkan urang réa batur?
6. Naon anu dimaksud béréhan téh?
7. Naon sababna urang kudu béréhan?
8. Pék itung ku hidep, pupuh pucung téh aya sabaraha jajar?

You might also like