You are on page 1of 2

Nama: Hanif Al Farizki

Kelas: XIK4
Absen: 11

1. Maca Téks Biantara


Ieu di handap aya naskah biantara Pamapag Kongr és Basa Sunda (KBS) ka-IX anu didugikeun ku
Bapa Dr. (H.C.) H. Ahmad Heryawan, Lc., M. Si. (Gubernur Jawa Barat 2013-2018). Pék ayeuna baca ku
hidep sing bedas, catet kekecapan anu hésé, tuluy paluruh hartina dina kamus!

Pamapag Gubernur Jawa Barat


Bismillahirrohmanirrohim
Assalamualaikum Wr. Wb.,
Sampurasun,
Puji sinareng sukur salawasna mung kagungan Gusti Allah nu Maha Welas ogé Maha Asih, kalayan
Rahmat sareng inayahna, alhamdulilah dina taun 2011 ayeuna tiasa lumangsung kongrés Basa Sunda IX.
Teu kendat sadaya sukur urang sanggakeun ka Mantenna anu parantos maparin mangpirang-pirang
kani’matan mangrupi kajembaran kabudayaan.
Dina ieu kasempatan, sim kuring ngaraos bingah taya papadana tiasa kempel ngariung silaturahmi
sareng para wargi sadaya anu sami-sami kagungan kareueus tur kahéman kana kabudayaan Sunda.
Salasawios unsur budaya nu janten udagan urang saréréa nya éta basa, basa Sunda dipidamba ku urang
salaku basa indung mangrupa cicirén bangsa kanggo nanjungkeun kaluhungan budaya urang di ranah
nasional. Ku kituna simkuring umajak ka para wargi sadayana kanggo miara tur ngamumulé basa Sunda, di
antarana ngalangkungan tarékah dilarapkeunna basa Sunda dina kahirupan sapopoé di masarakat Sunda
kiwari, aplikasina dilarapkeun dina sagala widang saperti widang atikan, kaséhatan, pertanian, ilmu bumi,
psikologi, jeung nu lianna. Dipiharep tarékah kitu téh tiasa ngabantos kana pangwangunan Pemerintah
Provinsi Jawa Barat nu kaunggel dina peraturan Daérah No. 5 Taun 2003 ngeunaan miara basa, sastra,
jeung aksara daérah.
Ku ayana akselerasi (percepatan) di sagala widang, tiasa dijantenkeun pamecut kanggo nanjeurkeun
kabudayaan hususna dina widang basa, sastra, jeung aksara daérah, nembongkeun préstasi enggoning
ngahirup-huripkeun, miara tur ngamumulé basa katut budaya Sunda.
Sim kuring miharep, ku dilaksanakeuna kongrés ieu bakal numuwuhkeun rasa cinta kana kabudayaan
Sunda anu salajengna bakal maparin pangaruh kanggo mageuhan kabudayaan nasional. Hal ieu tumali
sareng téma kongrés ayeuna nya éta “Ngamumulé basa mageuhan jatidiri bangsa”. Dina ngalaksanakeun
pangwangunan diperyogikeun upaya silih rojong ti sadaya pihak, hal ieu mangrupi kawajiban urang
saréréa, lain ngan ukur kawajiban pihak pamaréntah.
Sim kuring ngawilujengkeun kanggo para wargi sadaya, mudah-mudahan kagiatan kongrés ieu bakal
tiasa ngungkab rupa-rupa tarékah, kumaha sangkan basa Sunda tetep dipikacinta, dipiara tur dipaké ku
masarakatna dina kahirupan sapopoé, geusan mageuhan tatapakan kahirupan budaya nasional Indonésia.
Wabillahi taufik wal hidayah
Wassalamualaikum Wr. Wb.

Bandung, 1 Juli 2011


Gubernur Jawa Barat,

Dr. (H.C.) H. Ahmad Heryawan, Lc., M. Si.


Dicutat tina majalah Cupumanik
No. 97-98 Taun IX No. 1-2 Agustus-Séptémber 2011, kaca 12-13.

PANCÉN MANDIRI 1 (NYANGKEM EUSI BIANTARA)


Jawab pananya ieu di handap!
1. Naon jejerna biantara di luhur téh?
- Pamapag Gubernur JawaBarat

2. Kumaha tarékah ngamumulé basa Sunda numutkeun Gubernur Jawa Barat téh?
- ngalangkungan tarékah dilarapkeunna basa Sunda dina kahirupan sapopoé di masarakat Sunda
kiwari, aplikasina dilarapkeun dina sagala widang saperti widang atikan, kaséhatan, pertanian, ilmu
bumi, psikologi, jeung nu lianna.

3. Cing tétélakeun eusi Pérda No. 5 taun 2003 téh!


- ngeunaan miara basa, sastra, jeung aksara daérah.

4. Naon pangaruhna ku ayana aksélérasi di sagala widang téh?


tiasa dijantenkeun pamecut kanggo nanjeurkeun kabudayaan hususna dina widang basa, sastra, jeung
aksara daérah, nembongkeun préstasi enggoning ngahirup-huripkeun, miara tur ngamumulé basa katut
budaya Sunda

5. Naon waé harepan Gubernur Jawa Barat ku ayana Kongrés Basa Sunda ka-IX téh?
- bakal numuwuhkeun rasa cinta kana kabudayaan Sunda anu salajengna bakal maparin pangaruh
kanggo mageuhan kabudayaan nasional

You might also like