You are on page 1of 1

TEKS BIANTARA

Bismillahirrahmanirrahim,
Assalamualaikum wr.wb.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun hatur nuhun ka pihak panitia anu parantos
masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu
biantara aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tata kramana.
Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru, katut para sepuh nu hadir di ieu tempat,
kitu deui sakumna rerencangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas genep, tipayun mangga urang sasarengan
nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah SWT., reh maparinan taufik sareng hidayah-Na,
dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina sehat wal afiat. Pamugi ka kasumpingan urang
sadaya kenging ridho ti Allah SWT.
Solawat sinareng kasalametan mugia dilelerkeun ka jungjungan urang sdaya Nabi
Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka
terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urnag sadaya kalebet umat anu taat kana
ajaran mantenna.
Bapa/Ibu Guru, sareng rerencangan sakola anu dipikacinta.
Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep, seja ngadugikeun katineung, kadalisan dina
raraga paturay tineung. Bapa sinareng Ibu Guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang
mangsa, teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu
teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yen salami genep
taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareung
pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda hapuntenna tina
samudayaning kalepatan.
Kalih ti eta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun
diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi- adi sadaya nu masih keneh aya di
bangku sakola, mugi sing getol diajar,s areng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru.
Kitu oge ka almamater urang sadaya, mugia sakola sing langkung nanjeur ku prestasi-
prestasina katut pangeusina diharepkeun sing tiasa ngajagi ngaran ieu sakola.
Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.
Sakitu biantara ti sim kuring, mung sakitu anu kasuhun. Ieu biantara bade dipungkas wae ku
sisindiran:
Saninten buah saninten
dipilih di parapatan
Hapunten abdi hapunten
bilih seueur kalepatan
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalamualaikum wr.wb.

You might also like